wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Pupuh Kinanti


Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Aya sabara padalisan pupuh di luhur?

a)

4 padalisan

b)

5 padalisan

c)

6 padalisan

d)

7 padalisan

2.

Pupuh Kinanti


Budak leutik bisa ngapung

Babaku ngapungna peuting

Ngalayang kakalayangan

Neangan nu amis-amis

Sarupaning bungbuahan

Naon bae nu kapanggih


Guru wilangan jeung guru lagu padalisan katilu pupuh diluhurnyaeta?

a)

8-a

b)

8-i

c)

8-u

d)

8-e

3.

Pupuh Sinom


Di wetan fajar balebat

Panon poe arek bijil

Sinarna ruhay burahay

Kingkilaban beureum kuning

Campur wungu saeutik

Kaselapan semu biru

Tanda Batara Surya

Bade lumungsur ka bumi

Murub mubyar langit sarwa hurung herang


Guru wilangan jeung guru lagu dina eta pupuh nyaeta ....

a)

7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i

b)

8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a

c)

7-a, 8-i, 12-a, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 8-a, 8-i

d)

7-a, 8-i, 12-a, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u

4.

Kota Bogor katelahna?

a)

puser kota

b)

Kota Intan

c)

Kota Hujan

d)

sasakala Sangkuriang

5.

Mun hujan katutuluyan, Dayeuh Kolot mah sok kabanjiran. Tuluy sarerea pindah saheulaanan ka tempat nu aman.

Kalimah nu digurat handap sarua hartina jeung ....

a)

eureun

b)

caah

c)

datang

d)

ngungsi

6.

Winda teu sakola wae ti kamari.

Kecap ti kamari hartina nyaeta ....

a)

katerangan

b)

jejer

c)

caritaan

d)

udagan

7.

Kiper teh nyaeta ....

a)

nu ngangon meri

b)

nu dagang di jalan

c)

nu ngajaga gawang

d)

nu markiran

8.

Naon ngaran barang nu biasa digunakeun di sawah?

a)

bedog

b)

pacul

c)

arit

d)

palu

9.

Naha urang kudu nyarita make bahasa sunda nu merenah tur sopan?

a)

sangkan lancar nyarita bahasa sunda

b)

sangkan capetang nyarita bahasa sunda

c)

sangkan silih hormat papada jalma

d)

sangkan sayogi nalika pasanggiri

10.

Kecap paguneman saharti jeung ....

a)

ngobral

b)

ngobrol

c)

ngaharewos

d)

ngawangkong

11.

Pupuh asmarandana ngagambarkeun watek nu kumaha?

a)

kagumbiraan

b)

kasedih

c)

kahariwang

d)

kanyaah

12.

Ngagalindangkeun kawih hartina sarua jeung ....

a)

ngawih

b)

nyawer

c)

ngamen

d)

nganyam

13.

Mulih sarua hartina jeung ....

a)

dongkap

b)

sumping

c)

mios

d)

wangsul

14.

Lawan kecap goreng nyaeta?

a)

alus

b)

buruk

c)

awon

d)

teu sae

15.

Candi Cangkuang aya di ....

a)

Magelang, Jawa Tengah

b)

Sleman, DIY

c)

Garut, Jawa Barat

d)

Kampar, Riau

16.

Resya nembe mulih mudik ti Ciamis. Resya nyandak oleh-oleh kanggo rerencangan na di sakola.

Noan katuangan ciri khas ti Ciamis teh ....

a)

moci

b)

dodol

c)

galendo

d)

peuyeum

17.

Tempat wisata nu aya di Sumedang nyaeta?

a)

Cadas Pangeran

b)

Gunung Tangkuban Parahu

c)

Ujung Genteng

d)

Laut Santolo

18.

Saha wae nu kaasup pahlawan nasional dina widang atikan?

a)

Sam Ratulangi jeung Ir. H. Juanda

b)

RA Kartini jeung Raden Otto Iskandardinata

c)

Kyai Haji Ahmad Dahlan jeung Pangeran Diponegoro

d)

Raden Dewi Sartika jeung RA Kartini

19.

Ngaran anak munding nyaeta ....

a)

eneng

b)

buruy

c)

utek-utek

d)

ciak

20.

Daun sampeu keur .... domba

a)

katuangan

b)

ngala

c)

miara

d)

parab