Font size
WorksheetsLATIHAN SOAL BAHASA SUNDA KELAS 4
Total questions: 43
Worksheet time: 22mins
Conto kaulinan barudak lalaki nyaeta . . .
sondah
beklen
poces
hahayaman
Anjang-anjangan kaasup kana kaulinan barudak . . .
lalaki
awewe
laleutik
lalaki jeung awewe
Kaulinan galah kaasup kaulinan anu merlukeun jalma . . .
duaan
tiluan
saeutik
loba
Lulumpatan dina kaulinan boy-boyan mibanda ajen . . .
olahraga
sosial
rekreasi
emosi
Anu ditumpuk-tumpuk dina kaulinan boy-boyan nyaeta . . .
batu
bal keretas
bal tenes
talawengkar
Kaulinan anu diulinkeun paling saeutik dua urang nyaeta . . .
ucing-ucingan
galah
congklak
luncat tali
Prak tengetan kakawihan di handap.
Cing ciripit
Tulang bajing kacapit
Kacapit ku bulu pare
Tuluyan tina kakawihan di luhur nyaeta . . .
bulu pare nu pa lebe
ari re, rebo barang
bulu pare seuseukeutna
jol pa dalang
Prak tengetan kakawihan di handap.
Ari ca, Cau Ambon
Ari bon, Bonténg asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Judul kakawihan di luhur nyaeta . . .
sampurasun
punten
mangga
rampes
Bayu keur nyentang poces.
Kecap barang dina kalimah di luhur nyaeta . . .
Bayu
keur nyentang
poces
Bayu, poces
Nu teu kaasup kecap barang nyaeta . . .
dokter
nuju marios
pasen
di rohangan
Karangan anu ngagambarkeun hiji hal disebut karangan . . .
deskripsi
narasi
eksposisi
persuasi
Kakuatan pikeun ngalaksanakeun rupa-rupa kagiatan sapopoe disebut . . .
energi
hemat energi
energi listrik
energi cai
Energi kudu dihemat lantaran . . .
mahal
arang aya
bakal erep
hese diolahna
Leumpang ka sakola mangrupakeun salh sahiji tarekah hemat . . .
listrik
BBM
batubara
cai
Lalambaran atawa plastik laleutik anu ditempelkeun dina kaca, buku, kandaraan, jeung sajabana nyaeta . . .
poto
stiker
poster
spanduk
plakat anu ditempel di tempat umum saperti tembok, eusina mangrupa embar nyaeta . . .
poto
stiker
poster
spanduk
Ngagunakeun tetecean nalika naek ka luhur mibanda mangpaat hemat . . .
tanaga
cai
listrik
bengsin
Conto parabot nu ngagunakeun tanaga panas matahari nyaeta . . .
mobil listrik
pompa cai
kipas angin
lampu jalan tanaga surya
Bayu keur ulin jeung Dadan Halim sarta Andi.
Tanda koma nu merenah pikeun kalimah di luhur nyaeta . . .
Bayu keur, ulin jeung Dadan, Halim, sarta Andi.
Bayu, keur ulin, jeung Dadan, Halim, sarta Andi.
Bayu keur ulin jeung Dadan, Halim, sarta Andi.
Bayu keur ulin jeung Dadan, Halim sarta Andi.
Tanda koma nu merenah aya dina kalimah . . .
Iy, itu aya oray meni, gede!
Hiji, dua, tilu, ... lumpat!
Pangnyandakeun buku, koran dina meja!
Andini dititah meuli tomat, cengek jeung bawang.
Di handap iyeu tarekah ngahemat cai, iwal . . .
cai teu dipareumpan
ngagunakeun cai sacukupna
nandean ci hujan keur ngepel
ngagunakeun cai urut meresihan sayur pikeun nyebor tutuwuhan
Aya pasawahan, kebon, tatangkalan, paimahan teu pati pepek, mangrupa ciri lingkungan . . .
pilemburan
pakotaan
sisi basisir
leuweung
Kuring mah dumuk di pilemburan di tutugan Gunung Gede, hawana . . .
panas
bayeungyang
tiris
ngelekeb
Jeung tatangga sabudereun kudu mibanda sikep silih . . .
poyokan
simbeuh
penta
asih
Alatan di sabudereunana aya kebon, huma, jeung sawah, masarakatna loba nu jadi . . .
pamayang
patani
paninggaran
palika
Isuk-isuk kandaraan pasuliwer di jalan raya, gedong-gedong ngajujul ka langit, mangrupakeun ciri . . .
pilemburan
pakotaan
basisir
leuweung
Tatangkalan nu rea kapanggih di basisir nyaeta . . .
kiara
jambu
caringin
kalapa
Karangan deskripsi disebut oge karangan . . .
dadaran
pamadegan
ajakan
hayalan
Buku teh nuju . . . ku ibu.
di baca
diaos
di aos
dibaca
Kueh teh hilap teu . . .
kabawa
dibawa
kacandak
roris
Nabila nuju maca sajak . . . gedung.
di-
ka-
ka
di
Tataan nu kudu dipalire dina nulis karangan deskripsi nyaeta . . . (jawaban lebih dari 1)
sistematis
ngawincik
tangtu
ngajak
Kekecapan dina sajak kudu dipilihan sangkan . . . dibacana.
resep
endah
kaharti
katempo
Nu kudu diperhatikeun nalika maca sajak nyaeta . . .
lentong
pangarang
tempat
nu lalajo
Sora tambur ngadurdur
ditema tarompet muni,
tingkodoprak sapatuna,
samakta pakarangna,
anjeun saraged,
indit maju jurit,
toh pati jiwa raga,
keur ngabela nusa bangsa.
Pahlawan anu ditataan dumasar cutatan sajak di luhur nyaeta . . .
pamayang
guru
pajuang
patani
Sora tambur ngadurdur
ditema tarompet muni,
tingkodoprak sapatuna,
samakta pakarangna,
anjeun saraged,
indit maju jurit,
toh pati jiwa raga,
keur ngabela nusa bangsa.
Anu dikorabnkeun ti diri pahlawan di luhur nyaeta . . .
jiwa raga
tanagana
kapinteranana
hartana
Sora tambur ngadurdur
ditema tarompet muni,
tingkodoprak sapatuna,
samakta pakarangna,
anjeun saraged,
indit maju jurit,
toh pati jiwa raga,
keur ngabela nusa bangsa.
Cutatan sajak di luhuir miibanda . . . padalisan.
7
8
9
10
Sora tambur ngadurdur
ditema tarompet muni,
tingkodoprak sapatuna,
samakta pakarangna,
anjeun saraged,
indit maju jurit,
toh pati jiwa raga,
keur ngabela nusa bangsa.
Sipat nu dipibanda ku pahlawan dina sajak di luhur nyaeta . . .
gede wawanen
ihlas
tanggoh
jawaban abc bener
Pahlawan anu pancenna ngatik maparin pangaweruh nyaeta . . .
pamayang
patani
padagang
guru
Ngajenan jasa pajuang kamerdikaan caranya nyaeta . . .
tumut kana parenta sepuh
miceun runtah sagawayah
meuli produk luar nagri
hirup sauyunan sanajan beda sélér bangsa
Tumut kana parentahna salila teu maksiat mangrupa ngajenan jasa . . .
indung jeung bapa
pamayang
pajuang
padagang
Jalma anu milampah hiji pagawean anu mangpaat keur dirina jeung balarea nyaeta . . .
pahlawan
pamayang
patani
padagang
Sipat masagi nyaeta . . .
loba kabisa
gede hate
gotong royong
rido hate
