NEW
Font size
WorksheetsWawacan
Total questions: 20
Worksheet time: 28mins
Wawacan mangrupa carita dina bentuk...
Kawih
Prosa
Pupuh
Dongéng
Kakawihan
Salah sahiji conto carita wawacan nya éta...
Sangkuriang
Mahabharata
Panji Wulung
Asmarandana
Satria Ngalalana
Bubuka dina wawacan disebut...
Alofon
Kolofon
Magatru
Rajah
Pupuh
Panutup dina wawacan disebut...
Magatru
Pupuh
Rajah
Alofon
Kolofon
Tamatna kaula ngarang
pukul tujuh malem Kemis
di tanggal tujuh welasna
kaleresan bulan April
taun Kangjeng Maséhi
saréwu dalapann ratus
jeung genep puluh dua
marengan hijrahna Nabi
saréwu dua ratus tujuh puluh dalapan
Sempalan wawacan di luhur mangrupa bagian...
Alofon
Kolofon
Rajah
Pupuh
Eusi
Anu henteu kaasup kana pupuh sekar Ageung nya éta...
Kinanti
Sinom
Asmarandana
Durma
Dangdanggula
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
Nu Murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
Guru lagu dina sempalan wawacan di luhur nya éta...
i-a-é-a-a-u-a
i-a-e-a-a-u-a
i-a-e-e-a-u-a
i-a-a-a-a-u-a
i-a-é-a-e-u-a
Kasmaran kaula muji
ka Gusti Ajawajala
Nu Murah ka mahluk kabéh
jeung muji utusanana
Kangjeng Nabi Muhammad
nya éta Nabi panutup
miwah muji sahabatna
Guru lagu dina sempalan wawacan di luhur nya éta...
8-8-8-8-8-8-8
8-8-8-8-7-8-8
8-8-8-8-8-7-8
8-8-8-7-8-8-8
8-8-8-7-7-8-8
Jumlah engang unggal padalisan dina pupuh disebut...
Guru gatra
Guru lagu
Guru wirahma
Guru angka
Guru wilangan
Sora (vokal) tungtung unggal padalisan dina pupuh disebut...
Guru gatra
Guru lagu
Guru nada
Guru angka
Guru wilangan
Salah sahiji conto pupuh Pucung (12u-6a-8é-12a) nya éta...
Warna-warni lauk émpang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyét loréng laleupas
Luncat kana pager déngdék
Bajing konéng jaralang balelang buntutna
Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora
Bisi engké henteu naék
Batur seuri urang sumegruk nalangsa
Pasosoré nyawang Bandung anu subur
Basa kuring ulin ka Isola
Ti dieu ti belah kalér
Témbong di lingkung gunung
Kembang ros ku matak lucu
Nya alus rupa nya seungit
Henteu aya papadana
Ratuning kembang sajati
Pupuh anu miboga guru lagu jeung guru wilangan 15é-15é-15é nya éta pupuh...
Kinanti
Sinom
Ladrang
Balakbak
Gambuh
Saha ngaran indungna Panji Wulung?
Déwi Keswari
Déwi Keswara
Tunjungsari
Tanjungsari
Prameswari
Patih anu dititah ku raja sangkan ngahukum pati Tunjungsari, tapi sabab manéhna apaleun Tunjungsari téh dipitnah, tungtungna Tunjungsari kalah diurus di hiji lembur singkur ku éta patih anu ngaranna...
Ajar Guna Wisésa
Andakasura
Lembu Jayéng Pati
Daéng Bramani
Andayaningrat
Di nagara Cempa, Panji Wulung dijadikeun pangéran ku raja Cempa. Salah sahiji sababna nya éta...
Panji Wulung meunangkeun saémbara Raja Cempa sangkan nyalametkeun putri anu diculik
Panji Wulung kawentar sakti, jago, tur miboga pasipatan anu hadé
Panji Wulung nyieun siasat ku cara mawa mayit anu geus nyulik putri jeung ngaku-ngaku geus nyalametkeun putri
Panji Wulung meunangkeun saémbara Raja Cempa ngadu jajatén jeung patih anu pangkuatna di nagara Cempa
Panji Wulung bisa nyalametkeun karajaan Cempa anu harita dibaruntak ku patihna sorangan
Kumaha carana Raja Sokadana (bapana Panji Wulung) bet apaleun yén Panji Wulung téh anakna?
Raja Cempa anu apaleun yén Panji Wulung téh anak raja, ngirim surat ka Raja Sokadana
Janggala jeung Janggali diutus ku Panji Wulung pikeun méré nyaho Raja Cempa
Panji Wulung datang sorangan ka karajaan Sokadana tuluy ngabéjakeun rusiah anu sabenerna
Panji Wulung kabeneran diondang ku Raja Sokadana, tuluh manéhna betus ka raja naon anu sabenerna
Patih anu basa éta nyalametkeun jeung ngurus Tunjungsari tur Panji Wulung ngabéjakeun sagala rusiah ka Raja Sokadana
Patih Cempa anu miboga ambisi kana kakawasaan nya éta...
Ajar Guna Wisésa
Lembu Jayéng Pati
Andakasura
Andayaningrat
Déwa Keswari
Patih Andakasura sanggeus dibébaskeun ti bui ku Panji Wulung kalah kabur jeung ngahasut karajaan...
Sokadana
Cempa
Lembur Singkur
Giliwengsi
Ayodya
Basa Panji Wulung indit ka karajaan Sokadana, di karajaan Cempa anu harita keur dipimpin ku Panji Wulung muncul karusuhan mangrupa...
Karajaan Cempa diserang ku Karajaan Giliwengsi sabab karajaan Giliwengsi dihasut ku Andakasura
Patih anu dibéré tugas ku Panji Wulung pikeun ngalaksanakeun tugas di Karajaan Cempa ngabaruntak sabab dihasut ku Andakasura
Karajaan Cempa diserang ku Karajaan Giliwengsi sabab karajaan Giliwengsi dihasut ku Ajar Guna Wisesa
Patih anu dibéré tugas ku Panji Wulung pikeun ngalaksanakeun tugas di Karajaan Cempa ngabaruntak sabab dihasut ku Ajar Guna Wisesa
Patih anu dibéré tugas ku Panji Wulung pikeun ngalaksanakeun tugas di Karajaan Cempa ngabaruntak sabab miboga ambisi keur ngawasa karajaan Cempa
Sanggeus Panji Wulung bisa ngarebut deui karajaan Cempa, Andakasura jeung patih anu ngahianat kabur tuluy kalunta-lunta di leuweung. Tungtungna..
Patih anu ngabaruntak jeung Andakasura dihampura
Patih anu ngabaruntak jeung Andakasura dihukum pati
Patih anu ngabaruntak dibui, Andakasura dihukum pati
Patih anu ngabaruntak jeung Andakasura dibui
Patih anu ngabaruntak dihampura, Andakasura dihukum pati
