wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SUNDA KELAS X

Total questions: 25

Worksheet time: 3600secs

Name
Class
Date
1.
Biantara teh nyaeta ....
a)
Nyarita dihareupeun jalmi loba pikeun nepikeun hiji perkara
b)
Ngariung dihareupeun jalmi loba pikeun nepikeun hiji perkara
c)
Obrolan antara dua jalma atawa leuwih
d)
Caritaan antara dua jalma atawa leuwih
e)
Macakeun carita
2.
“Ibu sareng Bapak Guru hormateun sim kuring”. Kalimah di gigir mangrupa bagian biantara nyaeta ....
a)
Ngahaturkeun pangwilujeung ka nu hadir
b)
Salam pamuka
c)
Sanduk – sanduk menta dihampura
d)
Mukadimah
e)
Salam panutup
3.
Tujuan biantara diantarana nyaeta mere parentah, atau disebut oge ....
a)
Informatif
b)
Persuasif
c)
Edukatif
d)
Instruktif
e)
Manuscript
4.
Biantara dibedakeun jadi .... jenis
a)
Hiji
b)
Dua
c)
Tilu
d)
Opat
e)
Lima
5.
Biantara teh sok dipatalikeun jeung seni ....
a)
Hiburan
b)
Sora
c)
Nyarita
d)
Ugeran
e)
Rumpaka
6.
Sawantara faktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balarea diantara na nyaeta, iwal ti ....
a)
Tatag Nyaritana
b)
Munel eusina
c)
Ngandung wirahma
d)
Alus basana
e)
Ngandung lentong
7.
( i ) informatif ( iii ) instruktif
( ii ) improftu ( iv ) memoriter
Metode biantara ditunjukkeun ku nomer ....
a)
i jeung ii
b)
ii jeung iii
c)
i jeung iv
d)
iii jeung iv
e)
ii jeung iv
8.
Salah sahiji metode biantara nyaeta Memoriter. Nyaeta ....
a)
Nyusun teks
b)
Improvisasi
c)
Nyandak teks
d)
Ngapalkeun teks
e)
Maca teks
9.
Biantara nu ditepikeun ku urang teh eusina loba pulunganeunana atawa loba mangfaatna, mangrupakeun maksud tina sawantara faktor nu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balarea nyaeta ....
a)
Aktual temana
b)
Alus basana
c)
Munel eusina
d)
Tatag nyaritana
e)
Ngandung wirahma
10.
Tatag nyarita na hartina ....
a)
Biantara teh alusna mah direumbeuy ku mamanis basa
b)
Dina nepikeun biantara teh urang kudu tetela, henteu kararagok
c)
Biantara nu ku urang tepikeun teh eusina loba pulunganeunana
d)
Biantara nu ku urang tepikeun teh alusna loba mangfaatna
e)
Biantara nu ku urang tepikeun teh kudu aktual
11.
Kalimah di handap ieu anu mangrupakeun bagian Mukadimah dina biantara nyaeta ....
a)
Assalamu’alaikum wr. wb
b)
Ibu sareng bapak guru hormateun sim kuring
c)
Sadaya puji kagungan Allah SWT nu murbeng alam
d)
Wilujeng kantun ibu... wilujeng kantun bapa...
e)
Wassalamu’alaikum wr. wb
12.
Paguneman teh mangrupakeun cara manusia pikeun ....
a)
Hiburan
b)
Ritual
c)
Informasi
d)
Komunikasi
e)
Edukasi
13.
Paguneman nu sifatna resmi nyaeta ....
a)
Diskusi
b)
Biantara
c)
Ngobrol
d)
Bewara
e)
Nyarita
14.
Paguneman dibedakeun jadi .... jenis
a)
Hiji
b)
Dua
c)
Tilu
d)
Opat
e)
Lima
15.
Ngobrol disebut oge ....
a)
Sawala
b)
Bewara
c)
Biantara
d)
Guneman
e)
Gunem catur
16.
Aya tilu jenis tata basa, nyaeta kasar, lemes jeung ....
a)
Loma
b)
Leuleus
c)
Resmi
d)
Sopan
e)
Teu resmi
17.
Tata krama nu dibutuhkeun dina paguneman diantara nyaeta, iwal ti ....
a)
Merhatikeun tata basa
b)
Merhatikeun patokan pupuh
c)
Lengkuh atawa gerak awak
d)
Pasemon ( Raut wajah / mimik )
e)
Lentong nyaritana urang kudu merhatikeun intonasi
18.
A : ......................................
B : wangsul ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa.
Kalimah nu merenah pikeun ngelengkepan paguneman di luhur nyaeta ....
a)
Mulih timana ieu teh?
b)
Kumaha ieu teh?
c)
Bade kamana ieu teh?
d)
Bade dimana ieu teh?
e)
Bade kumaha ieu teh?
19.
Kauger ku aturan – aturan, henteu sagawayah. Mangrupakeun ciri ti ....
a)
Wawacan
b)
Sawala
c)
Biantara
d)
Paguneman resmi
e)
Paguneman teu resmi
20.
Teu diwatesan ku waktu, ku jejer obrolan atawa ku tempat lumangsungna. Mangrupakeun ciri ti ....
a)
Wawacan
b)
Sawala
c)
Biantara
d)
Paguneman resmi
e)
Paguneman teu resmi
21.
Paguneman teh aya nu resmi jeung teu resmi. Eta teh gumantung kana ....
a)
Carana
b)
Jalmana
c)
Waktuna
d)
Tempatna
e)
Suasana atawa kaayanana
22.
Obrolan antara dua jalma atawa leuwih pikeun ngungkapkeun perasaan, pikiran jeung kahayang disebut ....
a)
Wawacan
b)
Biografi
c)
Pupuh
d)
Paguneman
e)
Biantara
23.
Kecap gaganti jalma kahiji dina situasi resmi nyaeta ....
a)
Sim kuring
b)
Abdi
c)
Urang
d)
Kuring
e)
Ddewek
24.
Kecap imah lemes keur sorangan nyaeta ....
a)
Enggon
b)
Rorompok
c)
Bumi
d)
Pondok
e)
Imah
25.
Kecap mios lemes keur batur nyaeta ....
a)
Indit
b)
Dongkap
c)
Angkat
d)
Sumping
e)
Mangkat