NEW
Font size
WorksheetsResensi XII
Total questions: 20
Worksheet time: 7mins
Ngajen atawa meunteun kana hiji karya, saperti buku, film, atawa pintonan drama jeung musik (konser) disebutna ....
apresiasi
ekspresi
resensi
esey
kritik
ieu di handap hal-hal anu teu kaasup kana unsur-unsur resensi, nya eta ....
nuliskeun identitas buku
medar ngeunaan eusi buku
medar ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran eusi buku
nepikeun kaayaan pribadi nu ngarang buku
medar ngeunaan mangpaat buku keur bacaan balarea
resensi karya (buku, film) mibanda tujuan nu tangtu nya eta ....
mikaweruh ngeunaan kaunggulan jeung kahengkeran anu diresensi
sangkan hayang maca buku anu best seller jeung pipilueun batur
bisa nyatetkeun hal-hal anu pikatajieun
bisa nyatetkeun hal-hal anu kurang dipikaresep
hayang ngaganti judul resensi
mikaweruh kasang tukang jeung alesan digelarkeunna hiji karya mangrupa ....
wanda resensi
tujuan resensi
hal-hal nu kudu dicumponan dina resensi
lengkah rek nyusun resensi
perluna resensi
maparin gambaran ka pamaca atawa kanu rek lalajo ngeunaan hiji buku atawa film sacara singget mangrupa ....
lengkah mun rek nyusun resensi
perluna resensi
sarat nu ngawengku dina ngaresensi
tujuan resensi
wanda resensi
nu teu kaasup kana wanda resensi nya eta ....
resensi informatif
resensi deskriptif
resensi kritis
resensi ekspresif
resensi anu ngulas wincikan buku kalawan ngagunakeun metodologi elmu kaweruh nu tangtu disebut ....
resensi kritis
resensi informatif
resensi deskriptif
resensi manipulatif
resensi ekspresif
resensi anu ditepikeun kalawan umum tur singget tina sagemblengna buku disebut ....
resensi kritis
resensi deskriptif
resensi informatif
resensi ekspresif
aya sawatara lengkah mun rek nyusun resensi buku, iwal ti ....
milih buku nu rek diresensi
maca kalayan daria buku nu rek diresensi, sababaraha balikan
catet hal-hal pikatajieun jeung kurang pikaresepeun
tulis identitas buku nu rek diresensi
tulis hal-hal (pasualan) nu sipatna pribadi
ieu di handap hal-hal anu teu kaasup kana cara-cara dina nepikeun kritik, nya eta ....
kahengkeran jeung kaunggulan ditepikeun kudu saimbang
kudu sopan dina ngedalkeun kateupanuju atawa kateusugema
tembongkeun rasa resep atawa teu resep sawajarna
singkahan jejer pasualan nu sipatna pribadi
bisa ngan nepikeun kahengkeran atawa kagorengan karya anu dikritik
bagean tina ulikan sastra anu nyaritakeun kalawan langsung karya sastra saperti nganalisis, napsirkeun, jeung ngajen karya sastra disebut ....
apresiasi sastra
ekspresi sastra
kritik sastra
esey sastra
artikel sastra
ieu di handap anu teu kaasup kana raraga resensi film nya eta ....
wanda film anu diresensi
identitas film
medar ngeunaan carita dina film, alur jeung tokohna
medar ngeunaan mangpaat film keur lalajoeun balarea
mere tinimbang goreng dina eta film
ayana judul, pangarang, pamedal, taun terbit, kandel buku, warna jilid buku, jeung jenis kertas kaasup kana .....
raraga buku
wanda buku
identitas buku
eusi buku
alur carita
"catetkeun naon pandangan hidep, naha eta buku teh payus atawa henteu dibaca"
kecap payus miboga harti ....
alus
pantes
meujeuh
hade
kudu
"ngajen atawa mere tinimbangan alus gorengna karya sastra"
kecap ngajen miboga harti ....
ngapresiasi
meunteun
saran
napsirkeun
nganilai
sabada maca ieu novel, urang tangtu bakal "mikawanoh" kahirupan masarakat Sunda.
kecap mikawanoh miboga harti ....
ngahartikeun
mikanyaho
nimbulkeun
pikaresepeun
ulah bosen ari diajar teh, sok sing leukeun da moal burung bisa. geuning ceuk paribasa ge ....
banda tatalang raga
cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
balungbang timur caang bulan opat welas, jalan gede sasapuan
unggut kalinduan gedag kaanginan
ide, gagasan, atawa jejer pikiran anu ngajiwaan carita disebut ....
judul
tema (jejer)
palaku
amanat
galur
Sempalan Novel “Baruang ka nu Ngarora”
(D.K. Ardiwinata)
Malem Senén tanggal 14 bulan Hapit 1921 di bumina Tuan Haji Abdul Raup, di Kampung Pasar, haneuteun pisan, teu cara sasari, kawas aya perkara nu anéh. Tingkeban dibuka, lampu kabéh diseungeut, mani caang marakbak; tengah imah dikeput alketip. Di dapur jelema pasuliwer, semu keur urus-urus popolah. Jelema nu ngaliwat loba nu ngarandeg, bari ngomong dina jero atina, “Aya naon di bumina Tuan Haji, bet haneuteun teuing?”
Ari peuting harita teuing ku caang bulan, kawantu tanggal 14, ngebrek caang cara ti beurang waé, langit beresih, bentang baranang, matak bungah ati keur nu birahi. Di jalan balawiri jelema nu pelesiran awéwé-lalaki, jalan-jalan nyukakeun atina. Sawaréh aya nu tumpak bendi atawa dokar dipurutulan. Tingcaleter sora pecut, nongnang sora gentana, tut-tot sora empet-empetan, menta jalan bisi aya nu kadupak atawa paadu jeung baturna dokar deui.
Latar waktu dina sempalan novel di luhur nyaéta...
beurang
subuh
pasosore
peuting
sareupna
puseur sawangan (sudut pandang) dina sempalan novel "baruang kanu ngarora" nya eta ....
caturan jalma kahiji
caturan jalma kadua
caturan jalma katilu
caturan jalma kaopat
caturan jalma kalima
