SOBAT
Waktu nampa raport, sarta naek kelas, Wawan nyarita ka bapana, “Pa, meser kantong, pan ayeuna abdi tos naek kelas. Isin atuh ku rerencangan”.
“Tapi ayeuna teu acan aya artosna.” Wawan hanjelu pisan. Wawan ngabangbrangkeun kahanjelu terus indit ka sawah. Ti palebah sawah Mang Karmin aya nu ngageroan. Singhoreng Yayat sobat dalitna.
“Yat keur naon di dieu?”
“Keur tunggu pare, Wan. Hayu kadieu urang ngobrol!”
Wawan diuk gigireun Yayat bari ngobrolkeun kahayangna, Yayat seuri. “Naha make nyeungseurikeun?” ceuk Wawan. “Apan bapa Wawan teu gaduheun artosna” tembal Yayat. Jung nangtung ngagebahkeun manuk.
“Wawan kudu ngarasa bagja, sabab masih keneh bisa sakola, Wawan mah teu kudu cape siga Yayat” omong Yayat. Wawan ngahuleng ras inget mun aya kahayang kudu wae ditedunan.
Dina carpon di luhur Wawan jeung Yayat ngobrol di ….