wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

UH Panumbu Catur XI 1920

Total questions: 10

Worksheet time: 20mins

Name
Class
Date
1.

Salasahiji wewenang panumbu catur dina lumangsungna kagiatan debat nyaéta...

a)

Ngatur lumangsungna debat ti mimiti nepi ka rengsé

b)

Milih alus henteuna kelompok nu debat

c)

Meunteun kelompok anu alus dina debat

d)

Nuliskeun kacindekan dina debat

e)

Mihak ka salasahiji kelompok pangjejer debat

2.

Ieu di handap anu mangrupa gambaran tina kagiatan debat nyaéta...

a)

Ngajéntrékeun hiji pasualan dina unggal kelompok tur mere pamadegan masing masing kelompok

b)

Ngadu pamadegan (adu argumentasi) boh sorangan sorangan atawa perkelompok

c)

Nyarita dihareupeun balarea pikeun nepikeun hiji pasualan

d)

Ngajentrékeun riwayat hirup tokoh-tokoh nu kasohor ti mimiti lahir dugi ka maotna

e)

Ngadu nyindir antar kelompok

3.

Wanda debat anu sok dipasanggirikeun atawa dilombakeun nyaéta...

a)

Kompetitif

b)

Anggota législatif

c)

Parlemen

d)

Pasanggiri

e)

Kusir

4.

Ieu dihandap sawatara pancen pangjejer dina debat, iwal...

a)

nepikeun pamadegan ngeunaan pasualan nu di debatkeun

b)

némpas atawa mairan pamadegan ti pangjejer sejen nu teu sapaham

c)

ngagugu kana aturan anu ditepikeun ku panumbu catur

d)

nyarita maké basa Sunda anu bener tur merenah

e)

ngajejeléh panumbu catur jeung kelompok pangjejer séjén

5.

"Sesuai rarancang awal, poé ieu urang diskusikeun ngeunaan materi naon waé nu bakal dipasanggirikeun dina kagiatan PORSAK semester ayeuna."

Basa Sunda anu merenah pikeun kecap sesuai jeung diskusikeun nyaéta...

a)

luyu, sawalakeun

b)

sesuai, sawalakeun

c)

sesuai, haturkeun

d)

luyu, diskusikeun

e)

luyu, haturkeun

6.

"Cik kumaha Tang, Man, Mir, sapuk henteu mun matéri seni mah pasanggiri ngadongéng?"

"Sapuk, lah!"

Maksud tina kecap sapuk diluhur nyaéta...

a)

kelompok sapanuju kana hal nu disawalakeun

b)

kelompok teu sapanuju kana hal nu disawalakeun

c)

kelompok pro jeung kontra silih nyawad

d)

kelompok kontra keur nyawad kelompok pro

e)

kelompok pro keur mairan ka kelompok kontra

7.

"Punten, abdi kirang sapagodos sareng Tisna."

Sinonim tina kecap sapagodos nyaéta...

a)

kamandang

b)

mairan

c)

sapuk

d)

nyawad

e)

némpas

8.

"Numutkeun pamadegan sim kuring, FB teh kacida diperlukeunana."

Sinonim tina kecap pamadegan nyaéta...

a)

kamandang

b)

mairan

c)

sapuk

d)

nyawad

e)

némpas

9.

"Abdi sapuk, tapi bade nambihan pamadegan kelompok tilu."

Basa Sunda anu merenah pikeun kecap nambihan nyaéta...

a)

kamandang

b)

mairan

c)

sapuk

d)

nyawad

e)

némpas

10.

"Nyuhunkeun perhatosanana kanggo kelompok kontra supados henteu nembal heula pamadegan kelompok pro."

Basa Sunda anu merenah pikeun kecap nembal nyaéta...

a)

kamandang

b)

mairan

c)

sapuk

d)

nyawad

e)

némpas