DI MAKAM BAPA
Énjing lebaran.Dinten ieu panungtungan abdi saum.Alhamdulilah saum téh tamat.Upami lebaran téh abdi mah sok resep, seueur kajantenan nu ngan sataun sakali kapendakna.
Takbiran di masjid sareng réréncangan, ngadamel kuéh sareng bibi, ngadamel kupat sareng mamah, dipangmésérkeun acuk lebaran, sapatu lebaran.Jaba upami pendak sareng wargi-wargi sok dipasihan artos kanggo jajan.
Tapi diantara sakitu seueurna karesep dina waktos lebaran téh, aya nu pangdiantos-antosna, nyaéta ka makam Bapa. Abdi mah sok resep wé.Abdi mah sok hoyong ngadongéng ka Bapa téh.Najan teu pendak langsung.Abdi teu kantos émut kana raray-rarayna acan ka Bapa téh. Nuju abdi alit kénéh pisan, Bapa ngantunkeun abdi sareng Mamah.
Upami teu aya potona mah, abdi téh jigana moal apal sakedik-kedik acan ka Bapa téh. Untug wé Mamah rajin nyimpen poto nuju nikahna sareng Bapa. Ari ceuk abdi mah, kasep da Bapa téh.Hanjakal yuswana teu panjang, namung untung aya lebaran.Waktos lebaran, abdi tos ngarep-ngarep diajak ka makam ku Mamah ti barang gugah.
Basa ku Nini digugahkeun dipiwarang solat subuh, anu ka émut pangpayuna téh, asik…engké siang ka makam Bapa.Tos bérés solat ‘Id, bérés sasalaman sareng anu aya di bumi, sareng nu nepangan Nini, ogé tatanggi nu pendak di jalan, abdi diajak ka makam. Horéééé….!
Abdi dugi ka makam.Panon téh teu ka mamana heula, langsung manteng ka makam Bapa.Payuneun makam Bapa, abdi cingogo gédéngeun Mamah. Waktos panangan Mamah ranggah ngado’a, abdi ogé pipilueun .abdi teu terang naon nu ku Mamah diaos, ngan katingal lambeyna kunyam kunyem ah abdi mah jongjon wé ngadongéng ka bapa téh. Éh ngawitan mah muhun ngado’a kétang muga-muga bapa lebet ka Surga.
1. Wangun karangan di luhur kaasup kana…….