Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BS 6 TP 2 nganalisis unsur carpon

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Isuk-isuk, Rina indit ka sakola bari mawa tas beurat. Sanajan capé, manéhna tetep sumanget diajar supaya bisa ngahontal cita-citana. Téma nu luyu jeung carpon di luhur nyaéta …

a)

Kaayaan sakola

b)

Sumanget diajar

c)

Beuratna tas sakola

d)

Lalampahan ka sakola

2.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Dodi jeung lanceukna keur mantuan indungna beberesih di imah. Maranéhna silih bagikeun pancén supaya pagawean gancang réngsé. Palaku dina carpon di luhur nyaéta …

a)

Dodi

b)

Indung

c)

Dodi, lanceukna, jeung indungna

d)

Babaturan Dodi

3.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Isah nempo anak ucing di jalan. Isah tuluy mawa ka imah, masihan dahareun, sarta ngurusna nepi ka cageur. Galur carpon di luhur kaasup …

a)

Galur mundur

b)

Galur campuran

c)

Galur maju

d)

Galur lompat

4.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Peuting éta, angin ngahiliwir tiis. Ujang diuk sorangan di saung sawah bari ngadagoan kolotna balik. Latar waktu dina carpon di luhur nyaéta …

a)

Isuk-isuk

b)

Beurang

c)

Peuting

d)

Sore

5.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Dina lapang sakola, barudak keur latihan upacara. Maranéhna baris rapih jeung disiplin. Latar tempat dina carpon di luhur nyaéta …

a)

Di imah

b)

Di jalan

c)

Di lapang sakola

d)

Di kelas

6.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Nénék ceurik lantaran inget ka incuna nu jauh. Kaayaan imah karasa sepi jeung pikasediheun. Latar suasana dina carpon di luhur nyaéta …

a)

Bungah

b)

Sieun

c)

Pikasediheun

d)

Ramé

7.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Raka manggihan manuk tatu. Manéhna henteu nganiaya, tapi tuluy ngalaporkeun ka guru supaya manuk éta bisa dirawat. Amanat nu bisa dicokot tina carpon di luhur nyaéta …

a)

Manuk kudu dijauhan

b)

Ulah paduli ka sasatoan

c)

Urang kudu mikanyaah mahluk hirup

d)

Ulah ngalaporkeun ka guru

8.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Sanggeus balik sakola, Tia ngabantuan indungna masak. Sanajan capé, Tia ngalakukeunana kalayan ikhlas. Unsur carpon nu paling kaciri dina potongan carita di luhur nyaéta …

a)

Téma nulungan kolot

b)

Galur mundur

c)

Latar suasana sieun

d)

Amanat ngeunaan kaéndahan alam

9.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Budi kungsi malas diajar. Ayeuna manéhna inget deui ka kajadian baheula nalika meunang nilai goréng, tuluy Budi robah jadi rajin. Galur carpon di luhur kaasup …

a)

Galur maju

b)

Galur mundur

c)

Galur lurus

d)

Galur basajan

10.

Perhatikeun potongan carpon di handap ieu! Ardi nempo aya ucing liar di hareupeun sakola. Awakna kurus jeung gering. Ardi karunya tuluy nyaritakeun ka indungna sarta ngalaporkeun ka petugas supaya ucing éta dirawat. Unsur amanat dina carpon di luhur nyaéta …

a)

Ucing liar kudu dijauhan

b)

Sato liar bahaya

c)

Salaku manusa, urang kudu mikanyaah sasatoan

d)

Ucing teu meunang dipiara