wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

BAHASAN

Total questions: 20

Worksheet time: 5hrs 0mins

Name
Class
Date
1.

Karangan basa lancaran anu eusina ngaguar , medar, ngabahas, atawa ngadadarkeun hiji perkara, disebut...

a)

Pedaran

b)

Artikel

c)

Pantun

d)

Novel

e)

Wawacan

2.

Dina istilah basa, karangan bahasan teh kaasup kana prosa...

a)

Deskripsi

b)

Eksposisi

c)

Argumentasi

d)

Persuasi

e)

Narasi

3.

Ieu di handap, sarat-sarat karangan bahasan, iwal....

a)

Puguh entep seureuhna

b)

Ngawincik sarta mertelakeun kalawan tetela

c)

Ngagunakeun basa anu sahinasna (lugas), saujratna, sarta teu loba raehan

d)

Ngagunakeun istilah-istilah anu geus maneuh

e)

Ngagunakeun basa dialek atawa basa wewengkon

4.

Kecap budaya asalna tina basa...

a)

Sangsekerta

b)

Arab

c)

Yunani

d)

Walanda

e)

Indonesia

5.

Sagala rupa hasil pikiran, akal, pangaweruh manusa mangrupa wangenan tina kecap...

a)

Budaya

b)

Gagasan

c)

Sunda

d)

Tindakan

e)

Hasil Karya

6.

Unsur budaya anu panggampangna minangka ciri mandiri, pangbeda hiji seler bangsa jeung seler bangsa sejenna, nya eta...

a)

Basa

b)

Teknologi jeung Pakakas

c)

Tata Cara Hirup Kumbuh di Masyarakat

d)

Elmu Pangaweruh

e)

Pangupa Jiwa jeung Ekonomi

7.

Budaya Sunda anu ngawujud gagasan ngawengku hal-hal ieu di handap, iwal...

a)

Ide-ide

b)

Ajen-Inajen

c)

Aturan

d)

Sagala hal anu sifatna abstrak

e)

Barang hasil karya

8.

Sagala rupa anu raket patalina jeung tindak tanduk dina campur gaul jeung hirup kumbuh di masyarakat nya eta wujud budaya mangrupa...

a)

Gagasan

b)

Tindakan

c)

Hasil Karya

d)

Adat Kabiasaan

e)

Cagar Budaya

9.

Ieu di handap jenggelekna wujud budaya anu mangrupa tindakan, iwal...

a)

Wangunan

b)

Rigig

c)

Rengkuh

d)

Lentong

e)

Pasemon

10.

Aya sawatara unsur budaya anu panggampangna kaciri bedana, iwal...

a)

Pangupa Jiwa

b)

Basa

c)

Kasenian

d)

Adat Istiadat

e)

Upacara Adatna

11.

Waditra Sunda buhun, nya eta...

a)

Angklung

b)

Calung

c)

Kacapi

d)

Goong

e)

Kendang

12.

Ampir sakabeh upacara adat di tatar Sunda, ngagunakeun angklung, ku kituna angklung oge sok disebut minangka wadita Sunda...

a)

Wiwitan

b)

Anyar

c)

Buhun

d)

Modern

e)

Sunda Cirebon

13.

Titinggal sajarah anu raket patalina jeung kabudayaan katut sajarah kamekaran manusa dina hiji mangsa, disebut...

a)

Barang Budaya

b)

Situs Budaya

c)

Unsur Budaya

d)

Wujud Budaya

e)

Cagar Budaya

14.

Ieu di handap mangrupa wincikan cagar budaya, iwal...

a)

Wangunan Cagar Budaya

b)

Barang-Barang Cagar Budaya

c)

Situs Cagar Budaya

d)

Manusa Cagar Budaya

e)

Wewengkon Cagar Budaya

15.

Barang-barang cagar budaya ditangtayungan ku pamarentah ngaliwatan Undang-Undang Republik Indonesia, nya eta...

a)

Undang-Undang No. 09 Taun 2010

b)

Undang-Undang No. 10 Taun 2010

c)

Undang-Undang No. 11 Taun 2010

d)

Undang-Undang No. 12 Taun 2010

e)

Undang-Undang No. 13 Taun 2010

16.

Lengkah-Lengkah pikeun nulis pedaran anu bener sacara ngaruntuy nya eta...

a)

Nangtukeun Tujuan - Ngumpulkeun Bahan - Milih Bahan - Nyieun Rangkay Karangan - Mekarkeun Rangkay Karangan - Nangtukeun Jejer

b)

Nyieun Rangkay Karangan - Nangtukeun Jejer - Nangtukeun Tujuan - Ngumpulkeun Bahan - Milih Bahan - Mekarkeun Rangkay Karangan

c)

Nangtukeun Jejer - Nangtukeun Tujuan - Ngumpulkeun Bahan - Milih Bahan - Nyieun Rangkay Karangan - Mekarkeun Rangkay Karangan

d)

Nangtukeun Jejer - Ngumpulkeun Bahan - Milih Bahan - Nyieun Rangkay Karangan - Mekarkeun Rangkay Karangan - Nangtukeun Tujuan

e)

Nangtukeun Jejer - Nyieun Rangkay Karangan - Mekarkeun Rangkay Karangan - Nangtukeun Tujuan - Ngumpulkeun Bahan - Milih Bahan

17.

Diantara wangunan-wangunan ieu di handap, mana anu teu kaasup kana wangunan cagar budaya...

a)
b)
c)
d)
e)
18.

Titenan kalimah kalimah ieu di handap!


1) Dimana perenahna?

2) Kumaha kaayaanna?

3) Saha anu ngadegkeunna?

4) Iraha diadegkeunna?


Dina lengkah nyieun karangan bahasan, patalekkan samodel kitu aya dina bagean...

a)

Nyieun rangkay karangan

b)

Mekarkeun rangkay karangan

c)

Milih Bahan

d)

Nangtukeun udagan

e)

Nangtukeun jejer

19.

Saung Angklung Mang Udjo kiwari jadi salasahiji obyek wisata budaya Sunda anu kajojo di Kota Bandung. Kecap kajojo ngandung harti...

a)

Loba anu ngadatangan

b)

Teu percaya pisan

c)

Gede sarta kuat

d)

Loba cacah jiwanya

e)

Matak senang kana hate

20.

Waditra anu dijieunna tina awi nya eta...

a)

Gambang

b)

Rebab

c)

Kendang

d)

Goong

e)

Calung