Font size
WorksheetsSOAL ASAS BAHASA SUNDA KELAS 8
Total questions: 13
Worksheet time: 3hrs 34mins
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 1 nepi ka No. 7
Manuk Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak méga bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung perténtang taya bandingannana
Dipikagimir dipikasérab ku sasama
Taya karempan kasieun lébér wawanénna
Manuk Dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonésia Jaya
Manuk Dadali pangkakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabéhna
Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis béla pati
Manuk Dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di nagara Indonésia
1. Téks “Manuk Dadali” kaasup kana rumpaka kawih, sabab éta téks téh kaasup...
A. Puisi anu dibacakeun
B. Puisi anu dilagukeun
C. Puisi anu didéklamasikeun
D. Puisi anu didramakeun
2. Téma kawih di luhur nyaéta...
A. Réligius
B. Sosial
C. Pendidikan
D. Nasionalisme
3. Pada (bait) ka-1 dina rumpaka kawih “Manuk Dadali” ngagambarkeun...
A. Bangsa Indonésia anu hayang ngapung luhur nyusul batur nu geus ngapung ti heula
B. Bangsa Indonésia anu resep ngukut manuk Dadali pikeun diadukeun jeung nu lian
C. Bangsa Indonésia anu mimiti hudang sarta sadar kudu bisa ngapung kawas manuk Dadali
D. Bangsa Indonésia anu hayang maju ku cara tandang makalangan dina sagala widang (bidang)
4. Rasa anu kapanggih dina kawih “Manuk Dadali” nyaéta dijelaskeun ieu di handap, iwal (kecuali)...
A. Rasa gumbira miboga lambang nagara Indonésia.
B. Rasa keuheul sabab masih kénéh aya anu nganggap énténg ka bangsa urang.
C. Rasa reueus (bangga) jadi urang Sunda bagian tina masarakat Indonésia.
D. Rasa sumanget gotong royong ngawujudkeun kesatuan jeung persatuan Indonésia.
5. Amanat anu kapanggih dina rumpaka kawih di luhur nyaéta...
A. Urang ulah sieun kana sagala hal
B. Kudu jadi jalma anu dipihormat ku batur
C. Hirup babarengan nepi ka maotna
D. Kudu rukun, silih pikanyaah jeung sasama
6. Amanat yén urang kudu gedé kawani ulah éléh ku bangsa deungeun (asing) aya dina pada (bait):
A. pada ka-1
B. pada ka-2
C. pada ka-3
D. pada ka-4
7. Ungkara “Taya karempan kasieun lébér wawanénna”, maksudna:
A. Bangsa Indonésia gedé kahayangna.
B. Bangsa Indonésia gedé ambekna.
C. Bangsa Indonésia gedé rasa sosialna.
D. Bangsa Indonésia gedé kawanina.
Sempalan kawih di handap ieu pikeun soal No. 8 nepi ka No. 13
Pelesiran
Yu mapay dayeuh priangan
Ti Cimahi yu urang miang
Saban kota urang anjangan
Babarengan yu pelesiran
Ka Bandung kadé kalangkung
Kota jasa tempat balanja
Nu wisata timana-mana
Bandung puseur budaya Sunda
Urang sindang ka Sumedang
Mapay jalan Cadas Pangéran
Tuang tahu nikmat pisan
Pelesiran bari gogonjakan
Ka Garut kajojo ku dodolna
Ka Tasik lalucu souvenirna
Ciamis raos galéndona
Ka Banjar Pangandaran éndah alamna
8. Kawih “Pelesiran” ngandung rasa...
A. Sumanget
B. Sedih
C. Ambek
D. Gumbira
9. Purwakanti téh kaasup kana unsur kawih. Purwakanti nyaéta sora-sora anu sarua dina unggal padalisan (jajar). Cing pék coba titénan (amati) rumpaka (lirik) kawih “Pelesiran”. Di mana ngandung purwakantina?
A. Purwakanti aya dina pada (bait) kahiji
B. Purwakanti aya dina pada (bait) kadua
C. Purwakanti aya dina pada (bait) katilu
D. Purwakanti aya dina pada (bait) kaopat
10. Amanat (pesen) anu kapanggih tina kawih “Pelesiran” téh nyaéta...
A. Urang kudu mindeng jalan-jalan ka unggal daérah di tatar Sunda.
B. Urang kudu ngalobakeun indit-inditan ka tempat nu jauh utamana wilayah Jawa Barat.
C. Urang kudu mikawanoh (mengenal) budaya jeung kaayaan unggal daérah di tatar Sunda.
Urang kudu ngalobakeun balanja jeung wisata ka unggal daérah sangkan tetep gumbira.
11. Dina kawih “Pelesiran” dijelaskeun yén Bandung téh puseur (pusat) Budaya Sunda, lantaran:
A. Di Bandung aya musium, aya gedong kasenian, aya tempat-tempat karajinan, aya perpustakaan, jsb.
B. Di Bandung loba pamandangan anu éndah, aya gunung, curug, walungan, leuweung, jsb.
C. Di Bandung aya kebon binatang, aya jalan layang, aya hotél, aya rumah sakit.
D. Di Bandung kungsi (pernah) diayakeun Konferensi Asia Afrika.
12. Sumedang kawentar (terkenal) ku tahuna, Garut ku dodolna, Ciamis ku galéndona. Ari Bandung kawentar ku:
A. Wajitna
B. Ganasna
C. Ranginangna
D. Peuyeumna
13. Salian ti kawentar ku kulinér jeung ku tempat-tempat balanja, Kota Bandung kawentar ogé ku:
A. Hasil tatanén (petanian)
B. Hasil karajinan anyaman
C. Kasenian Sisingaan jeung Kuda Rénggong.
D. Observatorium Bosscha (peneropongan bintang).
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 14 nepi ka No. 15
JANG
Jang, hirup téh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran
Bari kudu dilakonan
Jang, jalan kahirupan
Henteu sapanjangna datar
Aya mudun jeung tanjakan
Kudu sabar dina kurang
Ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu sukur
Éling kanu maha Agung
Kadé hidep bisi kufur
14. Amanat tina kawih d luhur nya éta...
A. Kudu sabar dina nyanghareupan kahirupan
B. Lalakon kahirupan ngaliwatan jalan nu mudun jeung nanjak
C. Dina kahirupan téh susah rék benerna
D. Jalan nu lempeng loba cocobana
15. Perhatikeun rumpaka (téks) kawih di luhur. Nu dimaksud kalimah aya mudun jeung tanjakan ngandung harti …
A. Hirup teu salawasna susah teu salawasna senang
B. Lalakon hirup ngaliwatan jalan nu mudun jeung nu nanjak
C. Dina kahirupan téh susah rék bener téh
D. Milih jalan nu lempeng tapi loba cocobana
Cing pinter tur bener
Cing jujur tong bohong
Ulah ______________
Ngarah hirup loba dulur
16. Kekecapan anu luyu (sesuai) pikeun ngeusian rumpaka kawih di luhur nya éta...
A. Nyeungseurikeun batur
B. Nganyerikeun batur
C. Moyokan batur
D. Ngajongklokeun batur
Sempalan teks di handap ieu pikeun soal No. 17 nepi ka No. 21
JURIG TIGUBRAG
Malem Jumaah kaliwon, tukang délman balik peuting. Di jalan manéhna ngomong sorangan. Pokna kieu cenah, “Jalan ka mana balik téh. Ka jalan gedé jauh teuing, ari ka sasak keueung. Ah, mending jalan ka sasak wé lah, moal aya nanaon meureun. Rék dicobaan wé.”
Basa tukang délman ngaliwat ka sasak, aya hiji awéwé. Éta awéwé téh ngagupayan. Tukang délman ngeureunkeun kudana bari sieun. Tukang délman nanya, “Badé ka mana, Téh?”
Éta awéwé téh ngajawab, “Badé uih!” cenah. Tukang délman ngajak ka éta awéwé naék kana délmanna. Bakat ku sieun, délmanna digancangkeun. Ari ngalieuk ka tukang, éta awéwé téh ngaleungit teuing ka mana. Gebeg téh tukang délman reuwas, “Har, ka mana awéwé téh bet euweuh? Moal salah manéhna téh jurig.”
Nepi ka imahna, tukang délman téh paranas tiris. Ku pamajikanana ditanya, “Ku naon Bapa téh bet panas tiris?”
“Éta, kuring téh papanggih jurig,” jawab tukang délman
“Naha jalan kamana kitu balikna?”
“Jalan ka sasak.”
“Naha atuh bet jalan ka sasak, nyaho di dinya mah sanget!”
Malem isukna, tukang délman téh balik peuting deui. Manéhna geus bingung deui baé, kudu balik jalan mana. Rék ka jalan gedé da jauh. Rék jalan ka sasak sieun siga kamari papanggih jeung jurig. “Ah, ka sasak deui baé ah, sugan moal aya peuting ieu mah.”
Basa nepi ka sasak, aya awéwé nu kamari deui. Tukang délman téh eureun bari pohara sieunna. Saméméh naék, pok éta awéwé téh ngomong, “Mang, ari Emang ku naon ngajalankeun délman téh mani tarik-tarik teuing, basa malem kamari abdi tepi ka labuh.”
Tukang délman ukur colohok.
“Har, Tétéh téh geubis? Panya téh......jurig, boro ku emang teu ditulungan.”
17. Téma tina éta carpon nya éta ...
A. Jalma anu lalawora (ceroboh) bisa nyilakakeun diri sorangan jeung batur.
B. Jalma anu sieunan, hirupna tara tenang.
C. Jalma anu pagawéanna jadi kusir délman, sok resep ngebut.
D. Jalma anu kaluar ti peuting, sok disangka jurig.
18. Amanat anu kapanggih dina éta carpon dibéréndélkeun (diuraikan) ieu di handap, iwal (kecuali) ...
A. Ulah borangan, matak cilaka ku polah sorangan.
B. Ngajalankeun kendaraan téh ulah ngebut, bisi cilaka.
C. Ulah sok naék délman, bisi dibawa ngebut jeung bisi tigubrag.
D. Ulah percaya kana omongan batur anu can puguh bener henteuna.
19. Dimana waé latar tempat éta carpon?
A. Di jalan
B. Di imah
C. Di sasak
D. Kabéh jawaban bener
20. Dumasar carpon Jurig Tigubrag di luhur, bisa dicindekeun (disimpulkan) yén carita pondok mangrupa karya sastra dina wangun (bentuk)....
A. wangunna prosa, sumebar sacara lisan sarta mangrupa karya sampakan.
B. wangunna puisi, sumebar sacara lisan sarta mangrupa karya sampakan
C. wangunna prosa, sumebar sacara tinulis sarta mangrupa karya sampeuran
D. wangunna puisi, sumebar sacara tinulis sarta mangrupa karya sampeuran
21. Anu teu kaasup unsur intrinsik carpon nya éta…
A. Judul
B. Amanat
C. Watek
D. Palaku
Kokojayan di Cilangla
Halodo banget téh geus rék dua bulan lilana. Sawah bareulah, balong saraat, taya hiji ogé balong di lembur nu caian kénéh, sumur – sumur ogé saraat. Aya hiji dua nu caian kénéh, ukur diancokeun keur nginum jeung keur masak. Mandi, kukumbah, jeung nyeuseuh mah kudu nyikreuh ka wahangan. Hiji – hijina wahangan nu masih kénéh loba caina nya éta wahangan Cilangla, kira – kira sakilo méter jauhna ti lembur. Jalanna rumpil jeung nanjak mudun.
Mimiti ancrub kana cai walungan Cilangla, haté ngadadak hemar – hemir.Sok inget kana dongéng sakadang peucang jeung buaya.Ari clom sukuna kana cai ari gep gerewek baé dicapluk ku buaya, … iy … mani asa gep – asa gep waé sungut buaya anu ranggeténg pinuh ku huntu sareukeut kana suku…
22. Latar tempat anu kacatur dina sempalan carita pondok di luhur nya éta…
A. Walungan Cilangla
B. Leuweung Cilangla
C. Balong Cilangla
D. Lembur Cilangla
23. Imeutan (perhatikan) masing taliti!
(1) Ayeuna poé Kemis. Kuring jeung babaturan opatan bagian pikét kelas.
(2) Maranéhna nyaéta Didah, Fitra, Vina, jeung Andri.
(3) “Alhamdulillah sadayana hadir,” ceuk kuring bungah.
(4) “Urang mah ulah nurutan babaturan anu tara pikét!” ceuk Didah.
(5) “Enya. Geura kamari gé aya anu teu pikét. Biasa barudak lalaki,” ceuk Vina keuheul.
Anu nuduhkeun unsur latar nyaéta…
A. 1 jeung 2
B. 3 jeung 4
C. 1 jeung 5
D. 4 jeung 5
Imeutan (perhatikan) sempalan carpon di handap masing taliti ti No. 25 nepi ka No.26!
Sabot anteng sasapédahan, Si Mamat ujug-ujug boga pikiran, kumaha mun manéhna jeung Si Idi balap sapédah.
“Di, urang balap, yu! Start-na tina tangkal jambu nu itu nepi ka lampu nu deukeut wadah runtah nu beulah ditu,” omong Si Mamat bari nuduhkeun lebahna.
“Hayu atuh! Tapi tong tarik-tarik teuing euy! Loba jelema. Bisi nubruk,” témbal Si Idi.
Bring ngamimitian ngaboséh deui. Startna tina tangkal jambu nu geus dituduhkeun . Si Mamat katangén (katingali) sumanget. Ngaboséhna meni sataker kebek da hayang ngéléhkeun Si Idi anu sarua embung éléh.
Ngan, keur tarik-tarikna ngajalankeun sapédah, jol aya ibu-ibu nu rébo ku balanjaan, ngaliwat dina jajalaneun hareupeun Si Mamat.
Atuh Si Mamat panik saharita. Najan geus dierém gé, da saking tarikna, éta sapédah henteu bisa langsung eureun. Nya atuh jedak… brug… Si Ibu katabrak sapédah Si Mamat. Balanjaanana pabalatak, maruragan.
“Aduh Ibu.. hapunten pisan,” omong Si Mamat bari mantuan Si Ibu cengkat.
“Atuh da ngajalankeun sapédah téh kekebutan. Naha méh naon?” omong Si Ibu teugeug bari muncereng.
24. Karakter négatif dina sempalan carpon di luhur nyaéta…
A. Sasapédahan deukeut wadah runtah
B.Dicarékan ku ibu-ibu nu mawa balanjaan
C. Ngerém sapédah satarikna
D. Ngajalankeun sapédah kekebutan
25. Amanat nu aya dina sempalan carpon di luhur nyaéta...
A. Ulah sok sasapédahan jeung babaturan bisi cilaka
B. Urang kudu bisa ngerém satarikna ngarah teu nubruk batur
C. Lamun urang ngalakukeun kasalah kudu ménta hampura
D. Lamun maén sapédah ulah silih éléhkeun
26. Céntang ungkara (pernyataan) anu merenah numutkeun hidep!
Ciri utama nu ngabédakeun carpon jeung novel nyaéta...
Méakeun waktu lila jang macana - (a)
Galur caritana panjang - (b)
Jalan caritana henteu pungka-péngkol - (c)
Kajadian-kajadian dina caritana saperluna - (d)
Jumlah palakuna henteu loba - (e)
27. Tangtukeun bener/salahna ungkara (pernyataan) ngeunaan carpon di handap!
1. Carita pondok miboga sipat karangan rékaan (fiksi) anu leuwih panjang jeung leuwih loba kajadianna tibatan novel - (a)
2. Palaku utama dina carpon biasana ngan fokus kana hiji atawa dua urang, sabab caritana pondok jeung padet - (b)
3. Amanat dina carpon nyaéta ajén inajén atawa pesen pangarang anu rék ditepikeun ka nu maca, jeung biasana mah geus katémbong ti awal carita - (c)
28. Baca sempalan carpon di handap, tuluy céntang ungkara (pernyataan) nu merenah!
Jajang téh jalma getol pisan, sagala rupa nu dipilampahna sok tulus jeung sumanget. Tapi, manéhna sok poho ka kolot sanajan indungna gering. Hiji waktu, Jajang meunang kasusah gedé dina pagawéanana. Anéhna, sanajan manéhna boga loba babaturan, teu saurang-urang acan anu daék nulungan Jajang. Ngan indungna wungkul, anu tuluy nyampeurkeun sarta ngadoakeun manéhna.
Céntang (ceklis) amanat (pesen moral) naon waé anu aya dina sempalan carpon di luhur!
Jadi jelema kudu getol, sagala rupa nu dipilampah kudu tulus jeung sumanget - (a)
Poho ka kolot nu geus ngurus ti leuleutik komo keur gering - (b)
Loba babaturan can tangtu bagja, tetep kudu ngutamakeun kolot - (c)
29. Baca sempalan carpon di handap, tuluy céntang ungkara (pernyataan) nu merenah!
Jajang téh jalma getol pisan, sagala rupa nu dipilampahna sok tulus jeung sumanget. Tapi, manéhna sok poho ka kolot sanajan indungna gering. Hiji waktu, Jajang meunang kasusah gedé dina pagawéanana. Anéhna, sanajan manéhna boga loba babaturan, teu saurang-urang acan anu daék nulungan Jajang. Ngan indungna wungkul, anu tuluy nyampeurkeun sarta ngadoakeun manéhna.
Céntang (ceklis) unsur intrinsik naon waé anu kagambar dina sempalan carpon di luhur!
Palaku - (a)
Watek - (b)
Latar - (c)
Amanat - (d)
30. Baca sempalan carpon di handap, tangtukeun bener/salah ungkara (pernyataan) di handap!
Langit di Désa Sukamulya poék mongkléng. Di buruan imah nu leutik, Bi Ijah keur ngawadahan opak kana karung. Opak téh rék dijual ka pasar isukna. Bi Ijah umurna geus kolot, tapi pananganana kuat kénéh ngadonan tipung.
Salakina, Pa Karta, geus dua taun gering teu bisa nanaon. Nu matak, Bi Ijah nu jadi andelan kulawargana. Opak téh hiji-hijina harepan. Tapi, jual beuli di pasar ayeuna mah geus loba pisan sainganna. Opak Bi Ijah sok sesa, antukna sok disimpen nepi ka melempem.
Isukna, Gilang, incu Bi Ijah nu keur sakola di SMP, nyampeurkeun. Gilang téh budak pinter tapi éraan. "Ma, urang mah sok ngarasa hanjelu. Naha Ema teu nyobaan ngajual opak ieu ka warung-warung deukeut Balé Désa? Pan di dinya loba nu ngantri urusan administrasi, pasti lapar," ceuk Gilang.
Sabada maca sempalan carpon di luhur, tangtukeun bener/salah ungkara (pernyataan) di handap!
Bi Ijah mangrupa palaku utama anu geus teu ngajual opak deui lantaran salakina Pa Karta geus lila tilar dunya - (a)
Masalah utama Bi Ijah nyaéta opakna sésa sabab loba saingan tur teu gancang payu - (b)
Gilang mangrupa incu Bi Ijah anu boga ideu pikeun ngajual opak ka Balé Désa - (c)
