wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Kuis Sisindiran jeung Biantara

Total questions: 10

Worksheet time: 5mins

Name
Class
Date
1.

Sisindiran paparikan purwakantina nya eta...

a)

mindoan kawit

b)

laraswekas

c)

larasmadya

d)

rantayan

e)

laraspurwa

2.

"Teu beunang dihurang sawah,

teu beunang dipikameumeut"

Wangsalna nya eta...

a)

simeut

b)

hurang

c)

benang

d)

sawah

e)

belut

3.

"Hate bungah nempo soto,

Hayang teh dahar cekerna,

Hate kuring rasa sono,

Hayang panggih jeung manehna."

Sisindiran di luhur mangrupa...

a)

wawangsalan silihasih

b)

rarakitan sesebred

c)

rarakitan silihasih

d)

paparikan silihasih

e)

paparikan piwuruk

4.

Sisindiran ditilik tina eusina aya tilu nya eta...

a)

paparikan, rarakitan, wawangsalan

b)

paparikan, rarakitan, sisindiran

c)

silih asah, silih asih, silih asuh

d)

silih asih, sesebred, piwuruk

e)

rarakitan, paparikan, silih asih

5.

"Panumpang numpak dihareup,

..............................."

Wangsalna beca.

a)

api-api teu kadangu

b)

kudu pinter ngeusi saku

c)

hayang pok tapi teu kedal

d)

urang ngobrol bari ngopi

e)

ulah leumpang bari maca

6.

Bagian biantara anu nepikeun kacindekan, panuhun jeung neda hampura nya eta...

a)

salam bubuka

b)

bubuka

c)

eusi

d)

panutup

e)

salam panutup

7.

Kalimah di handap mangrupa eusi biantara anu jejerna ngareuah-reuah hari jadi Cianjur, anu merenah nya eta...

a)

Puji sareng sukur hayu urang sanggakeun ka Nu Maha Kawasa, kumargi urang ngareuah-reuah hari jadi Cianjur ieu.

b)

Wilujeng sumping ka Bapak Bupati Cianjur, kalih jajaranana.

Oge wilujeng ka para tamu uleman dina raraga hari jadi Cianjur.

c)

74 taun Indonesia merdika, teu aya lepatna urang terus bajoang sangkan nagara urang bener-bener merdika.

d)

Cianjur mangrupa lembur nu sugih mukti. Alamna endah, hejo ngemploh pasawahan. Cai cur-cor di ditu di dieu. Budayana beunghar. Matak resep nu datang, matak betah nu cicing.

e)

342 taun ngadeg dayeuh nu dipicinta ku urang sadaya. Salaku nu ngaku deudeuh, hayu jaga budaya ngaos, mamaos, maenpo ku cara dipintonkeun ka masarakat.

8.

"Tempat urang nulis elmu,

..............................."

Wangsalna buku.

a)

api-api teu kadangu

b)

kudu pinter ngeusi saku

c)

hayang pok tapi teu kedal

d)

urang ngobrol bari ngopi

e)

ulah leumpang bari maca

9.

Puji sinareng sukur hayu urang sanggakeun ka Gusti Nu Maha Suci. Solawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka Nabi Muhammad SAW.


Teks di luhur mangrupa bagian ... biantara.

a)

bubuka

b)

eusi

c)

pangbagea

d)

panutup

e)

kacindekan

10.

Maman nepikeun biantara ngagunakeun teks anu geus disusun saacanna, sabab Maman jadi wawakil kelas XII dina wisuda paturay tineung.


Maman ngagunakeun metode biantara.....

a)

impromptu

b)

ekstemporan

c)

dadakan

d)

manuskrip

e)

ngapalkeun