NEW
Font size
WorksheetsUlangan Resensi Buku
Total questions: 15
Worksheet time: 10mins
Résénsi téh asalna tina basa Latin anu hartina nyawang, nimbang-nimbang, atawa ngajén, nu asalna tina kecap ....
recensere
review
reduplication
recensie
resensi
Kecap résénsi anu ayeuna dipaké dina basa Sunda asalna tina kecap “recensie” nu asalna tina basa ....
Prancis
Jerman
Bélgia
Walanda
Inggris
Titénan runtuyan ieu di handap:
1) buku
2) film
3) upacara adat
4) pintonan drama
5) album musik
Obyék nu bisa dirésénsi dituduhkeun ku nomer ....
1, 2, 3, 4
1, 3, 4, 5
1, 2, 4, 5
2, 3, 4, 5
3, 4, 5
Lamun urang nyusun hiji karangan résénsi anu obyékna buku hartina ....
méré pangajén kana éta buku, ngabedah eusina, sarta méré kritik kana alus jeung goréngna
ngadadarkeun sinopsisna nepi ka anu maca ngarti kumaha jalan caritana
ngarangkum eusina bab per bab kalawan tétéla nepi ka nu maca paham naon eusi éta buku
méré kritik kana éta buku sangkan anu maca paham dina alus jeung goréngna
méré nyaho ka calon nu maca éta buku sabaraha harga buku jeung di mana bisa dibeulina
Résénsi buku téh obyékna bisa kana rupa-rupa buku, nu ngawengku ....
buku fiksi atawa non fiksi
buku kasohor atawa buku teu kasohor
buku penting atawa buku nu teu penting
buku kandel atawa buku ipis
buku murah atawa buku mahal
Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang sacara singget sarta umum ngeunaan eusi hiji buku. Bahasan siga kitu téh kapanggih dina wanda résénsi ....
arguméntatif
informatif
kritis
naratif
déskriptif
Bahasan dina karangan résénsi ukur nyawang atawa ngabedah buku sacara detil bab per bab tanpa dibarengan ku sawangan kritis atawa tanpa kritik. Bahasan siga kitu téh ilahar kapanggih dina résénsi jenis ....
Arguméntatif
Informatif
Kritis
Naratif
déskriptif
Bahasan résénsi mangrupa dadaran anu taliti, ngagunakeun métodeu kaélmuan, sarta ngagunakeun sikep kritis anu obyéktif dina nyawang eusi buku. Jenis résénsi kawas kitu téh kagolong kana résénsi ....
kritis
déskriptif
informatif
arguméntatif
persuasif
Titénan dadaran ieu di handap:
1) ngawanohkeun buku ka calon nu maca, naha éta buku téh pantes dibaca atawa henteu;
2) méré pituduh ka calon nu maca di mana éta buku bisa dibeuli sarta ka mana ruteu nu kudu ditempuh mun rék meuli éta buku;
3) promosi buku, biasana ditulis ku penerbit atawa dikéngkénkeun ka penulis résénsi sangkan buku nu anyar terbit téh payu;
4) ngabedah eusi buku, upamana lantaran eusina téh kontrovérsial, matak anéh, atawa nimbulkeun padungdengan (perdebatan).
Nu kaasup tujuan ngarésénsi buku téh dituduhkeun ku nomer ....
1 jeung 2
1, 2, jeung 3
1, 3, jeung 4
2 jeung 3
2, 3, jeung 4
“Hanjakalna dina ieu novel téh loba basa atawa kekecapan nu boa moal kaharti lamun dibaca ku barudak ayeuna. Sakuduna mah aya glosari (kamus kecil) anu nerangkeun harti kekecapan nu dianggap hésé kahartina. Ku cara kitu, barudak anu maca ieu novel masih bisa nuturkeun jalan caritana kalawan lancar.” Dina karangan résénsi, dadaran di luhur téh bisa kagolongkeun kana ....
data buku
déskripsi bab per bab
kasang tukang
rékoméndasi keur calon nu maca
kritik kana eusi buku
Résénsi buku téh biasa ditulis keur muatkeuneun dina média massa kawas koran atawa majalah, anu tulisanana mangrupa ....
fiksi
artikel
opini
kolom
tajuk rencana
Ku sabab muatkeuneun di média massa, karangan résénsi buku kudu ngéstokeun sarat-sarat tulisan dina média massa anu antarana baé ....
basana kudu ilmiah luyu jeung aturan karangan ilmiah populér
bahasanana kudu populér luyu jeung sipat koran
basana kudu populér dina harti bisa kaharti ku saha baé
karanganana kudu panjang sarta méré informasi anu detil
tulisanana kudu naghudang kapanasaran nu maca
Résénsi buku ditulis ku hiji jalma keur rupa-rupa tujuan, di antarana pikeun ....
promosi buku anyar
promosi majalah anyar
promosi album musik anyar
promosi film anyar
promosi buku sorangan
1) Promosi buku nu anyar terbit
2) Bukuna fénoménal
3) Bukuna geus lila terbit sarta masih dibaraca
4) Eusi bukuna penting keur dibaca ku balaréa
5) Bukuna ditulis ku pangarang sohor
Tujuan ditulisna résénsi buku téhantarana baé dituduhkeun ku nomer ....
1,3,5
1,2,3
1,2,4
3,4,5
1,2,5
Lamun nu dirésénsi ku urang téh buku kumpulan carita pondok, sinopsis nu kudu disusun ku urang dina éta karangan résénsi téh alusna mah ....
unggal carpon dipedar hiji-hiji
unggal carpon disebutkeun judulna masing detil
carpon nu dimuat dina éta buku dibahas kalawan singget
sakabéh carpon dibahas téma jeung ringkesan caritana
carpon dina éta buku teu kudu dibahas atawa diringkes
