Pupujian
Langit masih bengras, padahal geus liwat ti tabuh lima sore. Kabeneran poe ieu mah teu hujan. Sawareh ngariung di emper masjid, sawareh deui di buruan kantor RW. Ampir pahareup-hareup antara masjid jeung kantor RW teh.
"Enggeusan arulinna, barudak,
geus tereh magrib, "ceuk Uwa Popon ka barudak anu keur ucing-ucingan.
"Enya, ah. Urang enggeusan we ulinna. Sok tiris ari mandi kamagriban teh, "ceuk Fatir ka batur-baturna.
Fatir leumpangna rada rusuh. Najan kitu angger bari ati-ati, sabab sieuneun titajong. Geus nepi ka imah, Fatir langsung brus mandi. Sanggeus mandi teu poho Fatir wudu, Fatir disalin ku papakean beresih, terus nyokot sarung, rek indit ka masjid. Barang jol di masjid, tah geuning kadenge pupujian:
Urang solat berjamaah
di masjid lain di imah
leuwih gede pahalana
kitu conto ti nabina
Teu kungsi lila kadenge sora adan. Jamaah anu rek solat kaitung lobana. Pupujian nu dikawihkeun ku barudak teh hasil diajar di madrosah. Pupujian teh aya anu eusina pepeling atawa ngingetan ka urang pikeun ngalaksanakeun parentah agama.
Dina pupujian anu dinadomkeun ku barudak aya bagian anu ngagambarkeun kaayaan babarengan, anu engkena pikeun manjangkeun silaturahmi.
Salah sahiji eusi tina pupujian anu dikawihkeun ku Fatir jeung babaturanana, nyaeta . . . .