wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SUMATIF AKHIR SEMESTER BAHASA SUNDA

Total questions: 30

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.

2. Aksara swara aya tujuh rupa nyaéta A, I, U, É, O, E, jeung Eu. Aksara naon waé anu wangun na mirip?

  • *Pilih jawaban leuwih ti hiji

a)
A
b)
É
c)
Eu
d)
U
e)
I
2.
3. Di handap aya 4 aksara anu cara nulisna ampir sarua nyaéta...
a)

a. ka

b)

b. ra

c)

c. sa

d)

d. xa

e)

e. pa

3.
4. Rarangkén di gigir aya 5 diantarana...
a)
a. Panolong, pamaéh, pamingkal pangwisad. pamepet.
b)
b. Panéléng, pamaéh, pangwisad, Panyuku, pamepet.
c)
c. Panéléng, panolong, pamingkal, pangwisad, pamaéh
d)
d. Panolong, panyuku, pamaéh, pamingkal, pangwisad
e)
e. Panolong, pamaeh, pamigkal, pangwisad, panyiku
4.
5. Rarangken nu fungsina ngarobah vokal nyaeta...
a)
a. panyiku, panolong, paneuleung, pamaeh, pamepet
b)
b. panolong, pamepet, panyiku, paghulu, panglayar
c)
c. panyuku, panolong, pamepet, paneuleung, panghulu
d)
d. pamepet, paneleng, paneuleung, panyiku, panghulu
e)
e. panyuku, pangwisad, pamepet, panolong, panglayar
5.
10. Ieu dihandap wangun aksara sunda anu mirip jeung angka, iwal....
a)
a. /wa/ jeung /1/
b)
b. /u/ jeung /3/
c)
c. /la/ jeung /7/
d)
d. /ca/ jeung /8/
e)
e. /ga/ jeung /9/
6.
12. Rarangken nu fungsina nambahan huruf nyaeta...
a)
a. panglayar, panyuku, panyakra, pamingkal
b)
b. panyakra, pangwisad, panyecek, panyiku
c)
c. panglayar, panyecek, pamaeh, pangwisad
d)
d. panghulu, panyakra, panglayar, pangwisad
e)
e. panyecek, pangwisad, panyakra, panyuku
7.
16. Di handap ieu mangrupa ciri-ciri carita babad, iwal ....
a)
a. Tokohna fiktif
b)
b. Caritana ngeunaan sajarah
c)
c. Tokohna nyata
d)
d. Caritana ngeunaan sajarah
e)
e. Galur caritana beda
8.
20. Ieu di handap mangrupa alesan babad teu bisa dijadikeun sumber sajarah nu utama, iwal ti …
a)
a. babad teh sabangsa sajarah anu henteu teges hostorina.
b)

b. henteu beunang dicekel bukti dokumentasina

c)

c. palaku jeung tempat kajadian aya dina sajarah

d)
d. sakapeung carita babad ngandung hal-hal anu teu asup akal
e)
e. eusina sok dibauran ku legenda, mitos, atawa fabel
9.
21. Dina struktur carita atawa unsur dina carita babad aya nu disebut puseur sawangan, nya eta …
a)
a. Tokoh carita nya eta ngaran-ngaran, boh jalma boh sasatoan, anu ngalalakon dina carita
b)
b. Pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang
c)
c. Runtuyan kajadian anu ngawangun hiji carita
d)
d. cara pangarang nyaritakeun palaku dina carita, ngajelaskeun jalma kahiji jeung katilu
e)
e. ide poko carita
10.
22. Baca sempalan babad ieu di handap! (1) Selang sababaraha waktu, Karajaan Cirebon ngajorag deui Karajaan Sumedang Larang, sanggeus leuwih ti heula ngirimkeun sababaraha urang mata-mata. (2) Der baé harita mah perang campuh naker. (3) Itu ieu pada-pada kuat. (4) Korban ting jarungkel, nu tatu parna tingjaroplak, kuda tinggalabrét kalabur, trang-tréng­-trong sora pakarang anu patingaradu, anu rubuh pating garerung. (5) Kulantaran duanana pada-pada kuat, ahirna perang dieureunkeun, dua karajaan leuwih milih daméy kucara musawarah. Kalimah anu ngagambarkeun suasana perang nyaéta aya dina kalimah....
a)
a. (1)
b)
b. (2)
c)
c. (3)
d)
d. (4)
e)
e. (5)
11.
23. Baca sempalan babad ieu di handap! Prabu Hayam Wuruk kacida bungahna. Cita-cita palay migarwa Déwi Citraresmi, sakedap deui bakal kalaksanakeun. Harita kénéh buru-buru maréntahkeun Patih Gajahmada, supaya siap-siap pikeun mapag calon pangantén istri. Ngan naha atuh dasar Gajahmada, sohor sombong, paréntah rajana langsung ditolak. Alesanana, dibandingkeun jeung Majapait, nagara Galuh Pakuan ukur nagara leutik.“Leuwih hadé Sri Baduga Maharaja langsung masrahkeun anakna,” Cenah. “Anggap waé Déwi Citraresmi téh upeti, sakalian némbongkeun yén Karajaan Galuh Pakuan taluk ka Majapait, saperti nagara-nagara séjénna.” Bisa jadi lantaran kapangaruhan, Prabu Hayam Wuruk satuju kana pamadegan Patih Gajahmada. Ti dinya gancang ngirimkeun utusan, eusina persis sakumaha omongan Patih Gajahmada. Watek Prabu Hayam Wuruk anu kagambar dina carita di luhur nyaéta....
a)

a. teu boga pamadegan (Pendirian)

b)
b. daréhdéh
c)
c. handap asor
d)
d. wijaksana
e)
e. gede hulu
12.

24. Titénan sempalan carita babad di handap! (1) Opatanana pada ngawatek aji weduk banyu kabedasan halimunan. (2) Mun dikadék lir cai, liput sapada harita. (3) Nènjo jajatén nu opatan, Wadyabala Cirebon sarieunenun. (4) Nungtutan lalumpatan kalabur. Nu ngabédakeun carita babad jeung sajarah téh nyaéta dina carita babad mah ngandung unsur pamohalan (mustahil). Kalimah nu ngandung unsur pamohalan aya dina nomer ...

*pilih jawaban leuwih ti hiji

a)

a. (1)

b)

b. (2)

c)

c. (3)

d)

d. (4)

13.
25. Titénan sempalan teks carita babad di handap! Jaman baheula aya raja jenenganana Prabu Borosngora, anjeunna téh raja di Panjalu. Kagungan putra dua nyaéta Radén Aria Kuning jeung Radén Aria Kancana. Ieu rayi-raka téh silih pikanyaah, silih tuljngan jeung silih élédan. Sempalan carita babad di luhur téh medar ngeunaan ...
a)
a. Latar tempat
b)
b Tokoh jeung watek
c)
c. Galur
d)
d. Sudut pandang
e)
e. Amanat
14.
27. sempalan carita babad di handap! Hiji waktu, Aria Kuning aya karep rék ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora tos kacida sepuhna, teu bisa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna. Nu jadi puseur sawangan atawa sudut pandang dina èta carita babad téh nyaéta ...
a)
a. Jalma kadua palaku pendukung
b)
b. Jalma kahiji palaku pendukung
c)
c. Jalma katilu palaku utama
d)
d. Jalama kahiji palaku utama
15.
28. Dulur sakandung nyaeta dulur sa-ibu jenung sa-bapa, anu desebut dulur ...
a)
a. dulur teges
b)
b. dulur tere
c)
c. dulur misan
d)
d. baraya laer
e)
e. kapiadi jeung kapilanceuk
16.

29. Ahmad kagungan uwa, namina bi Rini. Bi Rini kagungan putra, namina Gilang. Hubungan pancakaki Ahmad ka Gilang nyaeta..

a)
a. alo
b)
b. Toa
c)
c. kapiadi
d)
d. kapilanceuk
e)
e. suan
17.
30. Nini kuring ngagaduhan adi namina Mimin, kuring ka Mimin perenahna...
a)
a. Nini tere
b)
b. Buyut
c)
c. Nini ti gigir
d)

d. Bibi

e)
e. Bibi ti gigir
18.

Dina hiji babad, dicaritakeun ngeunaan Ki Wangsajaya, hiji pangawasa lembur anu dipikawanoh jujur jeung bijaksana. Dina hiji waktu, lemburna diserang ku garong anu hayang ngarebut sumber cai anu jadi kahirupan warga. Ki Wangsajaya ngumpulkeun para pamuda pikeun ngalakukeun rundingan, milih alur diplomasi heula, tapi garong henteu nampa. Tungtungna, Ki Wangsajaya jeung warga ngalakukeun strategi pertahanan, sarta ahirna garong bisa dikaburkeun. Warga nganggap Ki Wangsajaya minangka tulang tonggong kaamanan lembur.

Téman utama tina bacaan nyaéta…

a)

Kahormatan kulawarga

b)

Perebutan kakawasaan pribadi

c)

Perlindungan jeung perjuangan pikeun kaamanan lembur

d)

Mibanda harta karun sakti

19.

Dina hiji babad, dicaritakeun ngeunaan Ki Wangsajaya, hiji pangawasa lembur anu dipikawanoh jujur jeung bijaksana. Dina hiji waktu, lemburna diserang ku garong anu hayang ngarebut sumber cai anu jadi kahirupan warga. Ki Wangsajaya ngumpulkeun para pamuda pikeun ngalakukeun rundingan, milih alur diplomasi heula, tapi garong henteu nampa. Tungtungna, Ki Wangsajaya jeung warga ngalakukeun strategi pertahanan, sarta ahirna garong bisa dikaburkeun. Warga nganggap Ki Wangsajaya minangka tulang tonggong kaamanan lembur.

Bagian klimaks dina carita nyaéta…

a)

A. Ki Wangsajaya rundingan jeung garong

b)

B. Garong kabur

c)

C. Pertahanan lembur ngalawan garong

d)

D. Warga meunang deui sumber cai

20.

Hawa soré éta karasa beurat. Angin ngahiliwir bari mawa sora-sora asing ti leuweung. Rahayat nu ngumpul di balé desa mimiti hariwang, sabab kabarna musuh geus deukeut.

Suasana dina potongan carita nyaéta …

a)

A. Tentrem

b)

B. Pikasieuneun

c)

C. Pikabungaheun

d)

D. Pikarunyaeun

e)

E. Pikasediheun

21.

Carita dimimitian nalika karajaan hirup dina katengtereman. Dina mangsa éta, teu aya ancaman, rahayat hirup makmur, sarta pasar sok rame unggal poé.

Bagian alur tina potongan ieu nyaéta …

a)

A. Panutup

b)

B. Bubuka/ magalasastra

c)

C. Klimaks

d)

D. Konflik

e)

E. Resolusi

22.

Raden Basudewa bingung. Anjeunna kudu milih antara nurut ka perintah raja pikeun perang, atawa ngadéngékeun karunya ka rahayat anu henteu siap ngalakukeun perlawanan.

Jenis konfliknya nyaéta …

a)

A. Eksternal: masyarakat vs musuh

b)

B. Internal: batin tokoh

c)

C. Eksternal: tokoh vs alam

d)

D. Eksternal: tokoh vs raja lain

23.

Nia patepang jeung Susi dina acara kulawarga. Susi téh anak ti adina bapa Nia.

Patarosan:

Analisis hubungan Nia jeung Susi dumasar kana pancakaki!

a)

A. Alo

b)

B. Kapiadi

c)

C. Dulur sabapa

d)

D. Sabuyut

e)

E. Kapilanceuk

24.

Perhatikeun kecap dina Aksara Sunda di handap ieu:

ᮘᮒᮥ

Upami kecap éta dirubah jadi kecap "batara", naon waé parobahan aksara jeung rarangkén anu kudu ditambihkeun?

a)

a. Nambahkeun aksara “ra” jeung rarangkén pamepet

b)

b. Ngabersihan rarangkén panyuku lajeng nambahkeun “ra” jeung “a”

c)

c. Nambahkeun aksara “ta”, “ra”, sarta ngaleungitkeun rarangkén panyuku

d)

d. Nambahkeun aksara “ta” jeung “ra” tanpa ngarobah rarangkén

e)

e. Ngaganti aksara “ba” ku aksara “pa” lajeng nambah “ta”

25.

Dina kalimah “kemuning” Kumaha aturan anu leres pikeun nulis huruf “ng” dina suku kata “mung”?

a)

a. “ma” + panghulu+ panyecek

b)

b. “mu” + pamaéh +” ng”

c)

c. “mu” + huruf “nga”

d)

d. “ma” +panyuku+ rarangkén panyecek

e)

e. “mu” + “nga” make pamaeh

26.

Dina kecap “pikatuluyu”, bagian mana anu teu butuh rarangkén tambahan?

a)

a. pi

b)

b. ka

c)

c. tu

d)

d. lu

e)

e. yu

27.

Siswa narjamahkeun carita pondok anu seueur kecap anu dimimitian ku “pra-”. Salah sahiji kecapna “prabayar”. Aksara “pr” sering jadi masalah.

Keca “pra” panghadéna ditulis ku…

a)

a. pa + pamaéh + ra

b)

b. pa + panyakra

c)

c. pa + panglayar

d)

d. ra + pa

e)

e. pa + ra + Panéléng

28.

“ngabuburit” ditulis dina Aksara Sunda jadi…

a)

a. ᮍᮘᮥᮘᮥᮛᮤᮒ᮪

b)

b. ᮍᮘᮥᮘᮥᮛᮤᮒ

c)

c. ᮍᮘᮥᮘᮥᮛᮥᮒ᮪

d)

d. ᮍᮘᮥᮘᮥᮛᮤᮔ᮪

e)

e. ᮍᮘᮥᮘᮤᮛᮤᮒ᮪

29.

“pancén” ditulis dina Aksara Sunda jadi…

a)

a. ᮕᮔ᮪ᮎᮨᮔ᮪

b)

b. ᮕᮔᮦᮎᮨᮔ᮪

c)

c. ᮕᮍ᮪ᮎᮨᮔ᮪

d)

d. ᮕᮔ᮪ᮎᮦᮔ᮪

e)

e. ᮕᮍ᮪ᮎᮧᮔ᮪

30.

“dunya” dina Aksara Sunda ditulis jadi…

a)

a. ᮓᮥᮔᮚ

b)

b. ᮓᮥᮔᮚᮚ

c)

c. ᮓᮥᮔᮚ᮪

d)

d. ᮓᮥᮔᮡ

e)

e. ᮓᮥᮔᮡ᮪