wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PH 1 Biantara

Total questions: 25

Worksheet time: 25mins

Name
Class
Date
1.

Bagian biantara anu eusina ngucapkeun salam jeung sanduk-sanduk kanu hadir, nyaéta ....

a)

Bubuka

b)

Panutup

c)

Amanat

d)

eusi

2.

Saméméh nyusun naskah biantara kudu nyusun heula .…

a)

tujuan

b)

judul

c)

audiensi

d)

rarangkay

3.

biantara miboga tilu bagian, diantarana....

a)

bubuka, pamapag jeung panutup

b)

bubuka, eusi jeung mamanis basa

c)

bubuka, du'a jeung panutup

d)

bubuka, eusi jeung panutup

4.

“Ieu kamerdékaan téh mangrupa kurunia sareng ni’mat ti Alloh SWT, anu dipasihkeun ku bangsa Indonésia, anu diproklamasikeun dina kaping 17 Agustus 1945 di Jakarta. Ayana kamerdékaan sanés paméré ti kaum penjajah, tapi beunang itikurih bangsa Indonésia.”

Cutatan biantara diluhur téh mangrupa bagian....

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

5.

"Hadirin sadaya anu dipikahormat ku sim kuring, henteu karaos atos 3 taun arurang aya di dieu. Anu disebatkeun nuju nuntut elmu. Ayeuna urang sadaya teh tereh papisah, ti sakola ieu. Mugia naon anu diajarkeun ku bapak sareng ibu guru tiasa dimangpaatkeun ku urang sadaya..."

Naon jejer (tema) tina biantara di luhur?

a)

Mieling poe pahlawan

b)

Mieling poe guru nasional

c)

Paturay tineung

d)

Bubuka 17 Agustus

6.

Jinu dipiwarang maca teks biantara, tapi keur latihan teh, Jinu loba keneh gerak-gerik atawa loba gaya dina macana. Hal anu kudu dibenerkeun ku  Jinu nyaeta dina maca biantarana nyaeta...

a)

Sora

b)

lentong

c)

pasang peta (gestur)

d)

pasemon (mimik)

7.

Dihandap aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun upama urang biantara, iwal...

a)

nada

b)

paroman

c)

sora

d)

basa

8.

Dina biantara gerak awak teu perlu kaleuleuwihi, cukup saperluna. biasana ngan gerak leungeun nuturkeun wirahma jeung nada nu dikedalkeun. hal ieu teh disebut...

a)

wirahma

b)

nada

c)

pasang peta

d)

paroman

9.

Sawatara hal anu kudu diperhatikeun saacan nyieun naskah biantara nyaeta, iwal.....

a)

dina acara naon biantara teh

b)

salaku naon nu biantara dina eta acara

c)

dina situasi kumaha eta biantara

d)


naon jejerna eta acara

10.

Sabada nangtukeun jejer nu rek ditulis, sangkan focus alusna mah dijieun heula rangkay karanganna anu ngawengku....

a)

judul

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

11.

……...

Pamungkas sakitu anu kapihatur, sewu nuhun kana perhatosanna oge mugi-mugi wae naon rupi anu didugikeun ku sim kuring aya mangfaaatna kanggo urang sadayana, Bobo sapanon carang sapakan hapunteun nu kasuhun….

ungkaran kalimah di luhur nya eta mangrupa conto….

a)

bubuka biantara

b)

panutup biantara

c)

eusi biantara

d)

mamanis biantara

12.

Biantara téh nya éta nyarita di hareupeun balaréa dina situasi nu resmi. Biantara pikeun mapag dina hiji acara disebut biantara pamapag, atawa biasana disebut...

a)

Papatah

b)

Sambutan

c)

Weujangan

d)

Guguritan

13.

Saméméh nulis biantara alusna mah dijieun heula rangkayna, pangpangna mah bagian eusina. Naon sababna?

a)

Sangkan pidatona narik pamirsa

b)

Sangkan gampang baca na

c)

Gampang ka hartos

d)

sangkan dina ngamekarkeun eusi biantara téh henteu mancawura

14.

Upama hidep dibéré pancén ku guru pikeun nulis naskah biantara, tuluy kudu diapalkeun kecap demi kecap sarta dibiantarakeun di hareupeun kelas kalayan teu maké téks. Téhnik biantara naon nu ku hidep dipaké?

a)

téhnik nalar

b)

téhnik maca

c)

téhnik nyatetkeun inti

d)

. tehnik ngadadak

15.

Sora, lentong wirahma, nada, paroman, jeung pasang peta mangrupa hal anu kudu diperhatikeun dina waktu...

a)

Eusi biantara

b)

Wirahma

c)

Nepikeun Biantara

d)

Paroman anatapi Pasemon

16.

Pamungkas, moal seueur anu kapihatur, saninten buah saninten, dibantun ka parapatan, hapunten abdi hapunten, bilih aya kalepatan. Ungkara biantara di luhur anu dicondongkeun ngagunakeun mamanis basa kaasup kana ...

a)

Paribasa

b)

Paparikan

c)

wawangsalan

d)

purwakanti

17.

Bagian panutup dina biantara di luhur dituduhkeun ku nomer ...

a)

2

b)

4

c)

3

d)

5

18.

Bagian bubuka dina biantara di luhur dituduhkeun ku nomer ..

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

19.

Sakieu biantara ti simkuring. Hapunten bilih aya cariosan anu pondok ngogok panjang nyugak, malum sanes ahlina.

Ungkara biantara di luhur anu dicondongkeun ngagunakeun mamanis basa kaasup kana ...

a)

paparikan

b)

wawangsalan

c)

purwakanti

d)

babasan

20.

Ka rombongan calon panganten pameget, sim kuring ngahaturkeun ilujeung sumping, tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

Ungkara biantara di luhur anu dicondongkeun ngagunakeun mamanis basa kaasup kana ...

a)

paparikan

b)

paribasa

c)

wawangsalan

d)

purwakanti

21.

Dina biantara .................... kudu merenah, sakumaha ilaharna ...........basa sunda. Ulah nepikeun ka kajadian, biantara basa Sunda, ari...............basa Indonésia.

a)

nada

b)

wirahma

c)

lentong

d)

pasang peta

22.

Baca ieu sempalan biantara ! Hadirin anu ku sim kuring dipikahormat. Tina elmu kabagjaan dunya tiasa urangrasakeun, tina elmu oge kabagjaan alam akherat tiasa urang rasakeun. Makin lobaelmu nu ku urang dipiboga kabutuhan sareng kabagjaan dunya tiasa urang hontal.Kitu oge sami, panghareupan urang kana kabagjaan akherat tiasa urang rasakeun.Janteun kitu nungtut elmu teh kedah diutamakeun. Komo deui pikeun siswa-siswianu calik dibangku sakola, teu aya alesan kanggo urang males-malesan tina diajar. Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina teh?

a)

Kabersihan

b)

Kautamaan menuntut ilmu

c)

Kautamaan sakola

d)

Kautamaan diajar

23.

"Nepangkeun sim kuring Mutiara, minangka wawakil ti kelas IX nganuhunkeun ka panitia anu parantos masihan kasempetan kanggo cumarios dina ieu kasempetan. Saur paribasa tea mah sim kuring teh ngiring jabung tumalapung, cumarios di dieu teh sanes tiasa, namung alatan kapaksa"

Cutatan biantara di luhur teh mangrupa.... anu ditepikeun ku.....

a)

Bubuka-guru

b)

Panutup-siswa

c)

Panutup-guru

d)

Bubuka-siswa

24.

Baca ieu sempalan biantara!

Dina ieu waktos, sim kuring kedah sasanggem minangka wawakil ti sakumna murid kelas IX anu badé ngantunkeun SMPN 1 Cileungsi. Saleresna mah rada rumegog waktos dipasihan ieu pancén téh, bilih anu baris dipisanggem kirang merenah sareng teu ngawakilan gerentes haté sadaya réréncangan. Namung ku margi ieu pancén dipasrahkeun ka sim kuring, kitu deui lbu sareng Bapa Guru ogé milih sim kuring, nya atuh teu tiasa nolak. Jalaran kitu, sateu acan ngadugikeun ieu biantara, sim kuring badé nyuhunkeun heula dihapunten, utamina pisan ka sadaya murid kelas IX, bilih baé pisanggem sim kuring téh kirang saluyu sareng harepan sadayana. Tina naskah biantara anu dibaca ku hidep, nerangkeun ngeunaan naon eusina téh?

a)

paturay tineung

b)

pamapag

c)

Pasanggiri

d)

tujuh belasan

25.

Tema biantara nu luyu pikeun ditepikeun dina acara paturay tineung nyaeta .....

a)

miara kabersihan lingkungan

b)

ngalaksanakeun bakti sosial

c)

milih pergaulan nu sehat

d)

papisah lain hartina megatkeun silaturahmi