Cipanon Atin
Karya Martin Tri Suhari
Barang turun tina mobil, kuring culang cileung ningalian kaayaan sakuriling, loba wangunan anu pating julingkiring, hate kuring ngarasa sedih waktu ningali wangun sakola anu tohaga anu dipinuhan ku barudak anu keur dialajar, “Duh gusti hayang teuing kuring sakola siga maranéhna” ceuk hate kuring.
“Henam Tin, urang bébéja ka pangurus sakola” ceuk Haji Husen nu kakara jrut turun tina mobil, “béjakeun manéh hayang sagawégawé di dieu” ceuk anjeuna deui. Haté mah nyeri pisan ngadangu kasauran kitu téh kahayang mah kecap “sagawégawé téh” diganti ku kecap “sakola”, emh matak kitu gé geus nasib kuring kudu siga kieu.
Teu karasa gawé di sakola téh geus tilu bulan, purah bebersih terus muka jeung nutup panto gerbang saban isuk jeung sore, tapi da ari cita-cita hayang nuluykeun sakola mah aya kénéh ngan kudu kumaha deui, gajih hasil di gawé gé kabéhanana gé dikirimkeun ka Ema di lembur, sabab anjeuna geus teu boga pagawéan.
Saha palaku utama dina sempalan carpon di luhur