
PANUMBU CATUR
Presentation
•
Fun
•
11th Grade
•
Medium
Zia D.
Used 11+ times
FREE Resource
9 Slides • 20 Questions
1
PANUMBU CATUR
ZIA MARINA DHARMA SETIAWATI S,Pd
2
3
sawala
Sawala atawa diskusi mangrupa kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana
sawala loba pisan wandana, nyaeta: seminar, simposium, sarasehan, lokakarya, sanggar gawe (workshop), konferensi, sawala panel, jeung sawala kelompok.
sawala sok aya nu mingpinna disebut panumbu catur (moderator).
Debat nyaeta kagiatan ngadu pamadegan (argumentasi) antara dua pihak atawa leuwih boh mandiri boh kelompok tujuanana pikeun nyawalakeun ngarengsekeun pasualan.
sacara umum galur kagiatan sawala teh aya lima bagean
-bubuka ti panumbu catur
-pedaran ti pangjejer
-kagiatan tanya jawab
-nyusun kacindekan hasil sawala
4
wangenan panumbu catur
Panumbu catur atawa sok disebut moderator téh nyaéta nu ngatur lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat. Tugasna béda jeung panata acara atawa MC (Master of ceremony). MC mah tugasna mingpin sakabéh runtuyan acara. Ari tugas utama panumbu catur mah minangka panengah atawa wasit dina kagiatan diskusi. Nya panumbu catur pisan anu ngatur diskusi ngeunaan hiji masalah.
Dina lumangsungna kagiatan diskusi, panumbu catur kudu boga sikep nétral atawa teu mihak ka salasahiji pihak. Lamun aya konflik dina lumangsungna kagiatan, kudu bisa merenahkeun diri jadi panengah.
5
Pancen panumbu catur:
ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara nu rek disawalakeun
ngatur saha-sahana nu rek mairan atawa cumarita nepikeun pamanggih dina sawala
ngeureunkeun pamilon sawala anu nyaritana teu museur
capetang nyarita ngagunakeun basa Sunda anu merenah
boga kaweruh ngeunaan perkara anu disawalakeun
kudu adil mere kasempetan ka sakabeh pamilon sawala
kudu mibanda sikep sopan
nyusun kacindekan sawala
nutup acara sawala
6
Tatakrama dina sawala, diantarana:
kudu apal jeung iraha waktuna motong omongan batur
kudu sopan dina ngeudalkeun kateupanujuan atawa kateusugemaan
ulah megat atawa motong omongan batur
nyarita ulah diborong ku sorangan
ulah ngomong nyorongot
ulah haharewosan duaan di tengah-tengah paguneman
atur bedas launna sora sing merenah
omongan ulah matak raheut atawa eraeun batur
ulah adu renyom nepi ka pasea
singkahan jejer (pasualan) nu sipatna pribadi
7
Pancen dina ngalaksanakeun sawala:
panumbu catur
girang serat
pangjejer
pamilon
8
Prak-prakan dina sawala
Bubuka.
Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
Wilujeng sumping ka para pamilon ieu diskusi. Ieu diskusi téh dilaksanakeun lantaran ayana rasa prihatin kana kaayaan lingkungan anu beuki dieu téh beuki ruksak, di antarana dilantarankeun ku miceun runtan di mana waé, nu antukna nimbulkeun caah atawa banjir. Tujuan ieu diskusi téh nyaéta kumaha sangkan urang bisa ngajaga lingkungan sangkan beresih, séhat, jeung henteu nimbulkeun musibah.
Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.
Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.
Méré kasempetan nanya ka pamilon
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.
Panutup
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.
9
aya anu bade ditaroskeun?
10
Multiple Choice
Kagiatan ngadu pamadegan (argumentasi) antara dua pihak atawa leuwih boh mandiri boh kelompok tujuanana pikeun nyawalakeun ngarengsekeun pasualan, mangrupa wangenan...
sawala
debat
diskusi
paguneman
11
Multiple Choice
Naon anu disebut sawala ?
Sawala atawa diskusi mangrupa kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana
sawala nyaeta padungdengan
sawala nyaeta diskusi sorangan
sawala nyaeta nyarita dihateupeun balarea
12
Multiple Choice
Pancen panumbu catur nyaeta...
ngadeudeulan hiji acara
ngatur jalanna acara
makalangan dina hiji acara
nyusun materi acara
13
Multiple Choice
Ieu dihandap mangrupa sacara umum galur kagiatan sawala, iwal...
bubuka ti panumbu catur
pedaran ti pangjejer
kagiatan tanya jawab
mangaruhan pamilon
14
Multiple Choice
Jalma nu ngatur lumangsungna kagiatan diskusi atawa rapat disebut...
girang serat
pangjejer
panumbu catur
pamilon
15
Multiple Choice
Dihandap ieu mangrupa pancen panumbu catur, iwal...
ngatur waktu sawala jeung nepikeun perkara nu rek disawalakeun
ulah ngomong nyorongot
ngatur saha-sahana nu rek mairan atawa cumarita nepikeun pamanggih dina sawala
ngeureunkeun pamilon sawala anu nyaritana teu museur
16
Multiple Choice
Kudu apal jeung iraha waktuna motong omongan batur, mangrupa tina bagean
pancen panumbu catur
pancen girang serat
pancen pangjejer
tatakrama dina sawala
17
Multiple Choice
Jalma anu pancenna nyatet intisari tina eusi pedaran diskusi, mangrupa pancen...
pamilon
girang serat
pangjejer
panumbu catur
18
Multiple Choice
Jalma anu mibanda pancen pikeun nepikeun jejer pedaran ka pamilon, mangrupa pancen...
panumbu catur
girang serat
pangjejer
pamilon
19
Multiple Choice
Jalma anu miluan kana kagiatan diskusi, mangrupa pancen...
panumbu catur
girang serat
pangjejer
pamilon
20
Multiple Choice
Sasaruaan panumbu catur nyaeta...
moderator
sekertaris
pamilon
pangjejer
21
Multiple Choice
Di handap ieu mangrupa wanda sawala, iwal...
seminar
simposium
sarasehan
ngawih
22
Multiple Choice
mana anu ngagambarkeun kagiatan sawala...
23
Multiple Choice
Mana anu ngagambarkeun kagiatan debat...
24
Multiple Choice
Dina kagiatan debat aya dua kubu silih argumentasi, disebutna...
pro jeung kontra
bener jeung salah
beurang jeung peuting
langit jeung bumi
25
Multiple Choice
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’
mangrupa susunan prak-prakan sawala...
Ngawilujengkeun ka pamilon jeung nepikeun pedaran singget kagiatan diskusi.
Ngawanohkeun narasumber jeung topik diskusi.
Méré waktu ka narasumber pikeun medar matéri.
Méré kasempetan nanya ka pamilon
26
Multiple Choice
Assalam’ualaikum wr. wb. Sampurasun! Ti payun urang sanggakeun puji sareng sukur ka Gusti Nu Maha Suci anu tos masihan kaséhatan ka urang sadaya. Hatur nuhun ka sadérék panata acara anu tos masihan kasempetan ka sim kuring kanggo janten panumbu catur dina ieu kagiatan.
mangrupakeun susunan prak-prakan...
bubuka
eusi
panutup
pangjejer
27
Multiple Choice
Mana anu kaasup panutup nyaeta...
Alhamdulillah, ieu kagiatan diskusi téh tos réngsé. muga-muga mangpaat sareng jadi panyumanget kanggo urang dina ngajaga lingkungan. Hapunten tina sagala kalepatan. Mangga nyanggakeun deui ka panata acara. Wassalamualaikum wr.wb.
Tah, mangga ayeuna ka pamilon ieu diskusi bisi aya anu can paham atawa panasaran kumaha ngajaga kaberesihan lingkungaan, dipasihan waktu kanggo ngadugikeun pertanyaan ka narasumber. Tong hilap sebutkeun nami sareng ti mana asal.
Supaya ieu acara lumangsung kalawan kalancaran, sim kuring Asép Soléhudin, badé ngamoderatoran atanapi jadi panumbu catur dugi ka réngséna. Ka Bapa Udin Supidin sumangga dihaturanan kanggo ngabahas matéri salami 10 menit.
Dina ieu kasempetan narasumber, Bapa Udin Supidin, ahli dina widang kaséhatan lingkungan, badé medar matéri ngeunaan ‘Ngajaga Kaberesihan jeung Kaséhatan Lingkungan’.
28
Multiple Choice
aya sabara hiji tatakrama dina sawala...
8
9
10
11
29
Multiple Choice
Dina ngalaksanakeun sawala kudu aya diantarana....
panumbu catur, girang serat, pangjejer, pamilon
panumbu catur, girang catur, pangjejer, pamilon
panumbu catur, girang serat, pangjejer, pamilon, moderator
panumbu catur, girang serat, pangjejer, pamilon,panata calagara
PANUMBU CATUR
ZIA MARINA DHARMA SETIAWATI S,Pd
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 29
SLIDE
Similar Resources on Wayground
21 questions
TARIKH ISLAM kelas 2 DTA
Presentation
•
10th Grade
22 questions
ÖKOSÜSTEEMID
Presentation
•
10th - 12th Grade
22 questions
Lesson 3 Personality Traits and Attitudes I
Presentation
•
10th - 12th Grade
25 questions
Tembang Macapat
Presentation
•
11th Grade
25 questions
UNGGAH-UNGGUH BASA JAWA
Presentation
•
10th Grade
21 questions
Drošība tiešsaistē, viltus profili
Presentation
•
10th - 12th Grade
25 questions
Huruf Hiragana
Presentation
•
10th Grade
22 questions
Modelos Discretos
Presentation
•
10th - 12th Grade
Popular Resources on Wayground
6 questions
PRIDE Always and Everywhere
Presentation
•
12th Grade
20 questions
Lab Safety Quiz
Quiz
•
6th Grade
26 questions
KOR Review Kahoot Questions
Quiz
•
8th Grade
21 questions
Continents and Oceans
Quiz
•
6th Grade
12 questions
Unit Zero lesson 2 cafeteria
Presentation
•
9th - 12th Grade
20 questions
Parts of Speech
Quiz
•
5th Grade
10 questions
Riddles Riddles fun Riddles
Quiz
•
6th - 12th Grade
16 questions
Subject & Predicate
Quiz
•
5th Grade
Discover more resources for Fun
10 questions
Riddles Riddles fun Riddles
Quiz
•
6th - 12th Grade
10 questions
Would you Rather?
Quiz
•
9th - 12th Grade
10 questions
Soup, Salad, or Sandwich?
Quiz
•
1st Grade - Professio...
15 questions
General Knowledge Trivia - Middle School
Quiz
•
6th - 12th Grade
18 questions
Getting to Know Mineola High School
Quiz
•
8th - 12th Grade
12 questions
This or That...
Quiz
•
1st Grade - University
17 questions
Would You Rather Icebreaker
Quiz
•
9th - 12th Grade
10 questions
Popculture trivia
Quiz
•
7th - 12th Grade