wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

MP12

Total questions: 15

Worksheet time: 3hrs 45mins

Name
Class
Date
1.

Anu kaasup upacara daur hirup manusa diantarana...

a)

Adat Ngariksa nu Reuneuh

b)

Adat anu nyiram

c)

Adat Nyalin

d)

Adat Mulasara Bali

2.

Carita wayang nyaéta carita anu diserep ti kabudayaan Jawa. Babon Carita Wayang dicokot tina kitab...

a)

Mahabarata

b)

Gending Karesmén

c)

Ramayana

d)

Longsér

3.

Aya rupa-rupa warnaning wayang di tatar Sunda, di luhur ieu mangrupa salasahiji jenis wayang...

a)

Wong

b)

Potéhi

c)

Golek

d)

Kulit

4.

Dina carita wayang Mahabarata, Pandawa nyekel peran anu hadé. Putra cikal pandawa nyaéta...

a)

Bima

b)

Arjuna

c)

Yudistira

d)

Duryudana

5.

Carita Baratayuda kaasup kana salasahiji carita wayang....

a)

Mahabarata

b)

Ramayana

c)

Déwa Ruci

d)

Nagin

6.

Pintonan teater anu mintonkeun paguneman dua urang palaku atawa leuwih nyaéta…

a)

Prolog

b)

Narasi

c)

Monolog

d)

Dialog

7.

Hubungan Pandawa lima ka Karna téh, nyaéta...

a)

Pernah kapilanceuk

b)

Pernah lanceuk misah bapa

c)

Pernah lanceuk béda indung

d)

Pernah saindung sabapa

e)

Taya hubungan duduluran

8.

Lalakon Rahwana atawa Dasamuka aya dina carita wayang...

a)

Jodha Akbar

b)

Mahabarata

c)

Ramayana

d)

Jabang Tutuka

9.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna....

a)

Tradisi

b)

Étika

c)

Budaya

d)

Tatakrama

10.

Ieu di handap hal-hal nu kaasup kana unsur-unsur résénsi, diantarana…

a)

Nuliskeun idéntitas buku atawa pilem

b)

Medar ngeunaan eusi buku atawa pilem

c)

Nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku

d)

Medar ngeunaan kaunggulan jeung kahéngkéran buku atawa pilem

11.

Drama anu dialog-dialogna ditepikeun ku cara dihaleuangkeun disebutna….

a)

Bajit

b)

Pantomim

c)

Longsér

d)

Gending Karesmen

12.

Karangan anu disusun pikeun ngébréhkeun pamadegan atawa pendapat nu nulis kana hiji fakta/data/pamadegan batur dumasar kana runtuyan logika nu tangtu, disebutna...

a)

Artikel

b)

Makalah

c)

Skripsi

d)

Éssay

13.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana unsur-unsur dina struktur artikél, nyaéta...

a)

Judul

b)

Alinéa bubuka

c)

Alinéa panandes

d)

Alinéa pamungkas

e)

Alinéa panambah

14.

Carita rékaan anu ukurana paranjang, gelar dina lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan, anu ditepikeun ku juru pantun, dipirig ku kacapi, disebutna...

a)

Dongéng

b)

Hikayat

c)

Carita wayang

d)

Carita pantun

15.

Tokoh-tokoh anu dilalakonkeun dina carita pantun téh umumna, nyaéta...

a)

Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran

b)

Rahayat biasa ti Tatar Sunda

c)

Raja-raja ti luar Tatar Sunda

d)

Sing saha waé anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda