wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SAWELAS

Total questions: 20

Worksheet time: 13mins

Name
Class
Date
1.

Nyarita di hareupeun balaréa kalawan eusina luyu jeung tujuan anu rék ditepikeun, luyu jeung kapentingan acara, nu ngahadiran, jeung kalungguhanna, disebut ....

a)

Ngadongéng

b)

Ngabodor Sorangan

c)

Biantara

d)

Nembang

e)

Mandu Acara

2.

Basa nu digunakeun dina biantara ilaharna ngagunakeun Basa Sunda ....

a)

Kasar

b)

Kasar-lemes

c)

Loma-lemes

d)

Lemes

e)

Wewengkon

3.

Nepikeun biantara kalawan mawa catetan hal-hal nu penting nu rék ditepikeun, biasana mangrupa gurat badag eusi biantara disebut metodeu ....

a)

Nalar

b)

Maca Naskah

c)

Ekstémporan

d)

Langsung (impromtu)

e)

Manuskrip

4.

Biantara nu biasana dilakukeun ku jalma nu geus parigel atawa ahli dina nepikeun biantara nyaéta metodeu ....

a)

Nalar

b)

Maca naskah

c)

Ekstémporan

d)

Langsung (impromtu)

e)

Manuskrip

5.

"Pamungkas, pamugi sadaya alumni nu lulus taun ieu tiasa neraskeun sakola nu langkung luhur."


Sempalan téks biantara di luhur kaasup kana bagian ....

a)

Sanduk-sanduk

b)

Ngahaturkeun nuhun

c)

Salam panutup

d)

Bubuka

e)

Nyindekkeun

6.

Sisindiran téh dipasing-pasing jadi tilu rupa, iwal ti...

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Sésébréd

d)

Wawangsalan

7.

Nu Mangrupa bagian cangkang dina sisindiran paparikan jeung rarakitan nyaéta padalisan ka ....

a)

1 jeung 3

b)

2 jeung 4

c)

1 jeung 2

d)

3 jeung 4

e)

1 jeung 4

8.

ka sakola mawa jéngkol

balikna téh manggih dompét

si Abah mamawa tongkol

rék dipénta meni kopét


Sisindiran di luhur kaasup sisindiran wangun ....

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Tatarucingan

e)

Piwuruk

9.

lamun ngojay lila hanjat

engké ambek uwa téré

lamun manéh jadi bangsat

engké teu meunang awéwé


Sisindiran di luhur kaasup kana sisindiran wangun ....

a)

Paparikan

b)

Rarakitan

c)

Wawangsalan

d)

Tatarucingan

e)

Piwuruk

10.

sok dipaké dina suku

ulah hilap néang ratu


Wangsalna ....

a)

Elap

b)

Gelang

c)

Kaos kaki

d)

Sapatu

e)

Sendal

11.

kuring hayang meuli peuyeum

meulina dikérésékan

kabogoh nu di Cicaheum

hoyong geura sasarengan


sisindiran di luhur miboga watek ....

a)

Piwuruk

b)

Mapatahan

c)

Silih asih

d)

Sésébréd

e)

Banyol

12.

Baca ieu wawangsalan di handap!


ampus panyitakan guru

jalan macét hésé nepi


Eusi tina wawangsalan di luhur nyaéta .…

a)

UIN

b)

UPI

c)

Unpad

d)

ITB

e)

UI

13.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana gaya biantara, nyaéta lagam ....

a)

réligius

b)

akurasi

c)

konvérsasi

d)

agiator

e)

téater

14.

Disawang tina cara nepikeunana, biantara téh dipasing-pasing sakumaha anu aya ieu di handap, iwal ti ....

a)

dadakan (impromptu)

b)

catetan ringkes (ekstemporan)

c)

talaran (memoriter)

d)

didaktik

e)

naskah (manuskrip)

15.

Basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebutna basa ....

a)

wewengkon

b)

daérah

c)

nasional

d)

indung

e)

asing

16.

Unggal tanggal 21 Pébruari dipiéling minangka ....

a)

poé basa daérah tingkat nasional

b)

poé basa indung bapa

c)

poé basa nasional internasional

d)

poé basa pergaulan internasional

e)

poé basa indung sadunya

17.

Di handap ieu mangrupa ciri-ciri sisindiran, iwal ti ....

a)

diwangun ku cangkang jeung eusi

b)

diwengku ku 4 pada

c)

unggal padalisan ilaharna diwangun ku 8 engang

d)

sisindiran mangrupa tatarucingan

e)

miboga sora tungtung nu sarua

18.

Nu kaasup biantara resmi aya di handap ieu, iwal ti ....

a)

Pagelaran Seni

b)

Rapat

c)

Seminar

d)

Upacara Agustusan

e)

Miéling Poé Pahlawan

19.

"Dupi Bapa badé ... sareng naon?" Ceuk pun biang ka pun bapa.

a)

Dahar

b)

Neda

c)

Nyatu

d)

Tuang

e)

Jajablog

20.

"Hapunten abdi nembé ..., Bu" ceuk Imam ka Bu Guru.

a)

sumping

b)

dongkap

c)

datang

d)

indit

e)

balik