
Pangajaran NOVEL Kelas XI
Presentation
•
World Languages
•
11th Grade
•
Hard
Yudiansyah Yudiansyah
Used 1+ times
FREE Resource
12 Slides • 38 Questions
1
NOVEL
Diadaptasi Ku Kang Yudi
2
1. Wangenan Novel
Novel téh nyaéta carita rekaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung. Latarna, boh latar waktu boh latar tempat, tangtuna ogé leuwih jembar deuih. Palakuna, lian ti palaku utama téh aya palaku panglengkep jeung figuran (palaku panambah). Najan henteu mutlak kitu. Anu jelas, dina novel mah leuwih laluasa nyaritakeun pasipatan jeung paripolah palakuna téh.
Subject | Subject
Some text here about the topic of discussion
3
Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Novel nyaéta salah sahiji wangun prosa wanda carita rékaan (fiksi) nu eusi jeung jalan caritana panjang turloba bagéan-bagéanna. Diwangun ku basa lancaran, palaku anu ngalakonna loba, mangsa nu kacaturna lila. Sanajan kaasup carita fiksi, palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianana bisakatarima ku akal, persis siga kajadian anu sabenerna. Eusi novel aya ogé anu didadasaran ku kajadiananu sabenerna, tapi éta kajadian téh ku pangarangna sok diréka-réka deui.
Subject | Subject
Some text here about the topic of discussion
4
Multiple Choice
carita rekaan anu méré kesan lir enya-enya kajadian tur ukuranana panjang. Kajadian anu dicaritakeunana ogé loba deuih. Malah aya sababaraha kajadian anu sambung sinambung
carpon
novel
puisi
sajak
wawacan
5
Open Ended
Salian ti palaku utama dina novel aya ogé palaku.....
6
Open Ended
tulis wangenan novel numutkeun wikipedia sunda......
7
2. Kamekaran (sajarah novel)
Novel téh prosa rékaan (fiksi) nu naratif (ngawujud lalakon), umumna panjang sarta galur caritana atawa plot-ma kompléks (ngarancabang). Ku lantaran kitu wandana, novel mah bisa midangkeun rupa-rupa palaku, ngasupkeun rupa-rupa kajadian, laluasa ngadéskripsikeun latar, jeung laluasa ngahirupkeun karakterisasi. Dina basa-basa di Eropa mah umumna ngagunakeun istilah roman, nu asal muasalna tina kecap romance (puisi panjang atawa prosa anu ngolah lalakon asmara, ngalalana). Tapi, basa Inggris mah milih istilah nu asalna ti basa Itali novella, hartina carita nu pondok dina wangun prosa. Dina abad ka-14 di Italia ceuyah sarta populér ku rupa-rupa roman, boh anu punjul boh anu picisan. Lila-lila ngésér, istilah novella (dina basa Jerman: novella) mindeng digunakeun saharti jeung novelét (novellete). Dina sastra Sunda kungsi dibédakeun wangenan ngeunaan istilah novel jeung roman téh, padahal saenyana mah sarua. Ku kituna, dina kamekaran kiwari, leuwih hadé ngagunakeun éta dua istilah téh dina harti atawa wangenan anu sarua: novel atawa roman. Dina ulikan, papasingan novel téh dumasar kana umurna (umpamana aya novel Sunda samemeh Perang), kana eusina (upamana aya: novel sajarah), kana ukurana (upamana aya: novelét), dumasar kana kualitasna (upamana aya: novel populér), jsté.
Subject | Subject
Some text here about the topic of discussion
8
Asupna novel kana sastra Sunda teh pangaruh sastra barat, utamana Walanda. Novel munggaran dina sastra Sunda nyaéta Baruang ka nu Ngarora karangan Daéng Kanduruan Ardiwinata (D.K Ardiwinata), terbit taun 1914. Upama dibandingkeun jeung novel munggran dina sastra Indonesia, Azab dan Sengsara karangan Merari Siregar, anu terbit 1920, leuwih ti heula genep taun. Jadi kurang mérénah upama novel dina sastra Sunda téh mangrupa pangaruh tina sastra Indonesia.
Subject | Subject
Some text here about the topic of discussion
10
Fill in the Blank
romance nyaéta......
11
Multiple Choice
Tapi, istilah novel di basa Inggris mah milih istilah nu asalna ti basa Itali....
novel
novella
novellete
novelét
roman
12
Fill in the Blank
novelét (novellete) nyaéta......
13
Multiple Choice
Asupna novel kana sastra Sunda téh pangaruh sastra barat, utamana nagara......
Inggris
Spanyol
Walanda
Portugal
Jepang
14
Fill in the Blank
Novel nu munggaran dina sastra Sunda nyaéta.....
15
Fill in the Blank
pangarang nu munggaran (nu pertama) ngarang novel dina basa Sunda teh nyaeta.....
16
Multiple Choice
Taun sabaraha terbit novel nu munggaran dina sastra Sunda....
1914
1915
1916
1917
1918
17
Multiple Choice
Naon judul novel dina sastra Indonesia anu terbit taun 1920...
Azab dan Neraka
Azab dan Sengsara
Azab dan Pahala
Azab dan Siksa KUbur
Azab si palakor
18
kaasup unsur penting dina hiji carita. Lantaran dina galur aya runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nembongkeun sabab akibat kajadian dina carita. Dina galur atawa alur téh aya nu disebut konflik, nyaéta interaksi antara dua karakter atawa leuwih, atawa interaksi hiji karakter jeung lingkungan sabudeureuna. Upama éta konflik geus nepi kana puncakna disebutna téh klimaks.
Galur
nyaéta nu ngatur arah unsur séjéna dina hiji carita. Téma mah loba rupana, tapi téma biasana moal jauh tina kahirupan nyata. Ku kituna sangkan nyaho téma naon nu aya dina carita, urang kudu paham heula kana eusi, tokoh, watak, situasi, jeung galur caritana. Teu kabéh pangarang nembrakkeun téma sacara langsung dina karyana.
Téma
3. Unsur Intrinsik Novel
Some text here about the topic of discussion
19
Fill in the Blank
jelaskuen naon nu disebut téma...
20
Open Ended
kumaha carana sangkan urang nyaho téma naon nu aya dina carita....
21
Multiple Choice
runtuyan kajadian, méré arah atawa ngatur kajadian naon waé anu kudu diheulakeun atawa dipandeurikeun, sarta nembongkeun sabab akibat kajadian dina carita, disebut....
téma
galur
palaku
latar
puseur sawangan
22
Fill in the Blank
Dina galur atawa alur téh aya nu disebut konflik, nyaéta...
23
nyaéta lingkungan sabudeureun kajadian nu lumangsung dina hiji carita. Latar téh aya dua rupa nyaéta latar tempat jeung latar waktu. latar tempat ngagambarkeun di mana kajadian dina carita lumangsung, sedengkeun latar waktu mangrupa waktu iraha kajadian dina carita lumangsung.
Latar
nyaéta tokoh nu ngalalakon dina hiji carita. nilik jenisna mah aya nu disebut palaku utama jeung palaku tambahan. Dina guluyuran carita sok ditémbongkeun ogé watek atawa pasipatan palaku. Aya palaku nu watekna angger, aya ogé nu robah-robah tina alus jadi goréng atawa sabalikna.
Palaku
Some text here about the topic of discussion
24
Multiple Choice
tokoh nu ngalalakon dina hiji carita nyaéta....
téma
galur
palaku
amanat
latar
25
Fill in the Blank
Dumasarkana jenisna palaku dibagi dua nyaéta...
26
Multiple Choice
lingkungan sabudeureun kajadian nu lumangsung dina hiji carita....
téma
galur
palaku
latar
gaya basa
27
Fill in the Blank
Latar téh aya dua rupa nyaéta......
28
Fill in the Blank
Latar tempat nyaéta......
29
Fill in the Blank
Latar waktu nyaéta......
30
nyaéta cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa anu has nu némbongkeun pribadi pangarang. Pangarang mindeng maké gaya basa dina karyana sangkan karasa leuwih éndah.
Gaya Basa
atawa point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeuna éta karangan atawa titik mimiti carita. Aya dua cara nu biasa digunakeun
1. Caturan jalma katilu, nyaéta pangarang aya di luareun carita, para palaku disebut ngarana, atawa ngagunakeun kecap sulur "manéh", "maranéhna"
2. Caturan jalma kahiji nyaéta pangarang aya di jero carita, sok jadi palaku carita, ngagunakeun kecap sulur "kuring"
Puseur Sawangan
Some text here about the topic of discussion
31
Multiple Choice
point of view ngandung harti (ku saha) dicaritakeuna éta karangan atawa titik mimiti carita...
tema
galur
latar
palaku
puseur sawangan
32
Multiple Choice
Aya sabaraha puseur sawangan nu biasa digunakeun dina novel...
2
3
4
5
6
33
Multiple Choice
pangarang aya di luareun carita, para palaku disebut ngarana, atawa ngagunakeun kecap sulur "manéh", "maranéhna", ieu teh caturan....
jalma kahiji
jalma kadua
jalma katilu
jalma kaopat
jalma kalima
34
Fill in the Blank
caturan jalma kahij nyaeta......
35
Multiple Choice
cara ngungkapkeun pikiran ngaliwatan atawa maké basa anu has nu némbongkeun pribadi pangarang....
tema
galur
palaku
latar
gaya basa
36
Multiple Choice
aya sabaraha unsur intrinsik dina novel...
3
4
5
6
7
37
nyaéta novel anu eusina nyaritakeun masalah-masalah rumaja. Kitu deui palaku utamana ogé pararumaja.
Novel Rumaja
nyaéta novel anu diajangkeun pikeun bacaeun barudak. Masalah anu dicaritakeunana, masalah anu raket patalina jeung kahirupan barudak. Kitu deui dina cara nyanghareupan jeung ngaréngsékeun éta masalah, luyu jeung pikiran katut jiwa barudak. Palaku utamana ogé barudak.
Novel Barudak
4. Papasingan Novel
Some text here about the topic of discussion
38
Novel déwasa tangtu baé diajangkeun pikeun bacaeun anu geus dewasa (sawawa). Eusina nyaritakeun masalah-masalah jalma anu geus déwasa. Kitu deui jeung palaku utama.
Novel Déwasa
Some text here about the topic of discussion
39
Multiple Select
anu kaasup kana papasingan novel....
novel barudak
novel rumaja
novel dewasa
novel misteri
novel cinta
40
Fill in the Blank
novel barudak nyaéta.....
41
Fill in the Blank
novel rumaja nyaéta.....
42
Fill in the Blank
novel déwasa nyaéta.....
43
nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patalina jeung jiwa palakuna.
nyaéta novel anu eusina nyaritakeun cinta silih asih (asmara) palaku utamana.
Novel Cinta
5. Dumasar temana jeung masalah anu dicaritakeun
Some text here about the topic of discussion
Novel Psikologi
44
nyaéta novel anu eusina ngandung unsur-unsur sajarah. Boh palaku utamana boh kajadianana nyoko kana sajarah.
nyaéta novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina ahir éta novel. Upamana baé nyaritakeun néangan palaku rajapati atawa palaku kajahatan séjéna.
Novel Misteri
Novel Sajarah
Novel Sosial
nyaéta novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa.
45
Multiple Select
Novel nu ka asup kana tema atawa masalah anu dicaritakeunana...
novel cinta
novel psikologi
novel rumaja
novel sajarah
novel barudak
46
Fill in the Blank
novel sajarah nyaéta.....
47
Multiple Choice
novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu ngandung rusiah, anu biasana kabuka dina ahir éta novel....
novel cinta
novel psikologi
novel misteri
novel sajarah
novel sosial
48
Fill in the Blank
novel cinta nyaéta.....
49
Multiple Choice
novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patalina jeung jiwa palakuna...
novel cinta
novel psikologi
novel misteri
novel sajarah
novel sosial
50
Multiple Choice
novel anu eusina nyoko kana masalah sosial, saperti kateuadilan, kateureugeujeungan, atawa gejolak sosial dina hiji mangsa....
novel cinta
novel psikologi
novel misteri
novel sajarah
novel sosial
NOVEL
Diadaptasi Ku Kang Yudi
Show answer
Auto Play
Slide 1 / 50
SLIDE
Similar Resources on Wayground
39 questions
Colon and Semicolon use.
Lesson
•
10th Grade
45 questions
Main Idea and Central Message
Lesson
•
9th - 12th Grade
46 questions
Genres of Literature
Lesson
•
9th - 12th Grade
51 questions
2021 英表 Lesson2 part4 過去完了形、過去完了進行形、未来完了進行形
Lesson
•
10th Grade
37 questions
EOC Vocabulary Review English II
Lesson
•
10th Grade
40 questions
quiz
Lesson
•
11th Grade - University
46 questions
TOFEL Speaking Practice
Lesson
•
University
45 questions
Mid-Term Test (UTS) Bahasa Inggris Kelas X Semester 1 2023-2024
Lesson
•
10th Grade
Popular Resources on Wayground
10 questions
5.P.1.3 Distance/Time Graphs
Quiz
•
5th Grade
10 questions
Fire Drill
Quiz
•
2nd - 5th Grade
20 questions
Equivalent Fractions
Quiz
•
3rd Grade
15 questions
Hargrett House Quiz: Community & Service
Quiz
•
5th Grade
20 questions
Main Idea and Details
Quiz
•
5th Grade
20 questions
Context Clues
Quiz
•
6th Grade
20 questions
Inferences
Quiz
•
4th Grade
15 questions
Equivalent Fractions
Quiz
•
4th Grade
Discover more resources for World Languages
20 questions
EL PRETERITO/ Verbos irregulares
Quiz
•
11th Grade
17 questions
Ir a + Infinitive
Quiz
•
11th Grade
25 questions
Preterito regular
Quiz
•
10th - 12th Grade
34 questions
Spanish Imperfect Tense
Quiz
•
11th Grade
10 questions
Spanish Pronouns
Lesson
•
6th - 12th Grade
20 questions
-AR -ER -IR present tense
Quiz
•
10th - 12th Grade
20 questions
Por o para
Quiz
•
9th Grade - University
20 questions
preterito vs imperfecto
Quiz
•
5th - 12th Grade