wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Harian Basa Sunda XII (1)

Total questions: 20

Worksheet time: 40mins

Name
Class
Date
1.

Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebutna...

a)

folklor

b)

budaya

c)

tradisi

d)

étika

e)

tatakrama

2.

Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyaéta...

a)

adat ngariksa nu nyiram

b)

adat ngariksa nu reuneuh

c)

adat ngariksa nu ngajuru

d)

adat mulasara bali

e)

adat nyalin

3.

'tabéat anu hésé dipiceunna atawa dirobahna' mangrupa harti tina paribasa...

a)

uncal tara ridueun ku tanduk

b)

uyah mah tara téés ka luhur

c)

adat kakurung ku iga

d)

pindah cai pindah tampian

e)

jati kasilih ku junti

4.

salasahiji conto adat kabiasaan anu husus, nyaéta...

a)

adat ngawinkeun

b)

adat kapapaténan

c)

upacara tingkeban (upacara tujuh bulanan)

d)

adat ngariksa nu ngajuru

e)

sérén taun di Cisolok Sukabumi

5.

adat ngandung harti...

a)

sipat bawaan

b)

paribasa

c)

ngamumulé

d)

daur hirup

e)

pamungkas

6.

Ieu di handap nu lain mangrupa cara pikeun ngamumulé tradisi, nyaéta...

a)

lisan

b)

tinulis

c)

kalakuan

d)

diajar ngeunaan tradisi

e)

ngutamakeun géngsi

7.

wadah paranti neundeun sawéran, disebutna...

a)

bokor

b)

hateup

c)

wuwung

d)

babarit

e)

tingkeban

8.

gambar di luhur mangrupa kadaharan poko di kampung...

a)

Naga

b)

Cireundeu

c)

Mahmud

d)

Kuta

e)

Pulo

9.

Gambar di luhur mangrupa runtuyan tina upacara adat...

a)

mulasara bali

b)

sundatan

c)

kapapaténan

d)

ngariksa nu reuneuh

e)

ruat bumi

10.

Teu meunang nyieun wangunan tina témbok, teu meunang nyieun sumur, teu meunang ngingu soang jeung embé, jeung teu meunang nakol goong jeung bedug, mangrupa pantrangan nu aya di kampung...

a)

Cireundeu

b)

Naga

c)

Pulo

d)

Kuta

e)

Mahmud

11.

Gambar di luhur mangrupa kasenian nu aya dina adat sundatan, nu asalna ti daérah...

a)

Subang

b)

Sumedang

c)

Bandung

d)

Purwakarta

e)

Tasikmalaya

12.

Lamun orok beresin sakali, sok ditémbalan ku indungna ku ngucap...

a)

ceng sawan

b)

maling cikur

c)

maling jahé

d)

gegecok

e)

sup baju ka kurungan

13.

Masarakat adat nu perenahna di désa Kanékés Kacamatan Leuwidamar Kabupatén Lebak, nyaéta...

a)

Naga

b)

Mahmud

c)

Baduy

d)

Cireundeu

e)

Pulo

14.

Wangunan nu luhurna ditutupan ku hateup jeung injuk (tutup wuwung), pindingna tina bilik sedengkeun pantona tina serat hoé, kabéhanana nyanghareup ka kalér atawa kidul, mangrupa ciri khas wangunan nu aya di kampung adat...

a)

Cireundeu

b)

Mahmud

c)

Naga

d)

Pulo

e)

Baduy

15.

Kagiatan ritual taunan nu aya di Cireundeu, nyaéta...

a)

Sérén taun ngemban taun Saka unggal tanggal 1 Sura

b)

Muludan

c)

Rajaban

d)

Mapag taun anyar Islam

e)

Tawasulan

16.

Karangan anu eusina ngajéntrékeun hiji objék, kumaha prosésna, tujuanana, jeung gunana, mangrupa wangenan tina karangan jenis...

a)

éksposisi

b)

narasi

c)

déskripsi

d)

arguméntasi

e)

pérsuasi

17.

Salasahiji téhnik nulis karangan pedaran ku cara néangan jeung medar ciri-cirina éta perkara atawa objék, disebut téhnik...

a)

idéntifikasi

b)

klasifikasi

c)

définisi

d)

ilustrasi

e)

prosés

18.

Salasahiji téhnik nulis karangan pedaran ku cara méré gambaran prosés nyieunna éta barang, disebut téhnik...

a)

idéntifikasi

b)

klasifikasi

c)

définisi

d)

ilustrasi

e)

prosés

19.

Rangkay karangan pedaran téh diwangun ku tilu bagéan, nyaéta bubuka, eusi, jeung bagéan pamungkas. bagéan nu nuliskeun kacindekan, harepan ka hareupna, aya dina bagéan...

a)

bubuka

b)

eusi

c)

pamungkas

d)

di belah hareup

e)

di tengah-tengah

20.

Ieu di handap anu henteu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran, nyaéta téhnik...

a)

pérsuasi

b)

idéntifikasi

c)

ilustrasi

d)

définisi

e)

prosés