WorksheetsASAS Ganjil Basa Sunda Kelas VII TA 2025/2026
Total questions: 12
Worksheet time: 30mins
Rék Diajar Internét
AGUS : “Gin, tos bérés PR Basa Sunda ngadamel kliping téh?”
GIGIN : “Acan. Hésé milarina, Gus. Mangkaning anu diklipingkeun téh saur Pa Asép kedah berita anu eusina informasi wisata di tatar Sunda. Ari Agus kumaha, atos?”
AGUS : “Tos bérés Agus mah ti kamari gé.”
GIGIN : “Ti mana Agus kénging koranna?”
AGUS : “Seueur atuh koran mah, Gin. Tiasa milari ka réréncangan anu langganan koran atawa ngiring moto kopi ka perpustakaan.”
GIGIN : “Éh enya nya.”
AGUS : “Tapi teu gampil milari dina koran ogé. Pan saur Pa Asép kedah berita ngeunaan
tempat wisata, barang karajinan, kasenian, atawa kadaharan has Sunda. Tah dina koran téh cenah sesah milarianana sakapeung mah. Tapi aya nu gampil, Gin!”
GIGIN : “Dina naon?”
AGUS : “Dina internét. Yu geura, ayeuna Gigin diajak ka warnét ku Agus, urang diajar online dina internét.”
(Pikeun soal nomer 1-6)
Tina paguneman di luhur, palaku anu ngabogaan sipat getol diajar jeung kréatif nyaéta Agus, buktina dibéréndélkeun (diuraikan) ieu di handap, iwal (kecuali)?
Geus bérés nyieun kliping anu ditugaskeun ku guru Basa Sunda.
Daék néangan matéri pelajaran tina sababaraha sumber pangajaran.
Geus bisa ngagunakeun internét.
Resep online dina internét.
Palaku anu ngedul jeung kurang kréatif dina paguneman di luhur nyaéta Gigin, buktina dibéréndélkeun ieu di handap, iwal (kecuali)?
Hayang diajar online dina internét.
Loba tatanya ka Agus sabab loba nu teu nyahona ngeunaan pangajaran Basa Sunda.
Can dipigawé, geus nyebut hésé kana tugas Basa Sunda.
Can migawé pancén (tugas) ti guru Basa Sunda.
Paguneman di luhur téh lolobana ngagunakeun?
Basa Sunda lemes.
Basa Sunda kasar.
Basa Sunda sedeng.
Basa Sunda jaman baheula.
Kecap-kecap lemes anu kapanggih dina paguneman di luhur nyaéta?
Ngadamel, milari, réréncangan.
Kadaharan, sakapeung, ayeuna.
Hésé, eusina, langganan.
Bérés, acan, kamari.
Tina paguneman di luhur bisa dicindekkeun (disimpulkan) yén (bahwa)?
Tugas kliping basa Sunda téh hésé néanganana.
Matéri pangajaran basa Sunda bisa ditéangan dina buku, koran, jeung internét.
Sangkan (supaya) babari migawé tugas ti sakola, urang kudu langganan koran.
Dina internét mah ngan aya informasi ngeunaan tempat wisata wungkul.
Anu keur ngobrol dina téks paguneman téh aya dua urang, Agus jeung Gigin. Niténan (mengamati) kagiatanana, bisa dicindekkeun (disimpulkan) yén anu dimaksud paguneman téh nyaéta?
Ngariung di kelas bari ngayakeun sawala.
Sawala babarengan di sabudeureun lingkungan sakola.
Ngobrol sosoranganan.
Ngobrol antara dua urang panyatur atawa leuwih bari silih témpas.
Paguneman/percakapan biasana dilakukeun ku?
Saurang
Dua urang
Tilu urang
Leuwih ti saurang
Paguneman dina Telepon
Tabuh 08.30 hapé Léni disada. Bréh! Ngaran sobatna nu ngaran Tati témbong jeung potrétna dina layar, bubuhan geus di save. Hapé android laju diusap.
LÉNI : “Halo! Assalamualaikum ....”
TATI : “Waalaikumsalam. Léni nuju di bumi?”
LÉNI : “Muhun, aya wé di rorompok. Pan bade midamel tugas kelompok téa sanés? Tapi tabuh 13.00, abdi badé ka bumi Nini sareng Mamah.”
TATI : “Matak nelepon heula gé bade ka dinya. Pan urang jangjian kerja kelompokna tabuh 09.00. Ieu Ima sareng Evi gé tos aya ti tabuh. 08.00, ayeuna bade sareng ka bumi Léni”
LÉNI : “Muhun atuh, sok diantos.”
TATI : “Muhun. Tos heula nya, ayeuna mios. Assalamualaikum.”
(Pikeun soal nomer 8-10)
Tina paguneman di luhur, kagambar yén (bahwa) Léni rék kerja kelompok jeung babaturanna. Sabaraha urang jumlah jalma anu sakelompok sareng Léni?
Dua urang
Tilu urang
Opat urang
Lima urang
Tabuh sabaraha Léni jangjian kerja kelompok jeung babaturanna?
08.00
08.30
09.00
13.00
Ti tabuh sabaraha Ima sareng Évi ngantosan di bumi Tati?
08.00
08.30
09.00
13.00
Situ Bagendit
Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar. Éta Nyi Randa téh katelahna (terkenalna) Nyi Endit. Rupana henteu geulis ngan manéhna ngarasa asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna ngan némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus.
Nyi Endit mah tara daék barangbéré ka batur. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi Randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur salembur.
Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta bandana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya baramaén (pengemis) anu ngalanto (datang) ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak (mengusir), nitah jauh ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling.
Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, léngkahan dibarengan ku iteuk (tongkat), pakéanana rudin kuleuheu. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kumawantun. Nyuhunkeun sangu sakedik mah. Lapar aki téh,” ceuk Aki bari siuk dina émpér.
Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, Nyi Endit pohara ambekna. Nyi Endit tutunjuk ngusir bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér buruanna. “Kaditu indit montong datang deui!” bari nitah badegana (pengawal) ngusir aki-aki ti buruanna.
Aki-aki haténa pohara nyerina ngadéngé babasaan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nyaho kamana léosna, tinggal iteukna wé nanceb di buruan Nyi Endit.Tuluy éta iteuk ku Nyi Endit dicabut dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk nu dicecebkeun téh kaluar cai mancer ka luhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwaseunana,sabab cai beuki gedé terus ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianna. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur.
Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Endit ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gémbolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu témbong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai beuki lila jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah (terkenal) Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupatén Garut.
(Pikeun soal nomer 11-19)
Dongéng “Situ Bagendit” di luhur kaasup jenis dongéng?
Fabel
Parabel
Sasakala
Mite
Kunaon Nyi Randa bet dilandian (disebut) Nyi Endit?
Lantaran manéhna bageur.
Lantaran manéhna medit.
Lantaran manéhna beunghar.
Lantaran manéhna randa.
Téma anu kapanggih dina dongéng “Situ Bagendit” nyaéta?
Jalma anu milampah kagoréngan bakal meunang wawales.
Jalma anu medit bakal titeuleum.
Jalma anu medit bakal beunghar.
Jalma anu beunghar bakal loba anu ngabantuan.
Waktu kadatangan aki-aki begéng bari lapar, kumaha sikep Nyi Endit?
Karunyaeun
Sedih
Ambek
Bungah
Pangajaran naon nu kapanggih dina dongéng Nyi Endit téh?
Ulah korét jeung kudu daék nulungan ka batur.
Lamun hayang beunghar kudu getol digawé.
Kudu bageur kanu baramaén (pengemis).
Kudu gaul jeung tatangga.
Di mana ayana Situ Bagendit téh?
Tempat matuhna Nyi Endit.
Kabupatén Garut.
Tempat kajadianana aki-aki diusir ku Nyi Endit.
Tempat ngaburialna cai tina iteuk.
Hal pamohalan (teu asup akal) naon anu aya dina dongéng “Situ Bagendit”?
Aya jalma medit tara tutulung ka nu susah.
Aki-aki leumpangna make iteuk.
Jalma beunghar anu boga perhiasan emas jeung berlian.
Cai kaluar tina iteuk nepi ka jadi situ.
Dina paragraf ka sabaraha Nyi Endit kadatangan aki-aki baramaén (pengemis)?
Ka opat
Ka lima
Ka genep
Ka tujuh
Dina paragraf ka sabaraha Nyi Endit meunang wawales/karma tina kalakuanana?
Paragraf ka 3 jeung ka 4
Paragraf ka 4 jeung ka 5
Paragraf ka 5 jeung ka 6
Paragraf ka 6 jeung ka 7
Pépéling
Hayu geura saradia
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun téa
Di ahir moal sulaya
_______________________
Gening maot ngadodoho
Boro sok dipoho-poho
Datangna teu méré nyaho
Ngageretak taya témpo
_______________________
Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Dimana ajal geus sumping
Teu meunang témpo anaking
_______________________
Horéng nyawa reujeung badan,
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa pipisahan,
Paturay tineung amitan
_______________________
Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabéh pasti ngarandapan
Gening awak urang pisan
(Pikeun soal nomer 20-22)
Dina sapadana diwangun ku sabaraha padalisan pupujian “Pépéling” di luhur?
4 pada
5 pada
4 padalisan
20 padalisan
Naon maksud ungkara “Taya beurang taya peuting, taya raja taya kuring” dina pupujian Pépéling di luhur?
Lamun geus maot moal aya beurang, moal aya peuting.
Lamun geus maot moal aya raja, moal aya kuring.
Maot datangna iraha waé jeung ka saha waé.
Maot datangna beurang jeung peuting.
Naon anu pasti bakal karandapan (dirasakan) ku unggal jalma téh?
Teu meunang témpo anaking.
Di ahir moal sulaya.
Datangna beurang jeung peuting.
Nyawa reujeung badan bakal pipisahan.
(1) Ibadah ulah campoléh
(2) Bisina kaburu paéh
(3) Éling-éling dulur kabéh
(4) Beurang peuting ulah wéléh
Susunan pupujian di luhur sangkan jadi pupujian nu merenah nya éta?
3-2-4-1
3-1-4-2
3-4-1-2
3-1-2-4
Babawaan ka Alam Kubur
Anu ngocor ka alam kubur
Tilu dina hadist Rosul
Hiji sodaqoh jariyah
Sarta ihlas karna Allah
_____________________
Dua gaduh élmu mangpaat
Sarta dialap mangpaat
Tilu gaduh putra nu soléh
Ngadu’akeun teu weléh-weléh
(Pikeun soal nomer 24-25)
Pupujian di luhur kaasup kana jenis pupujian anu eusina?
Muji ka Gusti Allah
Solawat ka Kanjeng Nabi
Ajaran agama
Pépéling (peringatan)
Di mana biasana pupujian mindeng kadéngé dinadomkeun (dilagukeun)?
Dina riungan kulawarga jeung tatangga.
Dina upacara kaagamaan boh di désa boh di kota.
Dina acara-acara resmi perlombaan.
Di madrasah/masjid bari ngadagoan solat berjamaah.
Céntang (céklis) ungkara (pernyataan) anu kaasup kana ciri-ciri dongéng!
Sumebar sacara lisan
✓
Témana ngeunaan kahirupan raja
X
Ngandung unsur pamohalan
✓
Anonim/teu aya nu ngarangna
✓
Tangtukeun bener/salahna ungkara (pernyataan) ngeunaan dongéng di handap!
Dongéng fabél nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeung mah sok mahiwal, pikaseurieun, tapi lenyepaneun.
Salah
Dongéng sagé nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun kajadian anu aya patalina jeung sajarah.
Bener
Dongéng mite nyaéta dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana hal-hal goib.
Bener
Tangtukeun bener/salahna ungkara (pernyataan) ngeunaan dongéng di handap!
Conto dongéng parabél: Si Kabayan
Bener
Conto dongéng sagé: Nyi Roro Kidul
Salah
Conto dongéng mite: Radén Kian Santang
Salah
Céntang (céklis) ungkara (pernyataan) anu kaasup kana dongéng fabél!
Situ Bagendit
X
Sireum jeung Japati
✓
Kuya jeung Monyét
✓
Sakadang Peucang jeung Maung
✓
Tangtukeun bener/salahna ungkara (pernyataan) ngeunaan dongéng di handap!
Unsur pamohalan mangrupa hal anu asup akal dina dongéng.
Salah
Biasana latar waktu jeung tempat dina dongéng digambarkeun jelas jiga (di Bandung taun 1900-an).
Salah
Dongéng anu nyaritakeun asal-usul hiji tempat disebut dongéng sasakala.
Bener
Tokoh Si Kabayan kaasup kana dongéng sagé sabab kaasup kana tokoh sajarah.
Salah
