NEW
Font size
WorksheetsChallenge Week Grade 7
Total questions: 25
Worksheet time: 13mins
Dina paguneman, fungsi utama maké tatakrama basa nyaéta…
Supaya obrolan leuwih panjang
Supaya ngobrol jadi lucu
Supaya nu ngobrol silih hormat jeung silih ajénan
Supaya basa leuwih hésé dipahaman
Upama urang ngobrol jeung guru, basa nu paling hade dipaké nyaéta…
Basa kasar pikeun akrab
Basa loma atawa hormat
Basa campuran asing
Basa pondok supaya gancang réngsé
Lamun aya batur nyarita tanpa tatakrama basa, kasimpulan nu paling luyu nyaéta…
Éta jalma teu bisa basa Sunda
Éta jalma henteu ngajénan nu diajak ngobrol
Éta jalma pasti lucu
Éta jalma teu boga tujuan ngobrol
Arini : Tepangkeun, wasta pun Arini. Nenehna Arin.
Ara : Pami abdi mah Ara. Salam wanoh, Arin.
Arini : Dupi Ara linggih dimana?
Ara : Abdi linggih di Cijambe. Pami Arin?
Arini : Abdi mah di Arcamanik. Ara di kelas mana?
Ara : Abdi di kelas Chieftain.
Arini : Atuh kitu mah sakelas sareng abdi. Yu ah urang lebet ka kelas bilih kabujeng lebet.
Ara : Muhun, hayu, Arin.
Nilik kana paguneman di luhur, naha Arini jeung Ara maké basa hormat?
Sabab maranéhna babaturan lila
Sabab maranéhna can wanoh
Sabab maranéhna dulur
Sabab maranéhna guru
Rafi : Bu Nita, punten abdi neda widi bade ka jamban.
Bu Nita : Muhun mangga, Rafi. Ulah lami, nya!
Rafi : Mangga, Bu. Hatur nuhun.
Bu Nita : Kumaha, barudak aya patarosan dina materi dongeng ieu?
Fariel : Aya, Bu. Punten abdi kirang ngartos pami pamohalan dina dongeng teh kumaha maksadna.
Bu Nita : Pamohalan teh maksadna henteu asup akal.
Dina paguneman di luhur, Rafi nyebut "puntén abdi neda widi…" ieu nunjukkeun yén anjeunna…
Ngadagoan diancam ku guru
Nunjukkeun rasa hormat ka nu leuwih sepuh
Teu wani nyarita biasa
Maksa ijin sanajan teu perlu
Upama paguneman dilakukeun di tempat formal, basa nu paling merenah nyaéta…
basa hormat
basa kasar
basa gaul
basa campur teu runtut
Dina aturan tatakrama basa, hal anu kudu diperhatikeun nyaéta…
Saha anu nyarita, saha anu diajak ngobrol, jeung kaayaan
Warna baju jeung umur
Tempat jeung cuaca
Buku ajar jeung musik
Aya siswa nu ngobrol kasar ka guru dina kelas. Lamun anjeun janten pamimpin kelas, sikap paling hade nyaéta…
Ngadukung lantaran akrab
Ngantepkeun
Ngélingan kalayan basa sopan
Ngabales maké basa kasar
Dialog dina paguneman teu kudu panjang, tapi kudu…
Jelas, sopan, jeung luyu jeung konteks
Ramé jeung loba guyonan
Diulang-ulang supaya panjang
Maké basa campuran
Rafi : Bu Nita, punten abdi neda widi bade ka jamban.
Bu Nita : Muhun mangga, Rafi. Ulah lami, nya!
Rafi : Mangga, Bu. Hatur nuhun.
Bu Nita : Kumaha, barudak aya patarosan dina materi dongeng ieu?
Fariel : Aya, Bu. Punten abdi kirang ngartos pami pamohalan dina dongeng teh kumaha maksadna.
Bu Nita : Pamohalan teh maksadna henteu asup akal.
Upama anjeun kudu ngarobah paguneman jadi gaya basa loma, hal pangpentingna nyaéta…
Ngarobah tokoh jeung eusina
Nyingkahan basa hormat tanpa ngaruksak makna
Ngarobah paguneman jadi lelucon
Ngaleungitkeun kecap sapaan
Dongéng nu eusina nyaritakeun asal-usul atawa asal muasal hiji kajadian hiji perkara (tempat, sasatoan, tutuwuhan jeung sajabana) disebut....
dongéng fabel
dongéng sasakala/legenda
dongéng parabel
dongéng babad
Pangna dongéng kaasup karya anu anonim téh sabab ....
kapanggih pangarangna
teu kapanggih pangarangna
loba pangarangna
loba palakuna
Nu ngabédakeun antara dongéng jeung carita pondok téh nya éta dongeng mah ....
eusina loba pamohalanna
kapanggih pangarangna
palakuna saeutik
eusina réalita kahirupan
Hal nu jadi jejer carita atawa topik utama dina dongéng disebut ....
amanat
latar
téma
palaku
Amanat téh nya éta hal anu hayang ditepikeun ku ... dina jero karyana.
nu maca
pangarang
nu ngadéngékeun
penerbit
Nu nétélakeun kasang tukang tempat jeung waktu lumangsungna carita dian dongéng disebut....
téma
palaku
amanat
latar
Palaku nu mibanda sifat hadé disebut....
antagonis
protagonis
utama
tambahan
Dongéng-dongéng ngeunaan si Kabayan kaasup kana dongéng ....
fabel
legenda
parabel
sasakala
Sireum jeung Japati
Aya sireum rek nginum di sisi walungan. Keur ngarayap ka handap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay ka sisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ”Tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret ka handap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hiber bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun ku japati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita ti kajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan.
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”Heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hiber.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”Ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Eusi inti tina dongeng "Sireum jeung Japati" nyaéta...
Kumaha caritana japati meunangkeun kadaharan.
Pentingna babagi kadaharan jeung sasama.
Pentingna silih tulungan dina kaayaan bahaya.
Bahaya lamun cicing deukeut walungan.
Sireum jeung Japati
Aya sireum rek nginum di sisi walungan. Keur ngarayap ka handap, manehna tisoledat. Pluk ragrag kana cai. Hadena caina rada ngeuyeumbeu pelebah dinya mah. Tapi keukeuh bae ari ngojay ka sisi mah manehna teu bisaeun. Sireum gegeroan, ”Tulung, tulung, ieu kuring rek tikerelep, tulungan..!”
Kabeneran aya japati keur cindeten dina dahan kai anu nyodor kaluhureun cai. Kadengeun aya sireum gegeroan menta tulung. Barang ngareret ka handap, katenjoeun sireum keur kokosehan. Japati karunyaeun, geleber hiber bari ngegel daun salambar.
Song diasongkeun daun teh kahareupeun sireum. Sireum tuluy muntang kana daun. Daun ku japati dibawa ka darat. Sok digolerkeun kana taneuh. Sireum pohara nganuhunkeunana ka japati anu geus ngaleupaskeun manehanana dina bahaya.
Dina hiji mangsa japati teh cindeten deui dina dahan kai anu nyodor ka walungan tea. Sireum anu baheula ditulungan ku manehna oge kabeneran aya dihandapeun tangkal. Harita ti kajauhan aya paninggaran nyampeurkeun leumpangna keketeyepan.
Teu talangke deui buru-buru sireum nyampeurkeun japati bari ngaharewos ka manehna. ”Heh japati, buru-buru geura hibeur, tuh aya paninggaran keur ngintip.” Panigaran geus ngawengkang bedilna. Teu lila, japati buru-buru geleber hiber.
Isukna japati papanggih deui jeung sireum. Ceuk japati: ”Nuhun pisan sakadang sireum, kuring geus ditulungan ku anjeun, leupas tina balai.” Jawab sireum: ”Ari eta mah kapanan kawajiban sarerea, nulungan batur anu rek meunang cilaka, eta wajib. Komo ieu mah kuring ayeuna hirup keneh teh lantaran geus ditulungan ku sampean.”
Naon hubungan antara sireum jeung japati dina carita kasebut?
Jalma asing anu teu wawuh.
Sato anu sok papadu unggal poe.
Sato anu silih dendam.
Sato anu silih bales kahadéan.
Lamun japati teu nulungan sireum waktu keur tikerelep, naon anu bisa kajadian dina bagian ahir dongeng?
Japati moal meunang kadaharan.
Japati bisa ditembak paninggaran sabab teu aya nu ngingetan.
Sireum bakal nulungan japati kalayan cara séjén.
Caritana tetep sarua, moal robah nanaon.
Dumasar kana carita, naon nilai moral anu paling penting anu bisa dicokot ku pamaca?
Silih bales dendam lamun dipahing.
Ulah hiber deukeut paninggaran.
Sabenerna nulungan teh kudu aya pamalesna.
Sakumna mahluk kudu silih tulungan tanpa miharep balesan.
Upama anjeun jadi sireum dina kajadian mimiti, naon anu pangalusna dipigawé sangkan teu aya deui kajadian tikerelep di walungan?
Ulah ulin deukeut walungan deui.
Ngajak sato séjén pikeun ngawasan walungan.
Diajar jeung mikirkeun cara kaamanan supaya leuwih ati-ati.
Ngaharepkeun aya nu nulungan deui lamun kajadian sarua.
Runtuyan kajadian-kajadian nu ngaruntuy ngawangun hiji carita dongéng disbut....
alur
amanat
latar
tokoh
Dongéng sasakala téh nya éta dongéng nu nyaritakeun...
kajadian
asal-usul
jalma biasa
kakuatan gaib
