NEW
Font size
WorksheetsPersiapan UKK kelas X
Total questions: 25
Worksheet time: 17mins
Nu ngawawancara teu meunang nyawad kana pamanggih narasumberna, ukur nyatetkeun , ngarékam atawa ngadokuméntasikeun hasil wawancara nya eta....
Nu ngawawancara kudu nétral
Nu ngawawancara kudu sopan
Nu ngawawancara kudu soméah
Nu ngawawancara kudu seuri
Nu ngawawancara kudu inget
5W+1H, luyu jeung runtuyanna nya éta...
Naon, iraha, saha, dimana, kunaon,kumaha
Naon, kumaha, kunaon, iraha, saha, dimana
Kumaha, dimana, kunaon, iraha, saha, naon
Kumaha, kunaon, iraha, saha, naon, dimana
Naon, iraha, saha, kumaha, kunaon, dimana
Andi : Hatur nuhun kana waktos nu parantos disayogikeun. Hapunten parantos ngaréwong kana waktosna. Assalamualaikum wr.wb.
Narasumber:sami-sami. Ulah kapok, nya mangga.
Cutatan wawancara di luhur kaasup bagian ....
Bubuka
Eusi
Pamungkas
Mimiti
Pananya
1). Sipatna resmi
2). Sipatna teu resmi
3). Ayana pedoman wawancara
4). Teu maké pedoman wawancara
5). Aya narasumber
6) aya nu ngawawancara
Nu kaasup kana ciri-ciri wawancara nya éta...
1,3,4,5
1,3,5,6
2,3,4,6
1,2,4,5
3,4,5,6
1) nyusun pertanyaan wawancara
2) nangtukeun topik wawancara
3)nangtukeun narasumber
4) nangtukeun tujuan wawancara
5) nyusun laporan wawancara
6) ngalaksanakeun wawancara
7) nyieun jangji jeung narasumber
8) nyarungsum wawancara
Léngkah-léngkah wawancara nu bener nya éta ...
2)-5)-6)-7)-8)-1)-3)-4)
2)-4)-3)-7)-1)-6)-8)-5)
2)-4)-3)-8)-5)-6)-7)-1)
3)-4)-5)-6)-7)-8)-1)-2)
2)-5)-6)-7)-8)-3)-1)-4)
Kecap pananya kumaha ngabogaan pungsi pikeun ...
Nanyakeun waktu
Nanyakeun cara
Nanyakeun jumlah
Nanyakeun jalma, Pangéran, Malaikat
Nanyakeun barang atawa sasatoan
....peureum dina kasur.
Kecap panganteur anu bener pikeun ngeusian titik-titik di luhur nya éta....
Clom
Byur
Reup
Am
Lep
Ari dina pasamoan téh ... diuk, ulah kuralang-kuriling waé
Reup
Am
Lep
Gék
Clom
Sigana lamun harita milu ka rombongan lanceukna ... anjeunna ... bakal moal salamet.
mah, atuh
mah, téh
mah, waé
baé, ogé
atuh, atuda
Waktu 104 taun ... lain waktu anu sakeudeung, ku sabab éta prabu wastu dipitineung pisan ku rahayatna
mah
atuh
teh
wae
oge
I. Ki Arsik urang Cicarita
Ngahaja nugar batu Curug Sigay
Teuing nu saha
Teu kungsi dipapay-papay
Datang ka léngkob nyorangan
Bismi hirup
Tuluy ngaheumbat bébéakan
Batu urug
Kitu jeung kitu
Tara nunggu-nunggu
Mun karasa cangkéngna asa semplak
Reureuh heula sakeudeung
Udud molé, ni’mat ngadadak
Minangka sasarap, citiis jeung gula kawung
Basajan pisan
Kahayang karumasaan
II. Datang anémer ti Bandung
Ngagorowok luhureun pasir:
Aki, geus meunang sabaraha kibik
Di léngkob Ki Arsik nangtung
Némbal bari rada gimir:
Karék meunang dua kibik
Tuluy ti léngkob batu dikunjal
Ka sisi jalan gedé jauhna tilu pal
Gawé sabaraha poé
Tukeur béas jeung molé
Bro ka pamajikan
Nohonan kajujuran
III. Ki Arsik imah bilik hatéup eurih
Manéhna panugar batu
Hasil késang jeung kapeurih
Jadi gedong deungeun-deungeun peuntas ditu
Ki Arsik teu nyaho-nyaho
Anémer nyandung ka randa donto
IV. Basa anak bungsuna kawin
Ki Arsik ngumaha maur
Anémer mere nginjeum bari api lain
Tah aki, kula ngan nyaho batu satuur
Sabada ngawalian
Manéhna ka léngkob deui
Nugar batu mayar hutang
Ngaheumbat sataker kebek
Linggis mental kana tarang
Rénghapna kapengkék
Sajak di luhur kaasup kana wanda sajak...
Sajak lirik
Sajak épik
Sajak Ki Arsik
Sajak sedih
Sajak bungah
Jejer sajak di luhur nya éta...
Pengorbanan tukang Batu
Ki Arsik tukang batu di curug
Tukang batu nu tukang nginjem duit
Anémér anu bageur datang ti kota
Pengorbanan bapa nyumponan pangabutuh kulawarga
Dumasar ka nu sajak, mana pernyataan anu teu luyu jeung sajak nya éta, ....
Ki Arsik urang Ci Carita
Ki Arsik nginjem duit ka Anémer
Ki Arsik ngawinkeun budakna nu bungsu
Ki Arsik téh panugar batu
Ki Arsik sok nginjemkeun duit
Rasa sabada maca sajak Di Panugaran Batu Curug Sigay nya éta ....
Bungah
Bagja
Sedih
Kesel
Ambek
Sajak jeung pupuh kaasup kana karya sastra wangun…
ugeran
lancaran
sastra buhun
sampakan
gaya basa
Sajak anu eusina ngadadarkeun atawa ngalalakonkeun hiji tokoh disebut sajak .…
epik
buhun
lirik
drama
modern
Gaya basa anu dipaké pikeun ngahandapkeun manéh miboga maksud ngahormat jalma anu diajak nyarita. Disebut gaya basa…..
mijalma
ngasor
lalandian
rarahulan
ebrehan
Patali sareng paroman jeung rengkak polah maca sajak, disebut…
tema
ékspresi
nada
rasa
amanat
Padeukeutna sora kecap dina ungkara kalimah, bagian-bagian kalimah, atawa réndonan kecap-kecap; utamana dina puisi. Perenahna bisa ngaréndéng dina sakalimah atawa sapadalisan, bisa ogé ngaruntuy dina antar padalisan nya éta …
tema
vokal
ekspresi
ma’na
purwakanti
diteuteup ti hareup sieup
disawang ti tukang lenjang
ditilik ti gigir lenggik
conto purwakanti di luhur kaasup kana wanda purwakanti ..,
Purwakanti pangluyu
Purwakanti maduswara
Purwakanti cakraswara
Purwakanti mindoan kawit
Purwakanti sajak
Nu kaasup kana citraan dina sajak nya éta, iwal…
Citraan taktil
Citraan visual
Citraan pangragap
Citraan swara
Citraan rasa
Wangun sajak téh béda-béda, upamana waé aya nu sapada, dua pada. Ieu hal disebut wangun sajak atawa istilah séjénna nya éta …
Citraan
Purwakanti
Wirahma
Tipografi
Gaya basa
1. Geura turun ka handap!
Éta kalimah make gaya basa ...
Ngasor
Kadalon
Mijalma
Personifikasi
Rarahulan
....
Ieu Bandung nu heurin ku tangtung
Itu Lembang kota herang jeung béntang
Éta cutatan ngabogaan citraan ...
Citraan pangrasa
Citraan pangragap
Citraan taktil
Citraan visual
Citraan auditif
Maksud anu rek ditepikeun ku pangarang sajak disebut….
wirahma
ekspresi
nada
amanat
rasa
