wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

aksara sunda dan dongeng

Total questions: 58

Worksheet time: 29mins

Name
Class
Date
1.

(1)   Sumebar sacara tinulis

(2)   Ngandung hal-hal nu teu asup akal

(3)   Caritana basajan

(4)   Caritana jembar       

(5)   Ngandung ajén atikan

(6)   Teu kapaluruh saha nu ngarangna

(7)   Ngandung unsur seni

(8)   Sumebar sacara lisan

(9)   Ngandung hal-hal nu teu pamohalan

Ciri-ciri umum nu biasana aya dina dongéng diantarana ...

a)

1, 2, 3, 4

b)

2, 3, 5, 8

c)

2, 4, 6, 8

d)

5, 7, 8, 9

e)

1, 6, 8, 9

2.

Nyi Putri ngadeg bari nulak cangkéng ngagorowok “Kami kudu kawin ka anak pulung cacah, hideung deuih? Kélaanan, kami éling kénéh,” tuluy nunjuk ka luar mani bentik bentik curukna, omongna “ka ditu geura balik, manéh ulah ka dieu-dieu deui!”

Watek nyiputri tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....

a)

bageur

b)

adigung

c)

soméah

d)

welasasih

e)

sadrah tumarima

3.

Dalem Boncél kacida kaduhungeunana, lantaran geus waniwani ngusir kolotna. Ayeuna ku dirina karasa kumaha balukarna doraka ka nu jadi kolot. Manéhna nyegruk kanyenyerian bari nangkeup tetengger kuburan indung bapana

Amanat anu ditepikeun tina sempalan dongéng di luhur téh nyaéta ....

a)

kudu indit ka kuburan indung bapa

b)

ulah doraka ka nu jadi kolot

c)

kudu wani ngusir kolot

d)

ulah sok kaduhung

e)

ulah sok nyegruk

4.

Titénan sempalan dongéng dihandap ieu !

(1)      Di lamping gunung Méga mendung, teu tebih ti jalan anu ti Bogor ka Sindanglaya, aya Situ Hiang, katelahna Talaga warna.

(2)      Anjing nempo beungeut gagak  marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil.

(3)      Ceuk ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”

(4)    Kacaritakeun praméswari Prabu Munding Wangi ngagaduhan putra istri, anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina. Jenenganana Déwi Kandita.

(5)    Prabu Boros Ngora téh salasahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nya éta Radén Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana.

Sempalan dongéng di luhur nu kagolong kana wangun carita babad nyaéta….

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

e)

5

5.

Baca sempalan dongéng dihandap !

Kecepruk kecepruk munding meuntas. Ditumpakan ku budak awéwé, diukna ngémpol. Wanci tunggang gunung nu lumaku nepi ka tutugan pasir, eureun handapeun kiara. Kabeneran lebah dinya aya pancuran, caina ngagolontor hérang. Budak awéwé ka cai, ngumbah suku, subeungeut, tuluy nginum, da hanaang. Ari nginumna di totor, teu inget kana weweling indung. Leguk nginum, geblus pancuran awi saruas. Asup kana tikoro budak, kaserot bareng jeung cai. Budak téh eueuleugeungan. Reng sisitan, gebay jadi oray totog.

 

Dicutat tina Rancagé Diajar Basa Sunda

 

Kalimah nu nuduhkeun unsur pamohalan tina dongéng di luhur bisa kapanggih tina kalimah ....

a)

Kabeneran manggih pancuran

b)

Munding ditumpakan ku budak awéwé

c)

Wanci tunggang gunung nepi ka tutugan pasir

d)

Budak awéwé sisitan tuluy robah jadi oray totog

e)

Budak awéwé nginum cai bari ditotor, teu inget weweling indung

6.

Ieu di handap sempalan dongéng nu kaasup kana dongeng sasakala nyaéta ....

a)

Caritana éta dua sobat téh geus marelak cau. Sakadang kuya melak anak cau, ari sakadang monyét melak jantungna

b)

Si oray kuda anu salawasna jal sarta galak sok ngahakan jelema, sarta matih pisan peurahna, lengas-lengis ka si Aki ménta ditulungan, sien génghék kaduruk.

c)

Jaman baheula aya Raja Sepuh nu kacida welas asihna ka pala putrana. Ari putrana aya tilu,kabéhanana ogé awéwé. Hiji mangsa,Raja ngageroan putra- putrana sina ngariung, masamoan di karaton jeung kulawadetna. Ku Raja éta anak-anakna téh rék ditanya soal kanyaahna ka manéhna.

d)

Jol sakadang maung manggul suluh, tuluy dibugbrugkeun kana awak sakadang kuya. Gur baé suluh téh diseungeut

e)

Henteu kanyahoan deui ti mana datangna cai, ngan léb wé pakarangan Nyi Endit téh geus kakeueum. Atuh kacida ributna, jalma-jalma geusteu inget ka diri batur, asal salamet dirina baé.

7.

Ieu di handap nu mangrupa ungkara nu luyu antara conto dongéng jeung papasingan dongéngna nyaéta ...

a)

Dongéng Si Kabayan mangrupa conto dongéng fabel

b)

Dongéng legenda Karang Nini mangrupa conto dongéng fabel

c)

Dongéng sasakala Talagawarna mangrupa conto dongéng farabel

d)

Dongéng Situ Bagendit mangrupa conto dongéng sasakala.

e)

Dongéng sakadang kuya jeung sakadang monyét mangrupa conto dongéng sage

8.

(1) Paham kana eusi dongéng

(2) Maké kekecapan anu gampang dipikaharti

(3) Ngatur wirahma

(4) Gerakan leungeun

(5) Éksprési

(6) Improvisasi

(7) Percaya diri

(8) Gaya Basa

Sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina prak-prakaan ngadongéng ...

a)

1, 2, 3, 4, 5

b)

1, 2, 3, 6, 7

c)

1, 2, 4, 5, 6

d)

1, 5, 6, 7, 8

e)

1, 3, 6, 7, 8

9.

Paménta Tilu Rupa

Jaman baheula aya hiji jalma anu hirupna  malarat rosa. Carék dahar isuk henteu soré lain bobohongan. Pagawéanana sok buburuh ngangon domba. Ari buruhna dina sataun ngan saukur meunang paré 50 geugeus ditambah ku bekel dahareun mun rék ngangon.

Demi dununganana jalma beunghar tapi korét kacida sarta licik. Ka pangangon téh ngan saukur minteran waé. Sakali mangsa éta tukang ngangon téh gering nepika teu bisa ngangon. Tapi ku dununganana téh henteu diurus. Barang geus cageur sarta keur mamayu, ngan can kaduga ngangon, kadununganana ménta kadaharan. Ngan batan méré mah dununganana kalah nyarékan.

Antukna tukang ngangon téh musapir, manéhna prihatin liwat saking sarta ngenes dina jero haté. Beurang peuting neneda ka Gusti hayang cara deungeun-deungeun teu kakurangan nanaon, tuluy wéh miceun manéh kaleuweung. Nalika keur réhat handapeun tangkal, manéhna manggih batu tilu siki. Anu kacaritakeun bisa ngabulkeun 3 paménta.

Tuluy wéh manéhna ménta hayang loba duit, naha ari pok téh kalah nyebut loba ceuli. Atuh kabéh saawak-awak rebeng ku ceuli, paménta kadua antukna manéhna ménta éta kabéh ceuli dileungitkeun tina awakna tapi poho kana ceuli anu dua. Ahirna kabéh ceulina leungit euweuh nu nyésa. Paménta nu katilu manéhna ménta ceuli anu dua diayakeun deui. Tidinya manéhna sadar yén jalma anu beunghar téh nya éta jalma anu narima kana kulak canggeum bagja. Narima kana takdirna. 

(Pamekar Diajar Basa Sunda, kaca 59)

Amanat anu nyangkaruk dina éta dongéng nya éta .....

a)

Manusa teu daya upaya dina nyorang kahirupan

b)

Kudu sukuran kana naon anu geus ditarima

c)

Hirup téh teu salawasna dina kabagjaan

d)

Yén hirup téh kudu silih tulungan

e)

Ulah jadi jalma korét

10.

Dalem Boncél téh Bupati Caringin, Banten. Kacaturkeun, harita anjeunna nuju moyan di taman kadaleman. Teu lila jol aya pangawalna ngabéjaan aya tamu. Kacida reuwasna Dalem Boncél téh. Gancang baé muru ka padaleman, nepungan tamuna. Ari bréh, nyampak aki-aki jeung nini-nini. Kaciri ti lemburna téh. Papakéan kacida basajanna. Awak geus kacida kucelna, sigana lantaran hirup sangsara. Mamawa buntelan butut, teuing naon eusina

Dina sempalan dongéng di luhur aya kecap sangsara. Harti kecap sangsara téh nyaéta ....

a)

taya pangaboga

b)

sagala aya

c)

sederhana

d)

sarakah

e)

gumbira

11.

Dina kamus kaluaran LBSS (1979) disebut carita babad téh nyaéta dongéng anu ngandung unsur-unsur sajarah, tapi teu sakabéh carita babad diaku jadi sajarah. Naon sababna carita babad teu bisa disebut sajarah...

a)

Teu bisa dibuktikeun ku disiplin elmu samemehna

b)

Sumebarna tatalepa

c)

Eusina nyaritakeun asal usul hiji patempatan

d)

Pangarangna teu kapaluruh

e)

Miboga unsur sajarah

12.

numutkeun Ricklefs, 2008 istilah babad nyaeta muka lahan anyar atawa nuar tangkal satuluyna, babad dihartikeun carita..

a)

Anu sumebarna sacara tulisan

b)

Anu sumebarna sacara lisan

c)

Anu di tulisna ku Aksara sunda

d)

Anu aya unsur pamohalan

e)

Anu aya patalina jeung sajarah

13.

Babad Panjalu

Ari anu jadi kawit, Sanghyang Prabu Boros Ngora, Mangkon Panjalu karaton, ngalajengkeun ti ramana, éstu tanah pusaka, kasebat dayeuh Panjalu, nelah dumugi ayeuna.

Ti dinya ngabangun deui, damel situ gedé pisan, anu dingaranan Léngkong, dikinten éta legana, satus pat puluh bata, étangan nu enggeus tangtu, sakitu anu gumelar.

Sareng aya hiji deui, dina tengah situ éta, nusa basa jawa pulo, nu didamel padaleman, lir kuta saputerna, situ ngawengku kadatun, mungal waas nu ningalan.

 

Nu kaasup kana latar tempat nu aya dina carita babad diluhur nya éta …..

a)

Karajaan Panjalu

b)

Situ

c)

Karaton

d)

Jawa pulo

e)

Dayeuh Panjalu

14.

....

Prabu Siliwangi méré ngaran ka éta gunung téh nya éta Gunung Haruman, kalawan gasik ngutus dua kapercayaanana nya éta Gajah Manggala jeung Arya Gajah, keur ngalamar Nyi Putri. Tapi éta putri nolak sabab Prabu Siliwangi tos gaduh istri langkung ti saratus urang. Ahirna éta putri téh ngaleungit, tinggal seungitna hungkul nu kaangseu téh, ahirna éta tempat dingaranan Buni Wangi. Lila ti harita nyi Putri téh teu téga ningali kolotna sedih, ahirna putri téh némbongkeun wujud dirina di hiji imah nu kacida leutikna, anu akhirna éta tempat téh disebut Kampung Sempil.

 

Palaku utama nu aya dina carita nya éta …

a)

Prabu Siliwangi

b)

Gajah Manggala

c)

Aki Haruman

d)

Liman Sajaya

e)

Basudéwa

15.

Babad Limbangan

Dina hiji poé, kacaritakeun Aki Haruman, salah saurang tukang moro kapercayaan Prabu Siliwangi ti karajaan Pajajaran, anjog ka mumunggang gunung. Ari bréh téh ningal cahaya anu moncorong ti sisi Walungan Cipancar. Horéng éta cahaya téh hiji putri nu keur mandi, putrina Sunan Rumenggong nu ngawasa daérah Limbangan.

 

Babad Limbangan téh nyaritakeun ngeunaan karajaan naon …

a)

Dayeuh Luhur

b)

Pajajaran

c)

Limbangan

d)

Buni Wangi

e)

Malangbong

16.

Babad Panjalu

 

....

Radén Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijaksana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep palay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Radén Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna.

Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut ponggawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Radén Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Radén Aria Kancana bendu tuluy ngaburak- barik dayeuh nepi ka antukna patelak jeung rakana.

(Dicutat tina buku pakét Rancagé Diajar Basa Sunda)

Saha palaku anu miboga watek wijaksana dina sempalan carita diluhur …

a)

Prabu Borosngora

b)

Radén Aria Kancana

c)

Radén Aria Kuning

d)

Guru haji

e)

Radén Martabaya

17.

Babad Panjalu

Radén Aria Kuning jeneng raja, mingpin rahayatna kalayan wijaksana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep palay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Radén Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna.

Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut ponggawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Radén Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Radén Aria Kancana bendu tuluy ngaburak- barik dayeuh nepi ka antukna patelak jeung rakana.

(Dicutat tina buku pakét Rancagé Diajar Basa Sunda)

Amanat anu ditepikeun tina sempalan carita di luhur téh nyaéta ....

a)

Kudu jadi raja anu wijaksana

b)

Kudu amanah

c)

Kudu akur lamun jeung dulur

d)

Kudu akur lamun jeung dulur

e)

Ulah doraka ka kolot

18.

Karajaan munggaran di Jawa Barat, nya éta...

a)

Tarumanagara

b)

Galuh

c)

Kawali

d)

Sunda sembawa

e)

Salakanagara

19.

Conto nu teu kaasup kana carita Babad, nya éta...

a)

Babad cikundul

b)

Babad bogor

c)

Babad bubat

d)

Babad kean santang

e)

Babad galuh

20.

Dumasar kana gambar aksara sunda , anu kaasup kana aksara ngalagena nyaéta nomer...

a)

(1) jeung (2)

b)

(2), (3) jeung (4)

c)

(1),(3) jeung (5)

d)

(1),(2) jeung (3)

e)

(4) jeung (5)

21.

Harti aksara sunda dina gambar nyaéta...

a)

Wilujeung Tuang

b)

Wilujeung Sumping

c)

Wilujeung Raos

d)

Wilujeung Boboran

e)

Wilujeung Tepang

22.

Harti kalimah di gambar nyaéta...

a)

Baban ka sakola jam tujuh

b)

Bapa ka sakola jam tujuh

c)

Budi ka sakola jam tujuh

d)

Bapak ka sakola jam dalapan

e)

Bapak ka pasar jam tujuh

23.

Harti kalimah di gambar nyaéta...

a)

Sendal jepit budi pegat

b)

Sapatu bodas budi ruksak

c)

Sendal jepit budi disumputkeun

d)

Sendal lebaran budi dibumi

e)

Sendal jepit budi warna beureum

24.
a)

BU AYU

b)

PA ANANDA

c)

ANIRA

d)

BU NONI

e)

BU NINA

25.

Transliterasi Aksara Latén tina aksara Sunda téks di luhur nyaéta ....

a)

Hanjakal Jalir

b)

Tambarakan Teuing

c)

Lindeuk Japati

d)

Tineung Kadeudeuh

e)

Tanjakan Jaladri

26.

Ieu di handap anu mangrupa unsur atawa babagian dina Aksara Sunda, nyaéta ....

a)

Tanda baca

b)

alpabét

c)

hanacaraka

d)

ngalagena

e)

ngalalana

27.

 

“bobo sapanon carang sapakan”

Kalimah di luhur lamun ditulis ku aksara Sunda nyaéta ....

a)

b)

c)

d)

e)

28.
a)

Padaherang

b)

Ciamis

c)

Pangandaran

d)

Parigi

e)

Cimerak

29.

Téks di luhur mangrupa conto babasan anu hartina ....

a)

jalma nu resep nyokotan barang hak batur

b)

Jalma nu babari dititah titah

c)

Jalma anu adigung

d)

Jalma anu teu bisa ngajaga rusiah

e)

Jalma nu goréng milikna

30.

AKSARA SUNDA DI GAMBAR DIBACANA ....

a)

Ra

b)

Ka

c)

Sa

d)

Pa

e)

Na

31.

HARTI KALIMAH DI GIGIR NYAETA....

a)

SUSI TEH KEMBANG DESA

b)

SUSI TÉH KEMBANG DÉSA

c)

SUSI TÉH RESEPEUN KANA KEMBANG

d)

SUSI TÉH NUJU KA KANTOR DESA

e)

SUSI TÉH JAJAN DI CAKET DÉSA

32.
a)

SASAR

b)

DAHAR

c)

DASAR

d)

DADASAR

e)

DADAKAN

33.

KECAP DI GIGIR HARTINA NYAETA....

a)

EMAN

b)

EUPAN

c)

EUNTEUNG

d)

ESTUNING

e)

ENYA

34.

harti aksara sunda di gigir nyaeta...

a)

dr dadan

b)

Prof. Dr. H. Dandan Hamdan

c)

Prof. Dr. H. Dadan Hamdan

d)

Prof. Dr. H. Dadan Ramlan

e)

Prof. Dr. H. Dadan Ramdan

35.

harti kecap aksara sunda di gigir nyaeta....

a)

11 juli 2010

b)

9 juni 2010

c)

12 juli 2010

d)

12 juni 2020

e)

12 juni 2010

36.

Aksara ngalagena serepan dina aksara sunda nyaéta ...

a)

fa, va, qa, wa, za

b)

fa, va, qa, xa, za

c)

va, qa, xa, za, pa

d)

fa, va, qa, xa, pa

e)

fa, va, qa, pa, za

37.

Gambar ieu mangrupa wangun aksara sunda?

a)

tulen

b)

Konsonan

c)

Ngalagena

d)

Swara

e)

serepan

38.

Gambar di luhur mangrupa wangun aksara Sunda tina kecap...

a)

Bisa

b)

Basa

c)

Bara

d)

Baca

e)

Bisi

39.

Anu mangrupa wangun aksara sunda tina kecap “naon” nya eta...

a)

b)

c)

d)

e)

40.

Gambar di luhur mangrupa wangun aksara Sunda tina kecap...

a)

 

Amar

b)

Amik

c)

Amat

d)

Amis

e)

Amus

41.

Dina hiji poě Sakadang Kuya keur něangan kadaharan, ti isuk kěněh nepi ka beurang maněhana tacan keněh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poě, maněhna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naěk. 

Kulantaran kitu, tuluy maněhna běběja ka Sakadang Monyět, měnta tulung. Kie omongna “Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan” 

“Hadě,” tembal Sakadang Monyět. “Di mana?” Tuluy maraněhna arindit babarengan ka tempat tangkal cau těa. Sakadang Monyět, tuluy naěk, metikan cau hiji-hiji bari ditungtut dihakanan.  

Sempalan Dongéng diluhur kaasup kana jenis dongéng .....

a)

pabel

b)

parabel

c)

mite

d)

sasakala

e)

sage

42.

Dongéng mibanda ciri-ciri anu bisa ngabédakeunnana jeung wangun basa lancaran (prosa) lainna.

Di handap ieu nu teu kaasup ciri-ciri dongéng nyaéta….

a)

sakabéh eusi caritana bohong

b)

sumberna tatalépa sacara lisan

c)

awalna kagolong kana sastra lisan

d)

teu jelas nu ngarangna (anonim)

e)

ngandung unsur-unsur pamohalan

43.

Sakadang Kuya mah teu diběrě sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak wě neureuyan ciduh. “Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok. 

Tapi Sakadang Monyět teu malire, jongjon baě metikan jeung ngadaharan, kalahkah malědogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males. 

Watek tokoh monyět dina éta dongěng digambarkeun tina….

a)

kabiasaan jeung kaayaan lingkungan sabundeuranana

b)

disebutkeun langsung ku pangarangna

c)

caritaan tokoh séjén

d)

penampilan jeung réngkak polahna

e)

dedeg pangadeg jeung kahayangna

44.

“Hampura baě atuh nu enggeus-enggeus mah!, sing karunya ka uing ku hayang ngasaan buah loa paparin Děwata!” omongna deui lengas lengis.

Terjemahan tina kecap anu lengas lengis nyaěta….

a)

merebut

b)

mencuri

c)

memaksa

d)

menengadah

e)

memelas

45.

Watek sakadang kuya miboga hate dendam jeung hayang males kanyeuri ditunjukkeun ku kalimat…..

a)

“Sakadang Monyět, uing manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi hanjakal teu bisa naěk, cing tulungan pangalakeun, engkě paparoan”

b)

ah, ulah ngaganggu, uing těh keur ngeunah ngadahar buah loa paparin ti Děwata. Kakarka uing mah barang dahar ni’mat kieu.”

c)

“Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon”

d)

Keur naon makě měrě ka maněh, kapan barěto gě maněh teu měrě cau ka uing, padahal ěta těh uing anu manggihana?”

e)

“Nya ari maksa-maksa teuing mah kop baě, tuh cokot deukeut tangkal caringin itu!”

46.

Sakadang Kuya kacida sugemanana, lantaran geus bisa males kanyeri hatěna keur barěto.

harti Bahasa Indonsia pikeun kecap sugema nyaěta….

a)

puas

b)

bahagia

c)

nelangsa

d)

bangga

e)

bahagia

47.

Sakadang Kuya mah teu diběrě sapotong-potong acan, atuh bati cumeplak wě neureuyan ciduh. “Sakadang Monyět, mana bagian uing? Kapan geus jangji paparon” ceuk Sakadang Kuya ngagorowok

Tapi Sakadang Monyět teu malire, jongjon baě metikan jeung ngadaharan, kalahkah malědogan ku cangkangna. Sakadang Kuya pohara nyerieunana, ngunek-ngunek hayang males.

harti tina kecap anu di bedakeun tulisana nyaeta?

a)

dibagi dua - berteriak - peduli - santai

b)

dibagi dua - bercerita - peduli - segera

c)

dibagi dua - bercerita - serakah - selonjor

d)

pemberian - berkata - egois - santai

e)

pemberian - berteriak - peduli - santai

48.

Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumeber di masarakat. Carita saperti kitu kaasup kana dongéng….

a)

pabel

b)

parabel

c)

sasakala

d)

mite

e)

sage

49.

Dina hiji poě Sakadang Kuya keur něangan kadaharan, ti isuk kěněh nepi ka beurang maněhana tacan keněh manggihan nanaon. Ngahaeut ka tengah poě, maněhna manggih tangkal cau nu buahna geus asak, tapi kumaha da teu bisa naěk. 

Unsur instrinsik anu dominan tina sempalan dongěng di luhur nyaěta….

a)

těma

b)

palaku/watek

c)

latar

d)

galur

e)

amanah

50.

Nu dimaksud pamohalan teh nyaeta...

a)

Bagian carita anu kaharti ku akal

b)

Bagian carita anu logis

c)

Bagian carita anu teu kaharti ku akal

d)

Bagian carita anu deskripsina jelas

e)

Bagian carita anu deskripsina teu jelas

51.

Ieu di handap kaasup kana conto dongeng sasakala nyaeta . . . .

a)

b)

c)

d)

e)

52.

Ieu di handap conto-conto unsur pamohalan dina dongeng, iwal...

a)

jalma bisa komunikasi jeung mahluk goib

b)

sasatoan bisa ngomong

c)

parahu bisa robah jadi gunung

d)

manusa bisa ngapung

e)

nu beunghar sok nyiksa nu sangsara

53.

Samemeh rea dibukukeun, nyebarna dongeng teh ngaliwatan...

a)

Lisan

b)

Naskah

c)

Prasasti

d)

Panggung teater

e)

Tulisan

54.

Anu dimaksud jejer nyaéta....

a)

Judul

b)

Ide Carita

c)

Jalan carita

d)

Latar

e)

Palaku

55.

Unsur intrinsik dongeng anu ngajelaskeun jalan carita dongeng disebut . . . .

a)

Jejer

b)

Amanat

c)

Alur

d)

Palaku

e)

Latar

56.

“Dyah Pitaloka Dewi Citra Resmi kuciwa ka karajaan Majapahit anu hianat ka karajaan Sunda...”

Kecap kuciwa hartina nuduhkeun....

a)

Alur Maju

b)

Alur Mundur

c)

Latar Tempat

d)

Latar Waktu

e)

Latar Suasana

57.

Tokoh dongeng komedi anu kasohor di Sunda nya eta...

a)

Si Joko

b)

Si Kabayan

c)

Si Ilham

d)

Si Mamat

e)

si sule

58.

Dongeng "Sangkuriang / Sasakala Gunung Tangkuban Parahu", kaasup kana wanda dongeng...

a)

Fabel

b)

Sasakala

c)

Farabel

d)

Mite

e)

sage