CIPUCUK CAINA ASIN
Jaman baheula... malah baheulana oge beh ditueun baheula, di parahu Bosok basisir Cilamaya, aya hiji aki-aki anu pakasabannana ngala rebon pikeun dijieun tarasi.
Tarasi buatan si Aki mah kasohor ngeunaaah rasana. Pelem, jeung seungit melenghir lamun dibeuleum teh.
Dina hiji poé, sakumaha biasana, si Aki nyonyorong waringna mapay-mapay sisi basisir bari ngoprot késang.
“oho ... oho asa aneh ieu teh, kamarana manéh téh rebon? piraku ti isuk jedur nepi ka sore jedér teu beubeunangan. Mun kawas kieu mah kaula kudu indit néangan tempat anu loba rebonna”. Ceuk Si Aki bari rada ngarahuh.
Isukna Si Aki tos saged seja miang
Bras nepi ka hiji tempat anu ngaranna Cipucuk.
"Tah ... di dieu mah moal misleuk jigana yeuh, bakal loba rebonna.Tapi, caina kiruh jeung rasana asin pisan deuih. Aduh ... halabhab ... hayang nginum, mana hawa sakieu panasna, ngahéab hareudang.
Si Aki tuluy ngagali sumur, méakeun sesa tanagana, teu kungsi lila kaluar caina hérang ngagenclang. Barang diasaan, rasana tiis ngageleser kana tikoro, matak seger kana awak. Laju si Aki téh nyieun saung ranggon, pikeun tempat reureuhna.
Ngan hanjakal di Cipucukna si Aki teu lila, anu jadi cukang lantarannana rebon di daérah eta ogé geus langka, malah ampir teu aya. Kapaksa Aki ninggalkeun sumur jeung saungna. Ngaléos lunta ka jauhna.
Dikumahakeun rebon nu geus diala ku si Aki …