Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN HARIAN 1 KELAS XII (BAHASAN TRADISI & WAYANG)

Total questions: 30

Worksheet time: 24mins

Name
Class
Date
1.
Luluhur Pandawa anu jadi raja di karajaan Astina nya éta . . . .
a)
Arjuna
b)
Bima
c)
Caturangga
d)
Duryudana
e)
Pandu Déwanata
2.
Salian ti Déwi Kunti, pamajikan Prabu Pandu Déwanata téh nyaéta
a)
Supraba
b)
Madrim
c)
Citraséna
d)
Drupadi
e)
Ruci
3.

Di handap ieu nyaéta palaputra Pandu nu disebut Pandawa Lima. Iwal ti . . . .

a)

Yudistira

b)

Bima

c)

Arjuna

d)

Nakula

e)

Sadéwi

4.
Putra Pandudéwanata nu dilahirkeun ti ibu Déwi Madrim téh nya éta
a)
Arjuna
b)
Bima
c)
Nakula
d)
Duryudana
e)
Dursasana
5.
Sanggeus Pandu tilar, pikeun saheulaan korsi kapamarétahan karajaan dicekel ku saha?
a)
Arjuna
b)
Bima
c)
Kurawa
d)
Déstarata
e)
Yudistira
6.
Wayang téh asal kecapna tina wa jeung hyang. Wa nya éta wadah, Hyang nya éta déwa. Éta pamadegan the ditétélakeun ku . . . .
a)
KUBS
b)
Pranowo
c)
Pasha
d)
Ruhaliah
e)
kuncoroningrat
7.
Carita wayang nu panjangna 200.000 Jajar atawa 100.000 Sloka tur dianggit atawa dikarang ku Wiyasa téh nya éta
a)
Ramayana
b)
Mahabarata
c)
Dangdanggula
d)
Gatotkaca
e)
Nusantara
8.
Di handap ieu mangrupa istilah-istilah nu aya dina pagelaran wayang. Iwal ti . . . .
a)
Antawacana
b)
Nyandra
c)
Murwa
d)
Kakawén
e)
Sudra
9.
Ieu di handap aya rupa-rupa wangun tulisan bahasan, iwal ti …
a)
déskripsi, narasi, éksposisi.
b)
déskripsi, narasi, arguméntasi.
c)
déskripsi, persuasi, éksposisi.
d)
narasi, éksposisi, arguméntasi.
e)
déskripsi, persekusi, arguméntasi.
10.
Struktur tulisan bahasan diwangun ku ….
a)
bubuka, eusi, panutup
b)
salam bubuka, eusi, panutup
c)
bubuka, eusi, salam panutup
d)
salam bubuka, eusi, salam panutup
e)
salam bubuka, bubuka, panutup
11.
ieu di handap nyaéta rarancang nulis bahasan tradisi kalayan runtut nyaéta . . . .
a)
néangan idé, nangtukeun jejer, nyusun rarancang tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
b)
néangan idé, nangtukeun jejer, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
c)
nangtukeun jejer, néangan idé,nyusun rarancang tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
d)
nangtukeun jejer, nyusun rarancang tulisan, basa nu digunakeun, nangtukeun judul
e)
Nyusun rarancang tulisan, néangan idé, nangtukeun jejer, basa nu digunakeun, nangtukeun judul.
12.

Ieu di handap salasihiji sato nu sok dipaké pikeun salametan 7 bulanan anu miboga palsapah sangkan lancar ngalahirkeunana

a)

hayam

b)

domba

c)

sapi

d)

embé

e)

belut

13.
Kagiatan ngahaleuang bari ngawur-ngawur béas anu dicampur ku konéng temen beunang nyiksikan jeung duit récéh nyaéta . . . .
a)
tingkeban
b)
sawér
c)
nikahan
d)
ngeuyeuk seureuh
e)
neundeun omong
14.
Ngaran Kampung adat anu perenahna di Désa Kanékés, Lebak Banten nyaéta ….
a)
Kampung Naga
b)
Ciptagelar
c)
Baduy
d)
Kampung Mahmud
e)
Kampung Dukuh
15.
Kecap rajékan ku cara malikan deui sacara gembleng dua kali wangun dasarna kalayan teu robah fonémna disebut ….
a)
dwilingga
b)
dwimurni
c)
dwimadya
d)
dwiréka
e)
trilingga
16.
Kecap tajong saupama dirajék kalayan dwipurwa jadi …
a)
tatajong
b)
tajong-tajong
c)
tujang-tajong
d)
tujang-tajongan
e)
tajong-tujang
17.
kecap sindir saupama dirajék kalayan dwiréka jadi ….
a)
sisindiran
b)
sundar-sindir
c)
sindir-sindir
d)
sundar-séndér
e)
nyindir
18.
Ieu di handap nu kaasup dwimadya nyaéta . . . .
a)
sababaraha
b)
sasampeureun
c)
udar-ider
d)
cugap-cagap
e)
trang-tréng-trong
19.
Kacaturkeun tapana Arjuna téh aya dua taunna langkung. Hiji mangsa aya kajantenan ahéng. Salira Arjuna ngempur cahayna lir emas sinangling, tandaning Arjuna manjing harkat jalma suci. Ku Hyang Tunggal, tatapana ditarima. Malah kalungguhanana ogé tos disaharkatkeun sareng para rési lan bagawan.
Sempalan carita di luhur kaasup kelompok carita . . . .
a)
novel
b)
dongéng
c)
carita pondok
d)
wawacan
e)
wayang
20.
Carita wayang nu panjangna 48.000 Jajar atawa 24.000 Sloka tur dianggit atawa dikarang ku Walmiki téh nya éta…..
a)
Mahabarata
b)
Ramayana
c)
Dursusana
d)
Gatotkaca
e)
Dangdanggula
21.

Disagédéngeun éta, mun dipaparin kajugalaan ulah sarakah, upami dipasihan kagagahan tong balaga, sarta upami kawasa ulah katarumpangan sipat umaing. “

“Aya deui?”

“Cekap.”

“Sugan keur sorangan?”

“Cekap.”

“Bisi hayang tambah pakarang nu leurwih punjul?”

“Inggis teu tiasa ngabantunna, dugi ka lali ka jati diri, umangkeuh gaduh andelan.”


Wacana di luhur téh sempalan dialog tokoh dina carita wayang. Cing, sok disebut naon ari dialog dina carita wayang téh?

a)

Antawacana

b)

Nyandra

c)

Murwa

d)

Kakawén

e)

Paguneman

22.

Bagan carita wayang di luhur nyaéta pancakaki dina carita wayang . . . .

a)

Mahabarata

b)

Ramayana

c)

Kumbakarna

d)

Angling darma

e)

Gatot kaca

23.

Mana gambar di handap ieu anu nuduhkeun kagiatan sawér ?

a)
b)
c)
d)
e)
24.

Dwimurni jeung dwiréka kaasup kana salasahiji kecap rajékan gembleng nyaéta . . . .

a)

dwilingga

b)

trilingga

c)

triréka

d)

dwipurwa

e)

dwimadya

25.

Ari anu jadi babon carita wayang téh asalna ti india nyaéta . . . .

a)

Mahabarata jeung Ramayana

b)

Kumbakarna jeung Ramayana

c)

Mahabarata jeung gatotkaca

d)

Ramayana jeung Dursusana

e)

Ramayana jeung India

26.

Carita wayang nu nyebar diurang aya nu ditulis dina wangun wawacan, dina wangun prosa, atawa dipagelarkeun dina pintonan wayang golék nu ditepikeun ku . . . .

a)

dalang

b)

panembang

c)

narator

d)

juru dongéng

e)

aktor

27.

Caritana museur dina peperangan antara pihak Ayodya jeung Aléngka lantaran Raja Aléngka nyulik Sinta, Istrina Rama. Éta téh jejer tina carita . . . .

a)

Arjuna Sasrabahu

b)

Mahabarata

c)

Ramayana

d)

Bimasakti

e)

Rama Gandrung

28.

Caritana museur dina riributan parebut karajaan Astinapura antara Kurawa jeung Pandawa. Éta téh jejer tina carita . . . .

a)

Rikmadenda

b)

Rahwana

c)

Ramayana

d)

Mahabarata

e)

Gatotkaca

29.

Jumlahna aya 100 urang sarta lahir tina saguruntul daging ti Déwi Gandari, nyaéta . . . .

a)

Pandawa

b)

Kurawa

c)

Wayang Buta

d)

Kumbakarna

e)

Ririwa

30.

Aya bagian tina pagelaran wayang anu biasana aya dina bubuka, diomongkeun ku dalang dina basa Kawi sarta ditembangkeun, disebut . . . .

a)

antawacana

b)

kakawén

c)

nyandra

d)

murwa

e)

lawang sigotaka