wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAS Bahasa Sunda Ganjil Kelas 5 Tahun 2025

Total questions: 30

Worksheet time: 36mins

Name
Class
Date
1.

Pék baca wacana ieu di handap pikeun ngajawab pananya nomer 1-5!

Lauk Emas Walungan

Karangan Yus R.I

Hujan ngecrek ti isuk-isuk nepi ka pasosoré. Bari ngopi neuteup pasawahan, sok ras ka mangsa keur budak taun 1980- an. Mangsa hujan raat pasosoré, barudak silih sampeur. Lamun henteu ngurek di sawah, nya nguseup di solokan .cai solokan semu kiruh , lébér nepi kana galengan.kajeun solokan leutik, tapi sok menangn waé lélé sagedé leungeun hiji séwang mah.

Anu arék didongéngkeun mah basa diajak ku Amang ngecrik di walungan. Puguh waé resep. Ngan sok keueung, apan tos hujan mah sok caah sagala. Ngan tenang sotéh apan jeung Amang anu geus kolot. “Urang nungguan hela cai rada orot.sugan wéhasilna mucekil, apan engké peuting rék ngaliwet bari ngadangukeun golék (wayang) di saung,” saur Amang.

Kuring unggeuk.enya waé, apan engkénpeuting téh malem Minggu. Sok resep ari ngaliwet di saung téh. Kajeun saukur ngagolér diharudum sarung tapihaneut tina durukan. Turun téh ti hilir. Mimiti mah beubeunangan téh seuseut. Beunteur hi-dua sagedé-gedé cingir ogé diala.tapi basa maju ka girang, kuring surak lantaran sakali ngarungkup maké menang lauk jaér nila aya genepna.beuki maju lauk téh beuki loba. Malah menang lauk emas sagedé piring sagala.

“Kojana pinuh, Mang,” ceuk kuring ngabéjaan.Amang katingalina siga nu bingung. “Sigana mah aya balong anu bedah,” saurna. “Urang balik hela wé, sigana masih loba laukna. ”Hanjat téh ti lebah sawah pa Haji Kohar. Sajajalan loba anu maregat pédah nempo beubeunangan anu mucekil. “ Hayu tarurun, euy, lauk emas na ogé sigana loba kénéh,” saur Amang.

Enya waé, ka walungan téh loba anu narurutan ngecrik. Amang jeung kuring anu balik deui bari mawa koja gedé, make menang lauk emas bibit sadua-dua sagala. Teu kaitung lauk nila sagedé dampal leungeun kolot mah. Atuh di walungan téh jadi ramé. Puguh atuh kolot budak tarurun. Aya anu milungecrik, nyair, aya ogé anu saukur lalajo. Beuki ka hilir lauk téh beuki loba. Ngan basa nepi ka lebah Leuwi Meri, Amang siga anu reuwas.

“Alah, Jang, boa-boa balong urang anu rempag téh,” saur Amang bari hanjat ti walungan. Tuluy ngagidig ka girangkeun mapay sisi walungan. Kuring nuturkeun bari ngajingjing koja pinuh ku lauk. Enya waé, anu rempag téh balong Amang. Sisibalong anu lébarna aya samétérna longsor ka walungan.“Lamun kieu mah lain mucekil atuh,” saur Amang dareuda. ***

(Dicutat tina Manglé.id kalayan diropéa saperluna)

Basa keur naon si kuring ngalamun téh ….

a)

ngopi bari neuteup pasawahan

b)

ngopi bari guneman

c)

 guneman bari neuteup pasawahan

d)

guneman bari neuteup pagunungan

2.

Hujan ngecrek ti isuk-isuk nepi ka pasosoré. Bari ngopi neuteup pasawahan, sok ras ka mangsa keur budak taun 1980- an. Mangsa hujan raat pasosoré, barudak silih sampeur. Lamun henteu ngurek di sawah, nya nguseup di solokan .cai solokan semu kiruh , lébér nepi kana galengan.kajeun solokan leutik, tapi sok menangn waé lélé sagedé leungeun hiji séwang mah.

Kumaha kaayaan harita téh….

a)

poék mongkléng

b)

hujan ngecrek ti isuk nepi ka soré

c)

peuting-peuting

d)

subuh-subuh

3.

Anu arék didongéngkeun mah basa diajak ku Amang ngecrik di walungan. Puguh waé resep. Ngan sok keueung, apan tos hujan mah sok caah sagala. Ngan tenang sotéh apan jeung Amang anu geus kolot. “Urang nungguan hela cai rada orot.sugan wéhasilna mucekil, apan engké peuting rék ngaliwet bari ngadangukeun golék (wayang) di saung,” saur Amang.

Naon anu di dongéngkeun harita téh ….

a)

pangalaman diajak ngecrik di walungan

b)

pangalaman nguseup

c)

pangalaman ngurek

d)

pangalaman keur budak

4.

Naon alesan nana kuring jeung Amang harita ngala lauk ka walungan téh ….

a)

rék nongton wayang

b)

rék kadatangan tatamu

c)

rék aya babaturan

d)

rék ngaliwet bari ngadangukeun wayang

5.

lamun kieu mah lain mucekil atuh, saur Amang dareuda. Tanda baca anu merenah dilarapkeun kana kalimah di luhur nyaéta …

a)

tanda koma

b)

tanda panyeluk

c)

tanda peun

d)

tanda kékénténg

6.

kaulinan anu biasa dipaénkeun ku budak awéwé nyaéta …

a)

Ngadu kaléci

b)

Anjang-anjangan

c)

Maén langlayangan

d)

Bébenténgan

7.

Kaulinan anu biasa dipaénkeun di lapangan nyaéta …

a)

Anjang-anjangan

b)

Oray-orayan

c)

Congklak

d)

Pacici-cici putri

8.

Istilah dina kaulinan ucing-ucingan dina ngabenangkeun nu nyumput disebut …

a)

suten

b)

bit

c)

cak

d)

hong

9.

Moro langlayangan sok disebut ku istilah …

a)

ngaroncé

b)

ngadu

c)

suten

d)

gelasan

10.

Pakakas digunakeun dina kaulinan sondah …

a)

kewuk

b)

bal

c)

Talawéngkar

d)

bebedilan

11.

pék tengetan gambar di handap!

a)

béklen

b)

congklak

c)

Éncrak

d)

kaléci

12.

Nu kaasup kana kalimah aktif nyaéta …

a)

Lengeunna dicoco reungit

b)

Udin maraban hayam

c)

Sendalna katajong ku barudak anu arulin

d)

Gera paraban hayamna

13.

Kalimah di handap anu kaasup kana kecap barang nyaéta …

a)

Mobilna mogok

b)

keur arulin di balong

c)

maraban hayam

d)

leumpang dijalan

14.

Wangun karya sastra anu kauger ku aturan saperti guru lagu jeung guru wilangan disebut ....

a)

wawacan

b)

sisindiran

c)

pupuh

d)

sajak

15.

Jumlah pupuh aya ...

a)

16

b)

17

c)

18

d)

20

16.

Pupuh anu mibanda watek prihatin nyaéta ....

a)

wirangrong

b)

maskumambang

c)

kinanti

d)

magatru

17.

sikep silihpikahormat jeung silihpikanyaah jeung sasama disebut ....

a)

hirup sauyunan

b)

hirup babrengan

c)

hirup tingtrim

d)

hirup duduluran

18.

Sikep anu ngagambarkeun hirup sauyunan jeung babaturan nyaéta ....

a)

nyeungseurikeun babaturan anu labuh tina sapédah

b)

ngabéda-béda babaturan anu teu sarua agamana

c)

ulin babarengan jeung saha waé di sakola

d)

paséa jeung babaturan sakelas

19.

Aksara Sunda anu diajarkeun di sakola-sakola nyaéta aksara Sunda ....

a)

kaganga

b)

carakan

c)

pégon

d)

unicode

20.

Aksara swara jumlahna aya ....

a)

6

b)

7

c)

8

d)

9

21.

Aksara ngalagena jumlahna aya ....

a)

25

b)

26

c)

27

d)

28

22.

ᮞ᮪ᮓ᮪ᮔ᮪ ᮎᮤᮜᮨᮔ᮪ᮒᮘ᮪ kalimahna nyaeta ...

a)

SMA CILENTAB

b)

SMP CIKIDANG

c)

SDN CILENTAB

d)

SDN CIKIDANG

23.

Aksara sunda anu kalimahna "sakola" nyaeta ...

a)

ᮞᮕᮒᮥ

b)

ᮞᮞᮕᮥ

c)

ᮞᮛᮌᮙ᮪

d)

ᮞᮊᮧᮜ

24.

Jumlah rarngken dina aksara sunda aya ....

a)

11

b)

12

c)

13

d)

14

25.

Kecap saharti tina kalimah "diuk"

(a)  

26.

Kecap saharti tina kalimah "indit"

(a)  

27.

Kecap sabalikna tina kalimah "Beunghar" (a)  

28.

kecap sabalikna tina kalimah "jangkung"

(a)  

29.

"Barudak mangka ngalarti" guru wilangan jeung guru laguna nyaeta ...., ....

(a)  

30.

Masangkeun kecap kana kalimah.

Pek pasangkeun kecap pananya kana kalimah nu merenah!

a)

........... Udin rek ka Bandung?

1.

Iraha

b)

............. nu keur diuk ngarendeng jeung Nina teh?

2.

Saha

c)

........... carana nambut buku ka perpustakaan?

3.

Kumaha

d)

............... nyimpen kantong teh?

4.

Dimana

e)

.......... harga buku ieu?

5.

Sabaraha