NEW
Font size
WorksheetsPTS BAHASA SUNDA KELAS XI Ganjil
Total questions: 20
Worksheet time: 48mins
“Palawargi anu dipikahornat, sakumna rahayat Indonesia, dimana waé ayana, kagungan hak kanggo nampi atikan. Unggal sélér bangsa diwajibkeun diajar sarta diwajibkeun daria dina nyukcruk élmu tilembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.”
Ceuk nu biantara di luhur, urang kudu “nyukcruk élmu ti lelembut, ngulik pangarti ti leuleutik, ngalap pangabisa ti bubudak.” éta kalimah téh ngandung harti …
Kudu boga élmu
Kudu daék diajar atawa sakola
Kudu boga pangarti
Kudu boga pangabisa
Kudu jadi jalma pinter
“Lamun urang palinter, moal dibobodo jeung moal disapirakeun ku saha baé ogé, malahan baris diajénan tur dibutuhkeun ku batur. Lamun bangsa urang palinter jeung motékar, moal aya pulo anu djual, moal aya pausahaan nagara nu dijual, moal gumantungteuing kana investasi nagara deungeun, tapi urang bisa hirup Berdikari (Berdiri di atas kaki sendiri). “
Jejer utama atawa poko pikiran nu jadi amanat dina sempalan biantara di luhur nya éta …
Urang kudu pinter
Urang ulah daék dibobodo
Urang kudu sakola
Urang kudu berdikari
Urang ulah gumantung ka batur
Istilah pikeun jalma anu ahli biantara sok disebut …
Oriéntasi
Orator
Organisasi
Obsési
Obrolan
Ø Salam Bubuka
Ø Mukadimah
Ø Pangwilujeng atawa pangbagéa
Ø Eusi
Ø Sanduk-sanduk
Ø Salam panutup
Ungkara runtuyan di luhur, mangrupa bagian tina téks bianta nu disebut …
Unsur biantara
Struktur biantara
Raraga biantara
Wangun biantara
Istilah biantara
“Sadaya puji kagungan Alloh nu murbeng alam. Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw.”
Ungkara di luhur mangrupa bagian biantara nu sok disebut …
Sanduk-sanduk
Salam panutup
Salam bubuka
Mukadimah
Eusi
“Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunna. Bagja wiréh sim kuring sadaya lulus, sedih da apanan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru …”
Sempalan biantara di luhur téh, mangrupa bagian tina …
Eusi
pangbagea
salam pantup
mukadimah
bubuka
Gaya biantara anu nuduhkeun, eusina ngeunaan kaagamaan umpamana dina kagiatan; ceramah, hutbah atawa pangajian di sebut lagam biantara …
Algiator
Nanuskrip
Réligius
Konvérsasi
Didaktik
“Sim kuring … pisan tur kalintang ngajénanana ka masarakat nu maké, miara jeung ngamumulé basa daérah.” Kecap nu luyu pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nya éta …
Ngaraos
Héran
Ahéng
Reueues
Kuciwa
Biantara kalayan maké pasemon, jeung lentong anu diluyukeun kana eusi biantra. Biasana digunakeun ku artis atawa aktor dina kagiatan pagelaran drama. Disebut lagam biantara …
Talaran
Ékstemporan
Maca naskah
Dadakan
Téater
Mugia ieu kagiatan téh jadi motivasi, pikeun ngahudangkeun deui masarakat panyatur basa indung dina unggal wewengkon. Kecap wewengkon sarua hartina jeung …
Imah
Lalampahan
Lembur
Tempat
Harepan
Ieu di handap anu teu kaasup kana gaya biantara, nya éta lagam …
Religius
Agiator
Konversasi
Didaktik
Akurasi
Kagiatan nyarita dihareupeun jalma réa, kalawan miboga maksud jeung tujuan anu tangtu; naha nepikeun béja, atawa informasi jeung kedalan, kahayang. Disebut …
Biantara
Bewara
Warta
Nayaga
Paguneman
Basa anu mimiti diajarkeun ka barudak ku kolotna di lingkungan kulawarga disebut basa …
Wewengkon
Daérah
Indung
Nasional
Sélér bangsa
Ieu di handap anu teu kasup kana padika jeung gaya biantara nya éta …
Panutup
Talaran
Dadakan
Talaran
Naskah
Dina biantara téh teu gampang, cindekna aya senina. Munasabah mun dibatur mah biantara téh sok disebut “art of speech.” anu hartina téh nya éta …
Seni basa
Seni kahirupan
Seni bela diri
Seni bangsa
Seni nyarita
“Geus kieu mah ukur kumaha gejebur caina geletuk batuna, da tarékah mah kurang kuma” nilik kana kalimah nu di luhur aya ungkara anu di condongkeun, éta ungkara nu dicondonkeun téh asup kana pakéman basa …
Sisindiran
Babasan
Pupujian
Paribasa
Biantara
“Geus kieu mah ukur kumaha gejebur caina geletuk batuna, da tarékah mah kurang kuma” nilik kana kalimah nu di luhur aya ungkara anu di condongkeun, éta ungkara nu dicondonkeun téh mibanda harti …
Kumaha jadina baé, teu jadi pikiran
Kudu bisa nyukupkeun rejeki
Tara loba tatanya
Bisa mamagaham batur sorangana teu bener
Hirup moal leupas tina kasalahan
Teu lila jol aya nu ngurunyung ti lebah kidul bari diharudung ku sarung. “Lah hirup téh geus sagala mentud tuda, tong boroning nu di handap, dalah nu di laluhur gé geus béakeun alas” pok na bari kurawed haseum.
Tina ungkara di luhur lamun di titénan, luyu jeung paribasa …
Cul dog-dog tinggal igel
Héjo tihang
Buruk-buruk papan jati
Jati kasilih ku junti
Lauk buruk milu mijah
Kecap atawa gundukan kecap (frasa) anu ngandung harti jeung maksudna geus matok sarta ngandung harti injeumman atawa kiasa, disebut …
Babasan
paribasa
wawaran
warta
biantara
Saninten buah saninten
Dibantun ka parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Nilik kana ungkara sisndiran di luhur, mangrupa bagian tina struktur biantara …
Unsur biantara
Eusi
Panutup
Bubuka
Salam panutup
