wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

SOAL LATIHAN BASUND

Total questions: 25

Worksheet time: 8mins

Name
Class
Date
1.

Momobilan téh kudu dibenerkeun deui ka Mang Karna da ruksak waé. Kecap momobilan kaasup kana rajékan .....

a)

dwimurni

b)

dwilingga

c)

trilingga

d)

dwimadya

e)

dwipurwa

2.

Ajén moral anu hayang ditepikeun ku pangarang ngaliwatan carita disebut ....

a)

latar

b)

puseur sawangan

c)

jejer

d)

amanat

e)

galur

3.

Palaku dina carita pondok téh kabagi jadi tilu. Salahsahijina palaku anu ngagambarkeun mibanda watek anu hadé. Palaku samodél kitu sok disebut .....

a)

antagonis

b)

tritagonis

c)

protagonis

d)

tambahan

e)

pembantu

4.

Dina unsur carita pondok aya anu disebut gambaran atawa lingkungan anu jadi dasar lumangsungna kajadian carita. Unsur samodél kitu disebut ...

a)

galur

b)

latar

c)

palaku

d)

jejer

e)

amanat

5.

Anu teu kaasup kana kecap rajékan dwimurni nyaéta .....

a)

buku-buku

b)

mobil-mobil

c)

tulas-tulis

d)

korsi-korsi

e)

ibu-ibu

6.

Kecap culak-colék kaasup kana kecap rajékan .....

a)

dwipurwa

b)

dwimadya

c)

trilingga

d)

dwimurni

e)

dwiréka

7.

Runtuyan kajadian anu lumangsung ti awal nepi ka ahir disebut......

a)

latar

b)

puseur sawangan

c)

amanat

d)

alur

e)

jejer

8.

Ditilik tina eusina, novel téh kawilang loba rupana. Salah sahijina nyaéta novél anu eusina nyaritakeun pasualan-pasualan anu disanghareupan ku kaun rumaja. Novél samodél kitu disebut novél ......

a)

rumaja

b)

barudak

c)

kulawarga

d)

silih asih

e)

sosial

9.

Kalimat langsung sok dicirian dihapit ku tanda baca .....

a)

tanya

b)

kekenteng

c)

panyeluk

d)

titik

e)

koma

10.

"Kuring mah kamari indit ka Bandung téh pasti macét,da inditna gé isuk kénéh," ceuk Didi nyarita ka Doni.

Kalimah diluhur kaasup kana kalimah....

a)

teu langsung

b)

panyeluk

c)

tanya

d)

langsung

e)

wawaran

11.

Novél anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung rusiah, biasana kabuka dina bagian ahir carita novél disebut novél ....

a)

jiwa

b)

misteri

c)

sajarah

d)

rumaja

e)

déwasa

12.

Cara nyawang anu digunakeun ku panagarang dina nyaritakeun atawa midangkeun carita ngaliwatan palaku disebut....

a)

alur

b)

jejer

c)

palaku

d)

puseur sawangan

e)

amanat

13.

Ide poko atawa gagasan munggaran anu baris ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut ......

a)

palaku

b)

puseur sawangan

c)

alur

d)

jejer

e)

amanat

14.

Anu ngalalakonan carita mibanda watek anu ngagambarkeun pasipatan anu aya dina carita disebut .......

a)

amanat

b)

palaku

c)

latar

d)

jejer

e)

alur

15.

Kalimah teu langsung sok dicirian ku kecap ....

a)

boh

b)

cenah

c)

yén

d)

meureun

e)

sigana

16.

Wangun karangan narasi anu ngébréhkeun lalakon hirup hiji jalma disebut .....

a)

drama

b)

wawacan

c)

biografi

d)

warta

e)

biantara

17.

Karangan anu eusina riwayat hirup diri sorangan sarta ditulis ku urang sorangan disebut .....

a)

demografi

b)

biografi

c)

etnografi

d)

otobiografi

e)

biologi

18.

Ombak di basisir Pangandaran kawas anu silih udag. Kecap silih udag kaasup kana gaya basa ....

a)

rarahulan

b)

rautan

c)

mijalma

d)

ngasor

e)

lalandian

19.

Ieu dihandap kaasup kana mangfaat biografi, iwal ti ....

a)

nulad pangalaman hirupna

b)

nempo harta banda hiji tokoh

c)

ngeunteung pnagalaman hirupna

d)

nyangkem gagasan jeung pikiranna

e)

mikanyaho kana jasa-jasana

20.

Dar-dér-dor jeung brang-bréng-brong kaasup kana rajékan....

a)

dwimadya

b)

dwilingga

c)

dwipurwa

d)

trilingga

e)

trikarya

21.

Carita pondok mangrupa lain karya sastra asli urang Sunda., sabab manrupa karya sastra anu meunang pangaruh ti bangsa Walanda. Karya sastra samodél kitu sok dsebut karya sastra ......

a)

sampakan

b)

asli

c)

karangan

d)

sampeuran

e)

buhun

22.

Biografi téh asal kecap na tina basa....

a)

laten

b)

Yunani

c)

Inggris

d)

Sansekerta

e)

Sunda Kuno

23.

Métode anu digunakeun ku pangarang pikeun nepikeun maksud kalawan imajinatif disebut ......

a)

harti basa

b)

pamager basa

c)

gaya basa

d)

basa konotasi

e)

paribasa

24.

Biografi asalna tina dua kecap, anu salah sahijina nagndung harti tulisan atawa catetan. Kecapna nyaéta....

a)

graphien

b)

bio

c)

bios

d)

grafik

e)

grafika

25.

Punten panyandakkeun koper anu diluhur lomari, sim kring mah kirang jangkung. Kecap kirang jangkung nuduhkeun gaya basa ....

a)

rautan

b)

rarahulan

c)

ngasor

d)

mijalma

e)

lalandian