Font size
WorksheetsPanumbu Catur & Carpon
Total questions: 20
Worksheet time: 20mins
Anu dimaksud panumbu catur nyaéta?
Jalma nu nyatet sakur kajadian salila kagiatan.
Jalma nu nyiapkeun alat panuduh waktu.
Jalma nu mandu acara sangkan acara téh lancar jeung suksés.
Jalma nu nyepeng kadali (ngatur jeung ngokolakeun) dina hiji jirangan (sési) kagiatan.
Jalma nu ngaping tahapan-tahapan dina hiji acara.
Naon anu dimaksud debat?
Kagiatan sawala pikeun ngaréngsékeun pasualan.
Kagiatan ngadu pamadegan (arguméntasi) antara dua pihak.
Sawala kelompok nu lumangsung pikeun medar topik.
Sawala pikeun silih tukeur sawangan ngeunaan hiji pasualan.
Sawala paraahli (pakar) pikeun medar pasualan.
Gambar di luhur minangka sawala pikeun silih tukeur sawangan ngeunaan hiji pasualan anu keur disanghareupan ku saréréa, disebutna?
Lokakarya
Simposium
Video Konférénsi
Workhsop
Sanggar Gawé
Jalma anu miluan kana kagiatan diskusi disebut . . . .
Pamilon
Patandang
Panata Calagara
Narasumber
Pangjejer
Jalma anu nepikeun jejer sarta medar matéri ka pamilon . . . .
Pamilon
Patandang
Panata Calagara
Narasumber
Pangjejer
Ieu di handap anu teu kaasup kana wanda (jinis) sawala nyaéta . . . .
Seminar
Simposium
Sidang
Lokakarya
Sawala Kelompok
Dina hiji kagiatan sawala/diskusi pihak anu kalibet di sajeroeunana, iwal ti . . . .
Girang Serat
Panumbu Catur
Panata Calagara
Pangjejer
Pamilon
Kagiatan ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah sangkan bisa netepkeun kumaha pialuseunana disebut . . . .
Simposium
Lokakarya
Seminar
Rapat
Sawala
Saméméh urang ngalaksanakeun pancén jadi panumbu catur, sangkan acarana lancar sarta teu méngpar atawa kaluar tina topik bahasan, urang kudu . . . .
Nyiapkeun slide dina power point.
Nolak sakumna pananya ti audiéns.
Maca heula saméméhna.
Nyiapkeun catetan.
Ngawasa pasualan anu luyu jeung jejer/téma acara.
Sawatara hal anu kudu dipilampah ku moderator dina lumangsungna acara, iwal ti . . . .
Dangdan heula sangkan teu ngérakeun.
Pariksa mikrofon sarta kasiapan préséntasi materi.
Datang leuwih ti heula batan pamilon.
Ngawanohkeun diri ka paranarasumber.
Maca heula kalawan bener biodata pangjejer
Panumbu catur jeung MC mibanda kalungguhan séwang-séwangan. Dumasar kana pancénna, kumaha kalungguhan panumbu catur jeung MC dina prak-prakan hiji kagiatan/acara?
MC anu paling utama
Panumbu catur anu paling utama
MC leuwih luhur batan panumbu catur
MC jeung panumbu catur kalungguhanna sarua
Panumbu catur leuwih luhur batan MC
Ieu di handap jalma anu purah mingpin diskusi publik anu disiarkeun dina televisi (talkshow), iwal ti . . . .
Ieu di handap minangka léngkah-léngkah nu perlu dipilampah ku panumbu catur, iwal ti . . . .
Mikanyaho runtuyan acara kaasup lilana waktu (durasi) anu disadiakeun pikeun unggal narasumber.
Mikanyaho kalungguhan pangjejer atawa narasumber.
Mikanyaho kaayaan jeung kasang tukang pamiarsa (audiéns).
Ngébréhkeun pamadegan ngeunaan perkara atawa masalah.
Ngawasa pasualan luyu jeung jejer/téma acara.
Ieu di handap minangka tatakrama dina sawala, iwal ti . . . .
Nyarita ulah diborong ku sorangan.
Omongan kudu matak jaheut ka batur.
Ulah ngomong nyorongot bari popolotot.
Ulah megat atawa motong omongan batur.
Kudu sopan dina nepikeun perkara saupama teu satuju atawa teu sugema.
Dina lumangsungna acara diskusi, panumbu catur kudu miboga sikep?
Objéktif jeung mihak
Nétral jeung objéktif
Formal jeung nétral
Formal jeung objéktif
Normal jeung objéktif
Idé atawa gagasan anu ditepikeun ku pangarang dina karyana disebut . . . .
Judul
Téma
Latar
Palaku
Amanat
Buku kumpulan carpon "Jajatén Ninggang Papastén" dikarang ku Yus Rusyana, sarta dilélér Hadiah Sastra Rancagé dina taun . . . .
1987
1988
1989
1990
1991
"Bapa manéh teu ninggalan nanaon ka urang. Wayahna manéh kudu daék kentél peujit," ceuk indungna bari ngaput baju saragam sakola nu Si Narsim, nu geus saroéh.
Dumasar kana sempalan carpon di luhur, nuduhkeun puseur sawangan . . . .
Jalma kahiji
Puseur sawangan Si Narsim
Manéhna salaku pangarang
Jalma katilu sarwa nyaho
Jalma kahiji sarwa nyaho
Saupama urang paham kana latar atawa setting waktu, sabada maca carpon urang bakal babari dina nangtukeun . . . .
Judul
Galur
Tema
Puseur sawangan
Latar
Dina unsur intrinsik carpon, aya nu disebut galur, minangka runtuyan kajadian dina carita. Carpon mibanda sababaraha galur, iwal ti . . . .
Kompleks
Maju
Mundur
Campuran
Flashback
