wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Belajar Bersama Bahasa Sunda

Total questions: 40

Worksheet time: 58mins

Name
Class
Date
1.

Titénan pedaran di handap ieu!

Otto Iskandar dinata nyaéta salah sahiji pahlawan nasional asal ti Jawa Barat. Anjeunna dipikawanoh ku jujuluk “Si Jalak Harupat”.

Harti jujuluk pahlawan anu aya dina éta pedaran nyaéta ....

a)

jujur, korupsi, khianat jeung sederhana

b)

merjuangkeun jadi presiden indonesia

c)

ngabersihan penjajah anu masih nyesa

d)

wani, teges, jeung satia kana perjuangan

2.

Pahlawan nasional nu boga gelar pahlawan Pendidikan nyaéta ....

a)

Dewi Sartika

b)

Kartini

c)

Otto Iskandar

d)

Soekarno

3.

Titénan pedaran di handap ieu!

R.A. Kartini jeung Dewi Sartika nyaéta dua tokoh awéwé anu duanana boga jasa gedé dina ngamajukeun pendidikan pikeun kaum wanoja di Indonesia.

Anu ngabédakeun tujuan perjuangan tokoh dina éta pedaran nyaéta ....

a)

Kartini hayang nyetaraan hak awéwé, sedengkeun Dewi Sartika hayang ngadidik awéwé supaya mandiri.

b)

Kartini hayang merjuangkeun awewe supaya mandiri, sedengkeun Dewi Sartika berjuang pikeun emansipasi.

c)

Kartini nerbitkeun loba buku, sedengkeun Dewi Sartika nyieun sakola ngaput sangkan awewe mandiri.

d)

Kartini turun ka medan perang merjuangkeun kamerdekaan, sedengkeun Dewi Sartika nyieun sakola.

4.

Titénan pedaran di handap ieu!

Déwi Putrana Bu Nani, Bu Nani Kagungan ibu, namina Bu Mimin. Bu Nani kagungan raka istri, namina Bu Wati, Ari rakana nu pameget namina Pa Darma. Bu Mimin kagungan ibu namina Bu Nunung.

Niténan kana éta pedaran, hubungan pancakaki Bu Nunung ka Dewi Nyaéta ....

a)

bao

b)

buyut

c)

bibi

d)

indung

5.

Titénan pedaran di handap ieu!

Rita téh anak lanceukna Bu Mira, sedengkeun Dami téh anak Adina Bu Mira. Bu mira ka Rita jeung Dami téh nyebut ....

a)

ka Rita nyebutna alo, sedengkeun ka Dami nyebutna suan.

b)

ka Rita nyebutna suan, sedengkeun ka Dami nyebutna alo.

c)

ka Rita nyebut kapilanceuk, sedengkeun ka Dami kapiadi

d)

ka Rita nyebutna ua istri, ka Dami nyebutna emang

6.

Titénan wawaran di handap ieu!

Ari pupusna di Tangerang, sasih Désémber 1945. Radén Oto hirup di lingkungan kulawarga priyayi anu boga jiwa ngarayat.

Eusi anu luyu jeung éta wawaran nyaéta ....

a)

ngeunaan pupusna Oto Iskandar Di Nata di Tangerang, dina sasih Désémber 1945.

b)

ngeunaan Oto anu hirupna ngarayat, mriyayi, loba pangabisa, ngabogaan gelar hadé.

c)

ngeunaan Oto nyaéta salah sahiji pahlawan nasional asal ti Bandung, Jawa Barat.

d)

ngeunaan Oto kungsi janten guru di Kweekschool Bandung sarta aktip dina organisasi

7.

Titénan bacaan di handap!

Ujang téh budak kelas genep anu kacida rajin diajar. Unggal peuting saméméh sare, anjeunna sok maca buku di gigireun ranjangna. Sok aya ogé emana ngingetan, “Ujang, maca bukuna tong kaganggu ku hapé, nya?” Ujang sok ngajawab bari seuri leutik, “Muhun, ema, Ujang maca heula.” tuluy emana nempas ”ulah ngan muhun-muhun hungkul tapi laksanakeun.”

Anu kaasup kana kalimah wawaran dina éta bacaan nyaéta ....

a)

”Muhun, ema, Ujang maca heula.”

b)

”Ujang, maca bukuna tong kaganggu ku hapé.”

c)

Ujang téh budak kelas genep anu kacida rajin diajar

d)

”ulah ngan muhun-muhun hungkul tapi laksanakeun

8.

Titénan deskripsi di handap ieu!

Saméméh angkat sakola, Dudi tos emam hela di bumina. Tapi, di sakolana Dudi tuluy jajan deui meni ranggém lengeun kenca katuhuna ku jajanan. Babaturanana ngomong, “Dudi mah beuki barang dahar.”

Babasan nu luyu pikeun tokoh dina éta déskripsi nyaéta ....

a)

ahli leleb

b)

akal koja

c)

amis budi

d)

atah adol

9.

Titénan babasan di handap ieu!

Dami mah ahli leleb, sedengkeun Amar mah peujit koréseun.

Nu ngabédakeun harti dua éta babasan nyaéta ....

a)

ahli leleb mah tukang barang dahar, sedengkeun peujit koréseun babari lapar

b)

ahli leleb mah tukang jajan, sedengkeun peujit koréseun harésé kana  dahar.

c)

ahli leleb mah daharna gede, sedengkeun peujit koréseun mah daharna saeutik.

d)

ahli leleb mah sagala didahar, sedengkeun peujit koréseun mah milih dahareun.

10.

Ragam undak usuk basa nu merenah nyaéta ....

a)

b)

c)

d)

11.

Pa Guru can datang ka kelas. Ragam bahasa hormat nu luyu tur merenah pikeun éta kalimah nyaéta ....

a)

Pa Guru teu acan balik ka sakola.

b)

Pa Guru teu acan sumping ka sakola

c)

Pa Guru teu acan dongkap ka sakola

d)

Pa Guru teu acan wangsul ka sakola

12.

Nu ngabédakeun antara basa lemes jeung basa loma nyaéta ....

a)

basa lemes dipaké pikeun ka sasama, ari basa loma pikeun ka nu dihormat.

b)

basa lemes dipaké pikeun ka nu dihormat, ari basa loma pikeun ka sasama.

c)

basa lemes dipaké pikeun ka sorangan, ari basa loma pikeun ka babaturan.

d)

basa lemes dipaké pikeun ka babaturan, ari basa loma pikeun ka sorangan.

13.

Titénan kawih di handap ieu!

Teu honcéwang sumoréang

Tékadna pahlawan bangsa

...

Mun maksud tacan laksana

Kalimah pikeun ngalengkeupan éta kawih nyaéta ....

a)

cadu mundur pantrang mulang

b)

iklas rido keur korban merdéka

c)

kadar jembar raharja wibawa

d)

taya basa ménta pamulang tarima

14.

      Titénan kawih di handap!

Kawih “Karatagan Pahlawan”
Pahlawan urang téh gagah perkasa,
Rela ngorbankeun nyawa pikeun nagara,
Jasana teu bakal leungit ku mangsa,
Jadi panutan salamina.

eusi utama tina éta kawih nyaéta ....

a)

eusina ngébréhkeun rasa hormat ka pahlawan sarta ngajarkeun supaya urang nurut kana tauladanna, hormat, jeung satia ka nagara.

b)

eusina nyaritakeun perjuangan barudak sakola jaman baheula, bari sakola bari perang sangkan améh disebut pahlawan.

c)

eusina pahlawan hayang meunang penghargaan ti nagara, sabab geus rela ngorbankeun nyawa pikeun nagara indonesia.

d)

eusina pahlawan téh gagah perkasa, ngorbankeun nyawa pikeun nagara, jasana loba nu dijadikeun panutan salamina

15.

Nu ngabédakeun antara aksara ngalagena jeung aksara swara dina aksara Sunda téh nyaéta ....

a)

aksara ngalagena pikeun nulis sora vokal, ari aksara swara pikeun sora konsonan.

b)

aksara ngalagena pikeun sora konsonan, ari aksara swara pikeun sora vokal.

c)

aksara ngalagena pikeun angka sora engang, ari aksara swara pikeun rarangkén.

d)

aksara ngalagena pikeun runtuyan aksara awal, ari aksara swara pikeun sora serepan.

16.

Aksara sunda ieu          sarua jeung hurup ....

a)

a, i, e, eu, o

b)

i, e, eu, o, a

c)

e, o, a, i, eu

d)

o, a, i, e, eu

17.

Anu kaasup kana aksara sunda sampakan nyaéta ....

a)

ᮊ  ᮌ  ᮙ  ᮃ

b)

ᮊ  ᮌ  ᮙ  ᮖ

c)

ᮊ  ᮌ  ᮍ  ᮎ

d)

ᮊ  ᮌ  ᮍ  ᮖ

18.

Kalimah Pahlawan toha ditulis kana aksara sunda nu benér nyaéta ....

a)

ᮛᮨᮙ᮪ᮕᮥᮌ᮪ ᮏᮥᮊᮥᮀ

b)

ᮠᮔ᮪ᮏᮥᮃᮀ ᮞᮤᮃᮀ

c)

  ᮊᮛᮒᮌᮔ᮪ ᮕᮠᮣᮝᮔ᮪

d)

ᮕᮠᮣᮝᮔ᮪ ᮒᮧᮠ

19.

Jawaban tina ᮶ + ᮵ nyaéta ....

a)

᮱᮱

b)

᮱᮲

c)

᮱᮳

d)

᮱᮴

20.

Titénan tabel di handap ieu!

Runtuyan maca aksara sunda anu bener nyaéta ....

a)

4), 1), 2), 3)

b)

4), 3), 2), 1)

c)

4), 2), 1), 3)

d)

4), 3), 1), 2)

21.

Titénan di handap ieu!

A. Mimiti di Pasantrén Gunung Pari jeung Cilenga Leuwisari. 

B. Salila 17 taun ngulik bagbagan agama. munasabah Hudémi mahér basa Arab, jumhur kaweruh agama.     C. Tuluy ka Pasantrén Sukamiskin.

   D. Satamatna ti Sakola Rayat, Hudaémi pipindahan masantrén.

Runtuyan kalimah nu bener sangkan jadi paragrap nu luyu nyaéta ..., ..., ..., jeung ...

(a)  

22.

Radén Déwi Sartika ngabogaan sakola nu disebut (a)  

23.

Jalma anu jadi anak ti anak urang disebut (a)  

24.

Nu ngabédakeun ua jeung emang nyaéta ua mah ... emang mah ...

(a)  

25.

Ngarasa lugina sanggeus réngsé gawé beurat. Babasan nu luyu tur merenah pikeun éta kalimah nyaéta (a)  

26.

Titénan wawaran di handap ieu!

1.      Virus nu geus nyebar jadi ngawabah di nagara urang di taun 2000 kamari.

2.      Kota Jakarta nu sok macét.

Dumasar kana éta wawaran di luhur, nu ngabédakeun eusi éta dua wawaran nyéta (a)  

27.

Murid SDN Sukamaju meunang juara lomba kabersihan sakola sakacamatan. Eusi éta wawaran aya patalina jeung (a)  

28.

Titénan carita di handap!

Dina isuk-isuk, Euis nyarita ka nini na, “Ni, maneh tos tuang acan?”
Nini ngajawab, “Acan, ayeuna rék neda heula.”

Kasalahan éta eusi carita ditilik tina undak usuk basa nyaéta aya dina kecap (a)  

29.

Titénan paguneman di handap!

Getih suci nyiram bumi

Tulang setra tulang lemah

Babakti nyungkem pertiwi

Cikal bugal putra bangsa

Bukti yén eusi éta kawih téh ngeunaan pahlawan nyaéta aya dina padalisan ka (a)  

30.

Titénan paguneman di handap!

“Kumaha caritana dugi ka anjeun tiasa meunang juara lomba maca sajak tingkat kabupaten?”
“Abdi latihan unggal poé, sarta diajar ngedalkeun émosi dina unggal padalisan.”

“Saha anu ngalatih anjeun?”
“Guru basa Sunda di sakola, Bu Rina, nu sok méré bimbingan.”

Paguneman di luhur kaasup kana jenis paguneman (a)  

31.

Titénan wawaran di handap ieu!

Dina paguneman biasa, biasana jalma nu ngobrol silih tukeur carita pikeun ngahibur atawa ngobrol sapopoe. Dina paguneman wawancara, aya nu nanya (pewawancara) jeung aya nu ngajawab (narasumber) pikeun meunang informasi.

Nu ngabédakeun jinis paguneman nu aya dina éta wawaran nyaéta ditilik tina (a)  

32.

Titénan paguneman di handap ieu!

A: “Kumaha asal muasal anjeun mimiti dagang baso, Mang?”
B: “Abdi mimiti dagang ti taun 2010, waktu éta ngagunakeun gerobak leutik.”
A: “Sabaraha mangkok biasana tiasa dijual sapoé?”
B: “Upami dinten rame, tiasa ngahontal saratus mangkok langkung.”
A: “Naon cita-cita anjeun salajengna?”
B: “Mugia tiasa gaduh warung baso sorangan.”

Bukti yén paguneman téh mangrupa paguneman wawancara bisa ditingali tina (a)  

33.

Titénan wawaran di handap ieu!

a)      Nyiapkeun daptar patarosan.

b)      Nyieun laporan hasil wawancara.

c)      Milarian narasumber nu pas.

d)      Nulis kasimpulan tina hasil wawancara.

Nu kaasup persiapan ngalakukeun wawancara dina éta wawaran nyaéta ... jeung ...

(a)  

34.

Aksara sunda ᮘᮕ mun disalin kana aksara laten nyaéta (a)  

35.

᮱ , ᮳ , ᮵ , ᮷ , ᮹ kaasup angka wilangan ..., sedengkeun ᮲, ᮴, ᮶, ᮸, ᮰ kaasup angka wilangan

(a)  

36.

Titénan gambar di handap ieu!

Cik  jieun biografi singget ngeunaan tokoh dina éta gambar!

4 lines
37.

Titénan gambar di handap ieu!

Jieun 3 kalimah wawaran ngeunaan éta gambar!

4 lines
38.

Titénan kalimah-kalimah di handap ieu!

a)      Raka barayana Ika

b)      Ema mawa kalapa

c)      Ngahaja ngala lauk

Salin kalimah-kalimah di luhur kana aksara sunda nu bener!

4 lines
39.

Titénan bacaan di handap ieu!

Thomas Alva Edison téh élmuwan jeung panemu asal Amérika Serikat. Anjeunna lahir taun 1847 di Milan, Ohio. Edison kasohor minangka panemu lampu pijar sarta loba alat penting séjén. Anjeunna jalma anu tekun jeung henteu gampang nyerah. Panemuanana ngajadikeun kahirupan manusa leuwih caang jeung maju.

Jieun tanggapan nu luyu tur merenah pikeun éta bacaan!

4 lines
40.

Titénan gambar di handap ieu!

Jieun patarosan anu pas pikeun ngawawancara jalma dina éta gambar!

4 lines