Perjalanan Ka Malang
Dinten ieu Delima ijin teu sakola. Anjeuna angkat ka Malang kanggé ngahadiran acara keluarga. Delima, Ayah sareng Ibuna angkat kaditu nganggé mobil pribadi.
“Ayah, kira-kira sabaraha lami urang di jalan?” Taros Delima ka Ayahna.
“Sapuluh jam an lah.” Waler Ayah.
“Ah, meni lami.” Saur Delima.
“Moal karaos, sok wéh Delimana bari nonton vidéo, bobo, ngemil, ké terang-terang dugi wéh.” Ibu némbal.
Di tengah perjalanan kajebak macét. Bari ningal pemandangan, Delima ningal budak nu nganggé pakéan lusuh nuju nawis-nawiskeun koran.
“Ayah, tingal budak éta mah geuning teu sakola, kalah jualan koran. Jigana mah budak bangor nya Yah? Delima ogé ti énjing-énjing dugi ka sonten sakola.” Delima nyarios ka ayahna.
“Delima sayang, anjeunna sanés alim sakola, tapi tiasa waé karna kapaksa ku kaayaan, teu gaduh artos kanggé sakola.” Saur Ayah.
“Muhun, leres éta saur Ayah téh, matak Delima kedah sukuran, Delima mah tiasa sakola, tenang, kénging artos bekel kanggé jajan. Kantun diajarna wéh sing soson-soson.” Ibu negeskeun.
Wah, teu karaos tos dugi deui di hotel. Wengi ieu Delima sareng Ibu Bapana mondok di hotel sateuacan énjing disibukkeun acara di bumi Éyang.
Delima badé angkat ka ....