wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Quiz Biantara Basa Sunda

Total questions: 20

Worksheet time: 10mins

Name
Class
Date
1.

Dumasar kana téks di luhur, jalma-jalma nu henteu hadir dina éta acara téh nya éta …

a)

Gegedén ti Dinas Budaya jeung Pariwisata.

b)

Gegedén ti Dinas Pendidikan

c)

Réngréngan Ibu/Bapa girang pangajén

d)

Para pamilon ti unggal daérah

2.

Dumasar téks di luhur aya ungkara "Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Sunda kana Basa jeung Budayana". Kecap kareueus dina basa Indonesia nya éta …

a)

Keharusan

b)

Kebanggaan

c)

Kemampuan

d)

Keterampilan

3.

Ieu di handap nu henteu kaasup kana téknik biantara nya éta …

a)

Talaran

b)

Impromptu

c)

Tanya jawab

d)

Catetan ringkes

4.

"Dina ieu kasempetang sim kuring bade … tutungkusan kalbu, nu salami ieu dipendem dina ati sanubari."

Kecap keur ngeusian titik-titik di luhur nya éta …

a)

Nepikeun

b)

Ngedalkeun

c)

Nyaritakeun

d)

Ngadugikeun

5.

Tos rada lami padungdengan perkara héngkérna kareueus nonoman Sunda kana basa jeung budayana téh. Malah kantos diadurényomkeun dina Kongrés Internasoonal Budaya Suinda sareng Kongrés Basa Sunda. Atuh teu kirang-kirang , seueur media citak anu hariwangeun Basa Sunda bakal carem. Ku kituna Perserikatan bangsa-bangsa (PBB) ngalangkungan UNESCO kantos nétélakeun kumaha pentingna ngajungjung basa indung. Hartina, urang Sunda kedah ngajungjung lungguh basa Sunda minangka basa Indungna.

Eusi téks biantara di luhur ngeunaan …

a)

Héngkérna kareueus nonoman Sunda kana basa jeung budayana.

b)

Héséna nonoman Sunda ngomong make basa Sunda.

c)

Luhurna sumanget nonoman Sunda dina ngamekarkeun budaya Sunda.

d)

Tarékah pamaréntah pikeun mekarkeun basa jeung budaya Sunda.

6.

“Salaku urang Sunda, geus sawadina kudu ngajungjung basa Sunda minagka basa indungna.”

Di handap ieu nu kaasup conto tina ngajungjung lungguh basa Sunda nya éta …

a)

Nyarita di mana waé ku basa Sunda

b)

Macaan buku, majalah, atawa koran basa Sunda

c)

Narjamahkeun buku-buku asing kana basa Sunda

d)

Ngajakan batur nu lain urang Sunda ngomong make basa Sunda

7.

Dina waktos ieu, sim kuring seja biantara ngadugikeun jejer “Lembur Kuring Hirup Kuring”. Pangapunten dina ieu kasempetan, sim kuring seja medar ieu jejer, sanés ku tiasa atanapi “kokolot begog”, naming bakat ku nyaah ka sarakan . ieu jejer téh teu kinten abotna saleresna mah,  mung sim kuring badé nyobi-nyobi sakamampuhna.

Babasan kokolot begog mun ditarjamahkeun kana basa Indonesia nya éta …

a)

Sok tahu

b)

Sombong

c)

Serba tahu

d)

Sempit pengetahuannya

8.

Kumaha atuh tarékah UNESCO dina ngajungjung basa indung? Diantarana waé, kunetepkeun unggal ping 21 Pébruari  janten Poé Basa Indung Internasinal. Ku kituna , unggal taun di Bandung sok diayakeun  miéling éta poé. Mugia waé ngalangkungan éta acara, tiasa ngahudang karep urang dina raraga ngamumulé tur miara basa katut budaya Sunda.

Kumaha atuh tarékah UNESCO dina ngajungjung basa indung?

a)

Netepkeun unggal ping 21 Pébruari janten Poé Basa Indung Internasional.

b)

Basa Sunda dijadikeun warisan budaya dunia sangkan dipikareueus ku nonoman Sunda.

c)

Basa Sunda di Jawa Barat dijadikeun basa panganteur di sakola-sakola.

d)

Nonoman Sunda dipiharep bisa ngamumulé tur miara basa jeung budaya Sunda.

9.

Dina waktu ieu sim kuring seja biantara ngadugikeun jejer “Lembur Kuring Hirup Kuring”. Pangapunten upami dina ieu kasempetan, sim kuring seja medar ieu jejer, sanés ku tiasa atanapi “kokolot begog”, naming bakat ku nyaah ka sarakan . ieu jejer téh teu kinten abotna saleresna mah,  mung sim kuring badé nyobi-nyobi sakamampuhna. Ieu mahi tung-itung ngiring jabung tumalapung, ngiring ngareuah-reuah étang-étang dogdog pangréwong.

Dumasar téks di luhur, bubuka ti nu biantara téh nepikeun ngeunaan …

a)

Jejer biantara anu rék ditepikeun, nya éta ngeunaan 'Lembur Kuring Hirup Kuring'.

b)

Ménta dihampura ka hadirin yén biantara ngabahas masalah nu beurat.

c)

Rasa hutang budi ka tanah sarakan.

d)

Ngucapkeun salam jeung nyambut para hadirin.

10.

Kiwari pamtuhan urang téh tos robih. Cai walungan kiruh lantaran seueur masarakat anu miceun runtah ka walungan sareng limbah pabrik. Lauk-lauk paraéh lantaran kakurangan cai beresih. Jalan barala lantaran kalakay nu marurag tina tatangkalanteu disapukeun. Hawa kotor lantaran dug degna pabrik di mana-mana. Gunung-gunung garundul lantaran tatangkalan ditaluaran, pasi-pasir bulistir, sawah-sawah ngolétrak kakurangan cai. Upami tos kaayaan kitu, kasakit téh gampang pisan tumerap jeung nerekabna. Éta sababna , kabersihan téh peryogi dipiara. Ari sababna, kabersihan téh mangrupa sabagian tina iman.

Dampak nu bakal karasa lamun urang teu ngajaga lingkungan jeung kabersihan nya éta …

a)

Gampang kana kasakit

b)

Moal bisa kamana-mana

c)

Moal manggih walungan deui.

d)

Urnga bakal kaleungitan iman

11.

Kiwari pamtuhan urang téh tos robih. Cai walungan kiruh lantaran seueur masarakat anu miceun runtah ka walungan sareng limbah pabrik. Lauk-lauk paraéh lantaran kakurangan cai beresih. Jalan barala lantaran kalakay nu marurag tina tatangkalanteu disapukeun. Hawa kotor lantaran dug degna pabrik di mana-mana. Gunung-gunung garundul lantaran tatangkalan ditaluaran, pasi-pasir bulistir, sawah-sawah ngolétrak kakurangan cai. Upami tos kaayaan kitu, kasakit téh gampang pisan tumerap jeung nerekabna. Éta sababna , kabersihan téh peryogi dipiara. Ari sababna, kabersihan téh mangrupa sabagian tina iman.

Dumasar kana cutatan biantara di luhur, gunung-gunung garundul, pasir-pasir bulistir téh ku sabab …

a)

Tatangkalan ditaluaran ku jalma-jalma anu teu tanggung jawab.

b)

Masarakat miceun runtah ka walungan

c)

Loba nu miceun limbah pabrik ka gunung

d)

Loba dibangun pabrik di kota.

12.

Teu aya aju tiasa kapisanggem, iwal ti sewu hatur nuhun kana pirang-pirang kasaean Ibu kalih Bapa guru sadayana. Sim kuring saparkanca teu tiasa males éta kasaéan. Anging ngedalkeul dua, pamugi rupi-rupi élmu anu parantos dipaparinkeun, kinging ganjaran anu ageung mangtikel-tikel ti Gusti Nu Maha Suci. Amiin.

Nilik kana eusina, cutatan biantara di luhur kaasup …

a)

bubuka

b)

panutup

c)

salam pamuka

d)

salam panutup

13.

Jejer cutatan biantara di luhur nya éta ngeunaan …

a)

Sipat jujur

b)

Kabersihan

c)

Jalma-jalma nu airiman

d)

Jalma-jalma anu dipikaresep ku Allah

14.

Dumasar kana cutatan biantara di luhur, nu dimaksud jujur téh nya éta …

a)

Cara jalma nyarita ka batur.

b)

Sikap nu dipikaresep nu dipikaresep ku Gusti Allah.

c)

Kaaaluyuan antara tekad, ucap jeung lampah.

d)

Ngurangan atawa ngaleuleuwihi omongan batur

15.

Dina pelajaran basa Sunda matéri biantara, Susi  dibéré pancén ku guruna pikeun nulis hiji naskah biantara. Di imahna Susi ngagutrut nyieun éta naskah biantara téa. Sanggeus réngsé éta naskah biantara téh tuluy  diapalkeun ku Susi kecap demi kecap, nepi ka manéhna apal pisan. Sanggeus apal,  Saterusna Susi dipiwarang  ngabiantarakeun éta naskah di hareupeun kelas kalayan teu maké téks. Susi ngarasa geumpeur lantaran pada naringalikeun. Tapi biantara Susi alus pisan sarta meunang reward ti guruna.

Dina prakna biantara Susi ngagunakeun teknik …

a)

Tehnik maca

b)

Téhnik ngapalkeun

c)

Ékstémporan

d)

Impromtu

16.

Lamun ditilik tina eusina eta naskah biantara teh nerangkeun ngeunaan …

a)

Hajat kawinan

b)

Tujuhbelasan

c)

Paturay tineung

d)

Karang taruna

17.

Hadirin anu ku sim kuring dipihormat, langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeunpuji sinareng sukur ka Allah nu maha gofur, rehna dina danget ieu urang tiasa ruing mungpulung dina ieu acara kalawan aya dina kasehatan.

Ungkara kalimah anu dibaca ku hideup bieu mangrupa conto ..

a)

Bubuka biantara

b)

Panutup bantara

c)

Mamanis biantara

d)

eusi biantara

18.

Hadirin sadaya,

Pamungkas moal seeur nu dipicatur, mung sakieu anu tiasa kapihatur, neda jembar hapuntenna tina sadaya kalepatan. Da karaos masih kénéh héngkér dina tatabasa tur merenahkeun undak-usuk basana. Salayan sabrang salayan, lebet ka cabé mah henteu, lumayan tambih lumayan, lebet ka saé mah henteu.

Dina biantara, nu biantara sok ngagunakeun gaya basa sangkan nimbulkeun pangaruh anu leleb karasana ka nu ngaregepkeun. Dumasar kana cutatan di luhur, kalimah anu nunjukkeun gaya basa nya éta …

a)

Salayan sabrang salayan

b)

Lebet ka saé mah henteu

c)

Mung sakieu anu tiasa kapihatur

d)

Da karaos masih kénéh héngkér dina tatabasa tur merenahkeun undak-usuk basana

19.

Dina biantara sok aya mamanis basa, salasahijina paribasa. Ieu di handap nu kaasup conto paribasa nya éta …

a)

mata simeuteun

b)

bodo alewoh

c)

kurung batok

d)

kudu leuleus jeujeur liat tali

20.

Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika . Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.

Dina ieu waktos urang sadaya ngempel téh nya éta badé miéling dibabarkeunana Ibu Radén Déwi Sartika . Tujuan dilaksanakeun ieu acara teu aya sanés minangka tawis panghormat sareng pangajén ka Ibu Radén Déwi Sartika anu sakitu ageung jasana, utamina dina widang atikan. Ieu acara téh baris direuah-reuah ku paméran sareng rupi-rupi pasanggiri. Tangtosna ogé sadaya siswa tiasa ngiringan ilubiung saluyu sareng karep séwang-séwangan.

a)

mulasara budaya sunda

b)

Mieling dibabarkeunna Ibu Raden Dewi Sartika

c)

Ngamumule bdaya Sunda

d)

Kanggo tawis panghormat sareng pangajen ka Ibu Raden Dewi Sartika