NEW
Font size
WorksheetsKuis dongeng Bahasa Sunda
Total questions: 15
Worksheet time: 21mins
Carita Rékaan anu dikarang dina wangun basa lancaran kalawan sumebarna sacara lisan téh disebutna ...
Carpon
Dongeng
Sajak
Carpon
Salasahiji ciri tina karangan Dongéng téh nyaéta ...
Sumebarna sacara lisan
Témana ngeunaan kahirupan Raja
Loba ditulis dina buku jeung majalah
Palakuna jin jeung Siluman
Dongéng anu eusina nyaritakeun sasatoan kalawan paripolahna saperti manua disebut ...
sage
mite
parabel
fabel
Dumasar Papasinganana, anu disebut dongéng legénda téh nyaéta ...
Dongéng anu eusina nyaritakeun paripolah jalma biasa, anu sakapeungmah sok mahiwal, pikaseurieun.
Dongéng nu eusina nyaritakeun kajadian atawa asal-muasal hiji hal, hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan.
Dongéng anu raket patalina jeung kapercayaan masarakat kana bangsa hal-hal anu goib
Dongéng nu eusina nyaritakeun hij kajadian atawa hiji jalma, anu aya patalina eujeung hiji sajarah.
Dumasar eusina "Nyi Roro Kidul" kaasupna kana wanda (jenis) dongeng ...
Sasakala
Parabel
Sage
Mite
Dongéng "Si Kabayan Ngala Nangka" kaasup kana wanda (jenis) dongeng ...
Fabel
Farabel
Sage
Sasakala
Mana nu kaasup kana Ciri-ciri Dongéng ...
Anonim, Ngagunakeun basa lancaran anu pondok, Caritana rékaan sarta ngandung ajén pamohalan
Ngandung ajén atikan (pendidikan), basana kudu baku, sarta teu ngandung ajén pamohalan
Ngagunakeun basa lancaran anu pondok, kaasup kana wangun guguritan, eusina aya aturana, jeung basana kudu baku.
Sumebar sacara tatalépa, teu ngandung ajén pamohalan, sarta basana kudu baku
Mana nu kaasup kana Unsur-unsur Dongéng ...
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan, sarta Galur
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan, Palaku katut watekna, Galur sarta Amanat
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan, sarta Amanat
Téma, Latar Tempat, waktu, suasana/kaayaan,
Runtuyan kajadian ti mimiti carita nepi ka tung-tung carita disebutna ...
Jejer
Latar
Puseur Sawangan
Galur
Ieu di handap kaasup kana conto dongeng sasakala nyaeta . . . .
Titenan sempalan dongeng di hanadap ieu!
Ku lantaran ambek jeung apal yén Dayang Sumbi geus ngagagalkeun rencanana, teu antaparah deui parahu anu geus méh réngsé téh ditajong ku Sangkuriang nepi ka nangkubna. éta parahu nangkub téh robah jadi Gunung Tangkuban Parahu. Ari tunggul-tunggul kai anu dituaran ku Sangkuriang keur bahan nyieun parahu téa, ayeuna katelah Bukit Tunggul.
Ku naon sababna eta dongeng asup kana dongeng sasakala?
Sabab Sangkuriang teu bisa nyieun parahu dina waktu sapeuting
Sabab Sangkuriang kudu nyieun parahu dina waktu sapeuting
Sabab Dayang Sumbi teu daek narima cintana Sangkuriang nu jadi anakna
Sabab dina eta dongeng dicaritakeun ngeunaan sasakala Gunung Tangkuban Parahu.
Perhatikeun sempalan dongéng ieu di handap!
Sangkuriang kacida ngajenghokna barang nenjo balebat. Manehna ambek sabab moal tulus kawin jeung Dayang Sumbi. Parahu anu rek geus anggeus ditalapung satakerna. Mengpeng ka tempat anu kacida jauhna. Ragragna eta parahu nangkub. Jleg salin jinis jadi gunung anu katelah Gunung Tangkuban Parahu. Talaga anu geus ngemplang dibedahkeun. Brah bedah, caina palid ngocor ka hilir, nepi ka ahirna jadi padataran Bandung kiwari.
Unsur pamohalan dina sempalan dongeng di luhur, nya éta…
Sangkuriang ngajenghok
Sangkuriang kacida ngajenghok barang nenjo balebat
Ragragna eta parahu nangkub, jleg salin jinis jadi gunung anu katelah Gunung Tangkuban Parahu
Sasatoan leuweung kagareuwahkeun, hayam jago kongkorongok
Perhatikeun sempalan dongéng ieu di handap!
Saperti biasa, unggal soré merak-merak jalu sok némbongkeun kamonésanana, adu manis mébérkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang. Si Candrika ogé teu tinggaleun. Malah aya leuwihna, lantaran manéhna hayang némbongkeun kabungahna pédah geus jadi merak bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid pédah buluna teu éndah. Si Candrika leuwih motah ti merak-merak séjén.
Eusi dongéng di luhur nyaéta nyaritakeun.....
Si Candrika resep merak
Si Candrika anu teu bisa narimakeun kaayaan dirina salaku bangsa gagak
Si Candrika ngarasa gagak téh manuk nu panggoréngna
Merak jeung gagak téh sabangsaning manuk
Dongéng anu nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah, disebut....
Legenda/sasakala
Farabel
Carita babad
Mitos
Dina dongeng sasatoan, sato naon anu loba akal (cerdas)?
Monyet
Peucang
Gajah
Kuya
