WorksheetsPEDARAN TRADISI
Total questions: 15
Worksheet time: 16mins
Ieu di handap kaasup kana ungkara anu nuduhkeun pernahna wewengkon "Kampung Mahmud" anu mernah nya eta...
kira-kira 5 KM laju ngulon sanggeus ngaliwatan jambatan CItarum asup ka desa Mekar Rahayu.
najan kasebut kampung adat, sabengbatan mah "Kampung Mahmud" taya bedana jeung kampung sejenna.
kurang leuwih 7 hektar tur jumlah masarakatna aya 200 KK, can kungsi ngalaman kacaahan.
"Kampung Mahmud" mimiti aya kira-kira abad ka 18 M, diadegkeun ku Eyang Dalam Abdul Manaf
wangun tulisan anu eusina ngajentrekeun hiji objek, proses jeung tujuan disebut oge...
Argumentasi
Deskripsi
Eksposisi
Persuasi
ieu di handap wangenan nu kaasup kana wangun tulisan Persuasi anu mernah nya eta...
tulisan anu ngagambarkeun objek, tempat kajadian nepi ka nu maca siga ngarasakeun lumangsungna kajadian
tulisan anu eusina nyaritakeun lumangsungna hiji kajadian kalayan ngaruntuy.
tulisan anu eusina nerangkeun hiji perkara dumasa kana alesan nu kuat.
tulisan anu eusina bisa ngahudangkeun ka pamacana milampah hiji pagawean
ieu dihandap ungkara tulisan anu kaasup kana Struktur pedaran dina wangun bubuka anu mernah nya eta...
...Mojang nu geus papacangan, biasana sok ngajingjing rantang ka calon salakina. Dina henteuna, apan ku kolot lalaki sok terus diomongkeun...
...Memang aya hadena tradisi mawakeun teh. da ari enas-enasna mah, apan silahturahmi tea, lain ukur barang bere hungkul...
...ayeuna mah menta hampura dina nyanghareupan puasa teh cukup ku SMS. Bareto mah ngahaeub ka bulan puasa teh papada ngajingjing rantang...
...eta tumpeng tuluy diriung di hiji imah. balik sholat Id atawa balik ti nandran, sok ngariung heula pikeun ngarecah tumpeng.
ieu di handap nu kasap kana lengkah-lengkah nulis pedaran anu mernah nya eta kajaba...
nangtukeun jejer heula
basa nu digunakeun ragam lemes
nyusun rangkai tulisan pedaran
nangtukeun judul karangan tulisan pedaran
ieu di handap nu kaasup kana lengkah-lengkah nulis pedaran dumasar kana nangtukeun jejerna anu mernah nya eta...
sanggeus manggih ide, urang kari mikiran naon anu rek dituliskeun teh. teu kudu rea teuing, hadena mah kudu museur.
pakakas anu utama dina nyieun pedaran nyaeta basa nu digunakeun kudu loma
sanggeus manggih ide jieun strukturna, kudu taliti sangkan weweg bari gunakeun ejaan nu bener.
biasana sok hese neangan ide keur neangan tulisan pedaran teh.
tek pedaran "Kampung Mahmud" teh diwangun ku tulisan anu mernah nya eta
deskripsi jeung argumentasi
narasi jeung eksposisi
deskripsi jeung narasi
deskripsi jeung eksposisi
saha ari anu ngadegkeun "kampung Mahmud" teh...
Abdul Somad
Eyang Dalam Abdul Somad
Eyang Dalam abdul manaf
Abah Dalam abdul manaf
ieu di handap nu kaasup kana struktur eusi pedaran anu mernah nya eta...
ti puseur Kota Bandung mah kaasup deukeut "Kampung Mahmud" teh kira kira laju ngulon.
can aya sumber nu pasti iraha-irahana kampung mahmud diadegkeun teh.
Kampung anu rea kasab kana Tani, mebel jeung barang barang dina kai teh kungsi kahuruan.
wangunana kudu imah panggung popotongan jolopong karereananamha di "Kampung Mahmud" teh.
ieu di handap nu kaasup kana conto kecap rajekan sabagian dwipurwa anu mernah nya eta...
kukupu
bala-bala
papanggih
brag-brig-brug
…Saéstuna aya hadéna ieu tradisi téh. Sok sanajan dina enas-enasna mah, apan silahturahmi téa, lain ukur barang béré wungkul. Nepungan dulur anu geus lila teu jonghok, néang baraya nu tara dianjangan dina bulan-bulan séjénna. Ari ukur ngalongok bari jeung léngoh mah, kawasna téh kurang apdol. Boa ngara éra ari teu jingjing teu bawa mah. Ngan lebah ngayakeun dahareunana, béhna mah tara mikiran aya euweuhna. Kumaha baé carana, nu penting barang kirim. Komo ka jalma anu dianggap deukeut mah, éra teuing lamun panggih teu milampah éta tradisi téh…
Sempalan pedaran di luhur téh kaasup kana kabiasaan anu mernah nya éta …
Tradisi Sawéran Nikahan
Tradisi Bubursura Jaélani
Tradisi Barang kirim lebaran
Tradisi Mawakeun Bulan Puasa
Tradisi Ngirim piring
…Aya deui tradisi séjénna, ieu mah aya hubunganana jeung tatangga nu deukeut. Kabiasaan dina nyanghareupan lebaran téh ngumpul-ngumpul dahareun. Anu diwadahanana téh nya éta kaolahan jijieun anu ngirimna. Upama dihiji imah nyieun opak jeung wajit, nya éta anu dikirimkeunana gé. Lamanu dipokkeun mah meureun ‘bilih bade ngaraosan’. Puguh waé saban burit téh ieu tradisi milu balawiri.
Sempalan Pedaran di luhur téh kaasup kana tradisi anu mernah nya éta …
Tradisi Sawéran Nikahan
Tradisi Bubursura Jaélani
Tradisi Barang kirim lebaran
Tradisi Mawakeun Bulan Puasa
Tradisi Ngirim piring
Kitu deui kasenian anu mekar di Kampung Mahmud téh kudu raket patalina jeung kaIslaman diantarana baé terebangan, kasidahan jeung nasyid, malah aya aturan teu meunang nakol bedug atawa goong.
Ieu di handap nu kaasup kana alesana anu mernah tina larangan teu meunang nakol bedug jeung gooang nya éta….
Lantaran di kampung Mahmud loba masarakatna anu teu bisa maénkeun Gamelan bedug atawa goong.
Lantaran di kampong Mahmud ukur bisa maénkeun kasenian terebangan, kasidahan jeung nasyid hungkul
Lantaran Matak gandéng, bisi dicarékan ku kokolot kampung Mahmud anu resep kana kasenian kaIslaman.
Lantaran matak gandéng, bisi kagiridig ku bangsa penjajah di jaman harita.
Lantaran matak gadéng, bisi kagurudug ku bangsa penjajah Walanda.
Dina nyanghareupan poé lebaran teu saeutik ibu-ibu balawiri bulak-balik ka pasar pikeun balanja pikeun nyumponan dahareun atawa asakan di imahna. Matak teu sirikna sora didapur mani trang-tréng-trong pabeulit katél sérok panic jeung piring.
Kecap anu digurathandapan dina kalimah di luhur kaasup kana kecap rajékan anu mernah nya éta…
Kecap Rajékan Sagemblengna
Kecap Rajékan DwiLIngga
Kecap Rajékan Sabagian
Kecap Rajékan Dwipurwa
Kecap Rajekan Trilingga
Kalimah ieu di handap nu kaasup kana kecap rajékan sabagian anu mernah nya éta…
Minangka Cicirén, Abdul Mahmud ngawung tugu batu di tengah-tengah kampung.
Barang-barang urut atawa loakan di kota Bandung geus jadi tren pikeun masarakat kota.
Dina nyanghareupan tamu ibu-ibu pangajian, induk kuring pak-pik-pek barangjieun asakan.
Teuing geus ka sababaraha kalina éta budak dudupak baé kapada baturna.
Barudak SD kelas III keur lulumpatan ngudang-ngudag kukupu di tepas imah nu loba tutuwuhan téa.
