WorksheetsHayu Diajar Biantara!
Total questions: 30
Worksheet time: 23mins
Anu mangrupa bagian eusi dina biantara nya éta….
Puji sinareng syukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin kaséhatan.
Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan alam, Nabi Muhammad SAW.
Dina basa Sunda, aya paribasa “Basa téh cicirén bangsa”, ieu paribasa ngandung makna pilosofis anu jero.
Kacindekanna, pentingna bisa ngagunakeun basa Sunda téh kedah janten bahan émutan. Ulah cul dog dog tinggal igel.
Mung sakitu anu kapihatur. Mudah-mudahan aya mangpaatna kanggo urang sadaya hususna basa Sunda
Dina biantara, kacindekan jeung sanduk-sanduk aya dina bagian….
bubuka
eusi
panutup
inti biantara
kasang tukang
Bagian bubuka dina biantara ngawengku...
salam, solawat, kasang tukang, kacindekan
salam, puji syukur, solawat, kacindekan
salam, puji syukur, solawat, panghaturan
salam, puji syukur, kasang tukang, kacindekan
salam, solawat, kasang tukang, maksud
Anu teu kaasup kana tujuan biantara nya eta...
informatif
edukatif
argumentatif
fiktif
persuasif
Biantara téh aya nu eusina ngaiklankeun atawa mangaruhan sangkan pamiarsa nurut atawa milu kana naon-naon anu dibiantarakeun. Ku kituna biantara téh miboga sifat…
fiktif
informatif
edukatif
rékréatif
persuasif
Panghormat atawa panghaturan aya dina biantara bagian...
salam bubuka
bubuka
eusi
panutup
salam panutup
anu teu kaasup kana bagian bubuka biantara nyaeta
Puji sinareng syukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan, dugi ka tiasa kempel ngariung di ieu patempatan.
Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan alam, Nabi Muhammad SAW.
Ibu miwah bapa, rupina mung sakitu anu tiasa didugikeun ku simkuring dina danget ayeuna.
Ibu guru nu ku sim kuring dipihormat, miwah réréncangan nu ku sim kuring dipikadeudeuh.
Sanduk-sanduk atawa sasadu dina biantara aya dina kalimah….
Puji sinareng syukur kasanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci anu parantos maparin kaséhatan sareng kakiatan,
Solawat miwah salam mugia salamina dilimpahkeun ka jungjunan alam, Nabi Muhammad SAW...
ibu miwah Bapa, dina danget ieu sim kuring kapapancénan pikeun ngadugikeun pedaran perkawis “Ngamumulé Basa Sunda”.
Mung sakitu anu kapihatur, hapunten bilih aya kekecapan anu kirang merenah dina manah
Kacindekanna, pentingna bisa ngagunakeun basa Sunda téh kedah janten bahan émutan.
Dina biantara, kacindekan jeung sasadu aya dina bagian...
bubuka
salam bubuka
eusi
panutup
salam panutup
Anu teu kaasup kana padika biantara nyaeta
Parigel muka biantara
Lancar maca biantara
Écés nepikeun eusi biantara
Réngkak, pasemon jeung lentong nyarita
Gaya basa kudu pikatajieun
Salahsahiji padika biantara nyaeta kudu ngaluyukeun eusi biantara nu ditepikeun jeung tingkat intelektualitas pamiarsa. Maksudna nya eta....
biantara salawasna kudu ngagunakeun bahasa lulugu (formal).
biantara teh ulah dimana wae, kudu ditempat anu merenah.
eusi biantara nu ditepikeun kudu luyu jeung umur oge kasang tukang nu rek narima biantara
biantara salawasna kudu pikaseurieun supaya ngirut.
dina biantara, ulah loba teuing ngagunakeun mamanis basa
Ieu dihandap anu teu kaasup kana padika ngaregepkeun biantara nyaeta...
Kudu saregep tur daria ngaregepkeun eusi biantara nu ditepikeun ku batur
Merhatikeun bagian anu matak pikaresepeun/ pikaseurieun hungkul.
Salila batur nepikeun biantara, urang teu meunang ngobrol, lantaran sarua jeung teu ngahargaan ka nu keur biantara, jeung
Bisi poho, hadéna biantara nu ditepikeun ku batur téh dirékam (contona: maké alat rékam dina HP)
Catetkeun hal-hal nu dianggap penting tur perlu tina eusi biantara
Biantara dina acara pulitik atawa kampanye biasana sok ngagunakeun ....
lagam religius
lagam agiator
lagam konversasi
lagam sentimental
lagam didaktik
Biantara dina acara kaagamaan, ngajelaskeun ngeunaan bag-bagan agama biasana ngagunakeun lagam...
lagam relgius
lagam agiator
lagam konversasi
lagam didaktik
lagam sentimental
Dina hiji mangsa urang kapapancenan pikeun nepikeun biantara di anu keur kapapaitan. lagam anu merenah digunakeun dina eta biantara nyaeta...
lagam religius
lagam agiator
lagam konversasi
lagam didaktik
lagam sentimental
Guru dina nepikeun pangajaran ka muridna oge mangrupa kagiatan biantara. Lagam anu digunakeun dina kagiatan pangajaran nyaeta...
lagam religius
lagam agiator
lagam konversasi
lagam didaktik
lagam sentimental
Dina eta gambar, lagam anu merenah digunakeun nalika biantarana nyaeta
lagam teater
lagam religius
lagam konversasi
lagam agiator
lagam sentimental
Dina hiji mangsa, urang ngadadak kapapancenan pikeun muka biantara hiji kagiatan ngawakilan pajabat. Tehnik biantara anu merenah digunakeun nyaeta
impromptu
ekstemporan
manuskrip
memoriter
Nalika biantara, sangkan pedaran urang teu mengpar dina tema, urang sok nyieun catetan nu eusina poin-poin penting nu rek ditepikeun. Biantara anu saperti kitu ngagunakeun tehnik...
impromptu
ekstemporan
manuskrip
memoriter
Biantara kanagaraan biasana ngagunakeun tehnik...
impromptu
ekstemporan
manuskrip
memoriter
Biantara di luhur kaasup kana tehnik biantara...
Impromptu
Ekstemporan
Manuskrip
Memoriter
Biantara di luhur biasana ngagunakeun tehnik...
impromptu
ekstemporan
memoriter
manuskrip
Biantara dina gambar di luhur merenahna ngagunakeun lagam...
agiator
religius
didaktik
konversasi
sentimental
Lagam nu merenah digunakeun dina biantara di luhur nyaeta lagam...
agiator
didaktik
religius
sentimental
konversasi
Lagam biantara sentimental kagambar dina gambar...
Lagam biantara didaktik biasana digunakeun dina gambar...
Hadirin. Dina hirup kumbuh sapopoe urang geus sakuduna ngajaga kabersihan. Boh kabersihan lahir boh kabersihan batin.
Tema biantara diluhur nyaeta...
Perjuangan
Kaagamaan
Kabersihan
Lingkungan
Kasehatan
Budaya mangrupa ciciren hiji bangsa. Lamun urang geus teu mupusti deui budaya sorangan, tangtu urang bakal leungiteun jatidiri urang. Ku kituna, hayu urang tanjeurkeun deui budaya urang!
Judul nu merenah pikeun eusi biantara di luhur nyaeta...
Mikacinta Budaya
Nanjeurkeun Deui Budaya Urang
Ciri-ciri Hiji Bangsa
Bangsa nu berbudaya
Rasa nu kagambar dina biantara di luhur nyaeta...
sumanget
sedih
ambek
bingung
Basa nu merenah digunakeun dina biantara kanagaraan nyaeta ragam basa...
basa loma (lulugu)
basa lemes
basa kasahandapeun
basa kasar
basa isyarat
