

Carita Wayang
Presentation
•
World Languages
•
10th Grade
•
Practice Problem
•
Medium
Yudiansyah Asmara
Used 3+ times
FREE Resource
8 Slides • 10 Questions
1
Carita Wayang
Diajar Bahasa Sunda Bareng kang Yudi

2
Mikawanoh Carita Wayang
Di urang mah carita wayang th umumna nyebar ngaliwatan pagelaran wayang golk. Papadaning kitu aya sawatara buku atawa karangan anu nuliskeun deui carita wayang, boh mangrupa novel, carita pondok, dangding boh wawacan, anu eusi caritana biasana mah sempalan tina carita wayang.
3
Pedaran Carita Wayang
Babad Ramayana teh karangan Walmiki ti India. Caritana panjang pisan, jeung rea babagianana. Ngawengku 7 kitab, 24.000 pada, jeung 500 sargah. Ari di Indiana, eta teh sasat jadi kitab suci umat Hindu.
Salian ti epik Ramayana, aya deui epik Mahabarata nu dikarang ku Wiyasa. Sarua sohorna ieu ge. Malah teu kurang-kurang panjangna, jeung rea babagianana. Sarua deuih ieu ge ditulis di India jeung jadi kitab suci urang Hindu.
4
Epik Ramayana
épik Ramayana intina medar lalampahan Rama, Raja Ayodya, nu kawin ka Sinta. Hiji waktu, basa Rama, Sinta, dibaturan ku Lesmana keur araya di leuweung, datang Rahwana nyulik Sinta sarta diboyong ka Alengka. Puguh bae Rama murka. Anjeunna ngutus Anoman ka Alengka, tapi eta utusan Rama teh kalah kah dihukum. Anoman bisa kabur bari ngaduruk kota Alengka.
Rahwana anu keukeuh peuteukeuh embung mulangkeun Sinta diperangan ku Rama. Dina ta perang, Rama dibantuan ku pasukan wanara (monyt) ti Kisknda. Kabh pangagung Alngka palastra, kaasup Rahwana, rajana. Ngan Wibisana anu salamet th lantaran manhna mah biluk ka Rama. Sabada perang rngs, Alngka dipasrahkeun ka Wibisana. Rama jeung Sinta katut pangiringna balik deui ka Ayodya.
5
Efik Mahabarata
Ari Mahabarata mah nyaritakeun turunan Raja Barata nu kalibet perang sadulur. Ku lantaran ta pik Mahabarata sok disebut oge
Baratayuda atawa perang kulawarga Barata. Ari nu perangna nyata kulawarga Pandawa (rundayan ti Pandu), jeung kulawarga Kuraw (rundayan ti Destarata). Alatanana mah parebut tahta karajaan warisan ti karuhunna. Karajaan teh kuduna lungsur ka Kurawa, da Destarata teh putra cikal. Ngan lantaran Destarata teu walagri, karajaan ahirna dipasihkeun ka Pandu nu terus diwariskeun deui ka Pandawa. Ku hal eta, Kurawa salilana ngakalakeun Pandawa, padahal karajaan ge geus dibagi dua. Hiji mangsa, ku kalicikan Kurawa, pandawa diusir ti karaton lantaran eleh ngadu. Pandawa nu limaan teh kudu hirup sangsara mangtaun-taun. Waktu Pandawa nagih jangji, sangkan nagarana dipulangkeun, Kurawa ingkar tina jangjina. Ieu pacengkadan teh ahirna direngskeun ku perang di Kurusetra.
6
Asal Usul Carita Wayang
Asupna epik Ramayana jeung Mahabarata ka urang teh bareng jeung nyebarna agama Hindu di Nusantara. Tapi waktu agama Islam nyebar di Nusantara, para wali ngamangpaatkeun eta epik keur syiar Islam make media wayang. Nya ti dinya lahir pagelaran wayang nu dipirig ku gamelan, nu caritana nyokot tina sempalan Ramayana jeung Mahabarata.
Nya ti dinya deuih carita wayang teh asal-usulna, nyata carita dina pagelaran wayang nu mangrupa sempalan-sempalan tina pik Ramayana jeung Mahabarata.
Di tatar Sunda, carita wayang teh umumna dipagelarkeun dina pintonan wayang golek. Aya deuih nu dipagelarkeun dina wayang kulit jeung wayang wong (wayang jelema) siga di Jawa. Tapi umumna mah mangrupa sempalan-sempalan tea, lain carita Ramayana atawa Mahabarata anu gembleng.
7
Asal Usul Carita Wayang
Ka dieunakeun, epik Ramayana jeung Mahabarata teh rea ditulis deui jadi buku make basa Sunda. Aya nu ditulis dina wangun wawacan, novel, atawa carita barudak. Contona, R.A.A Martanagara nganggit Wawacan
BataraRama. Ahmad Bakri nyieun carita barudak perangBarata. Hidayat Susanto ngarang buku Kurawa pandwaa, SaymbaradiMantili, jeung sajaba ti ta.
8
Cindekna, dina kabudayaan Sunda mah bisa diterangkeun kieu:
Carita ayang ukur fragmen tina Mahabarata atawa Ramayana Upamana lalakon wayang Tegal Kurustra, ukur nyaritakeun perangna antara Pandawa jeung Kurawa di Kurusetra.
Dimodikasitinacaritaaslina
Diintonkeun minangka media hiburan dina intonan ayanggolk, wayang kulit, atawa wayang orang.
Geus kaserean unsur Islam
9
Multiple Choice
Carita wayang kaasup kana karya sastra wangun …
Ugeran
Lancaran
Pupuh
Tembang
10
Multiple Choice
Sasaruan wayang jeung dongeng nyaeta sarua-sarua mangrupa…
Prosa buhun
Prosa modern
Puisi
Carita pantun
11
Multiple Choice
Dina wayang India mah teu aya tokoh…
Dorna
Gatotkaca
Punakawan
Srikandi
12
Multiple Choice
Carita anu aya dina carita wayang asalna ti …
India
Malaysia
Singapura
Amerika
13
Multiple Choice
Carita wayang di Indonesia kapangaruhan ku agama …
Islam
Hindu
Budha
Kristen
14
Multiple Choice
Sasaruaan wayang jeung novel nyaeta sarua karya sastra wangun …
Ugeran
Lancaran
Pantun
Sisindiran
15
Multiple Choice
Carita wayang dumasar kana carita ...
Lutung Kasarung
Ciung Wanara
Sasakala Gunung Tangkuban Parahu
Mahabarata jeung Ramayana
16
Multiple Choice
Salah sahiji beda carita wayang jeung dongeng...
Carita wayang kaasupna kana prosa buhun, dongeng kaasupna kana prosa modern
Carita wayang asalna ti Jawa, dongeng asalna ti Sunda
Anu nulis carita wayang mah biasana jelas, ari dongeng mah mindeng henteu jelas
Carita wayang teu aya unsur pamohalan, dongeng mah aya unsur pamohalan
17
Multiple Choice
Dina carita wayang India Dorna teh mangrupa tokoh anu...
Wicaksana jeung dipikahormat
Julig
Rehe
Pikasebeleun
18
Multiple Choice
Dina carita wayang India Srikandi nyaeta saurang...
Budak leutik
Lalaki
Awewe
Punakawan
Carita Wayang
Diajar Bahasa Sunda Bareng kang Yudi

Show answer
Auto Play
Slide 1 / 18
SLIDE
Similar Resources on Wayground
13 questions
Culture Aspect
Presentation
•
9th - 12th Grade
17 questions
Carita Babad
Presentation
•
10th Grade
14 questions
D. MAKNA TARI DALAM ELEMEN MUSIK BAB 1
Presentation
•
10th Grade
13 questions
Quiz PKWU Kerajinan Nusantara
Presentation
•
11th Grade
17 questions
CARITA PONDOK
Presentation
•
11th Grade
16 questions
Gamelan Melayu Vs Gamelan Jawa
Presentation
•
9th Grade
10 questions
carita babad
Presentation
•
10th Grade
14 questions
Desi jajal
Presentation
•
KG
Popular Resources on Wayground
20 questions
Math Review
Quiz
•
3rd Grade
15 questions
Fast food
Quiz
•
7th Grade
20 questions
Context Clues
Quiz
•
6th Grade
20 questions
Inferences
Quiz
•
4th Grade
19 questions
Classifying Quadrilaterals
Quiz
•
3rd Grade
20 questions
Figurative Language Review
Quiz
•
6th Grade
20 questions
Equivalent Fractions
Quiz
•
3rd Grade
10 questions
Identify Fractions, Mixed Numbers & Improper Fractions
Quiz
•
3rd - 4th Grade
Discover more resources for World Languages
10 questions
Esp2 QC2-U3B Negative Commands (Informal, Formal, Plural) (2021o)
Quiz
•
9th - 12th Grade
7 questions
La Comida (listening practice)
Interactive video
•
9th - 12th Grade
20 questions
verbos reflexivos en español
Quiz
•
9th - 12th Grade
20 questions
-AR -ER -IR present tense
Quiz
•
10th - 12th Grade
5 questions
Alba's Introduction and Interests Quiz
Quiz
•
9th - 12th Grade
22 questions
Mandatos Formales
Quiz
•
9th - 12th Grade
21 questions
La Ropa y los Colores
Presentation
•
10th Grade
15 questions
ESP4 Unidad 4: La secuencia de tiempos verbales
Quiz
•
9th - 12th Grade