wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

PAS GANJIL BASA SUNDA 7 By Risha

Total questions: 40

Worksheet time: 47mins

Name
Class
Date
1.

Pupujian teh salahsahiji karya sastra Sunda dina wangun ... .

a)

Ugeran

b)

Lancaran

c)

Drama

d)

Prosa

2.

Pupujian teh asalna tina sya'ir, nyaeta puisi asalna ti ... .

a)

Inggris

b)

India

c)

Jawa

d)

Arab

3.

Upama nilik wangunna, pupujian teh kauger ku purwakanti, jumlah engang, jeung jumlah ... .

a)

Pada

b)

Jejer

c)

Padalisan

d)

Lagu

4.

Ngagalindengkeun atawa ngalagukeun pupujian teh disebutna ... .

a)

Nadoman

b)

Deklamasi

c)

manggung

d)

Monolog

5.

Gusti urang sadayana

Kanjeng Nabi anu Mulya

Muhammad jenenganana

Arab Qures nya bangsa na


Saha nabi anu mulya tur asalna ti bangsa Arab Qures teh ...

a)

Nabi Muhammad SAW

b)

Nabi Adam AS

c)

Nabi Isa AS

d)

Nabi Sulaeman AS

6.

Ibuna Siti Aminah

Ramana Sayid Abdullah

Dibabarkeuna di Mekah

Wengi Senen tahun gajah


Kecap nu digaris handap, ngabogaan harti ....

a)

Dilahirkeun

b)

Ditulis

c)

Dijenengkeun

d)

Dilantik

7.

Karasana keur sakarat

Nyerina kaliwat-liwat

Kana ibadah diliwat

Tara ngalakukeun sholat


Jalma anu kumaha nu bakal ngarasakeun nyerina sakarat teh ... .

a)

Tara Ulin

b)

Teu bisa pupujian

c)

Teu bisa ngaji

d)

Tara sholat

8.

Gusti urang sadayana

Kanjeng Nabi anu Mulya

Muhammad jenenganana

Arab Qures nya bangsana


Rumpaka pupujian di luhur teh aya ... padalisan

a)

3

b)

4

c)

5

d)

6

9.

Anu disebut purwakanti dina rumpaka pupujian teh nyaeta ....

a)

Gagasan pokok anu rek ditepikeun ku nu ngarang rumpaka pupujian kanu maca

b)

Pesen pangaran anu karasa ku nu maca atawa ngaregepkeun pupujian

c)

Padeukeut atawa saruana sora kecap dina ungkara kalimah

d)

Sikep pangarang kanu maca

10.

Pesen pangarang anu karasa ku nu maca atawa ngaregepkeun pupujian teh disebutna ...

a)

Jejer

b)

Nada

c)

Amanat

d)

Purwakanti

11.

Karangan anu eusina ngebrehkeun kajadian anu bener - bener kaalaman disebutna ... .

a)

Karangan pangalaman

b)

dongeng

c)

Cerpen

d)

Legenda

12.

Poe Minggu kamari kuringa aya ... imah bae teu kamamana.

a)

di

b)

ka

c)

ti

d)

dina

13.

Nyieun karangan pangalaman mah teu bisa diwangwang atawa dipapantes, tapi kudu dumasar ...

a)

Data ti babaturan atawa ti kolot anu loba pangalaman

b)

Data anu nyata, anu kungsi katempo atawa kaalaman

c)

Naon wae anu dipikaresep ku urang atawa ku batur

d)

Kanyataan di lapangan atawa anu karasa ku urang

14.

Ucing jeung anjing paudag-udag. Kecap nu digaris handap disebut kecap ....

a)

Barang

b)

Pagawean

c)

sipat

d)

Bilangan

15.

Lumpatna gancang pisan alahbatan paser. Kecap nu digaris handap kaasup kana kecap ...

a)

Barang

b)

Pagawean

c)

Sipat

d)

Bilangan

16.

Bajuna ngan sasetel. Kecap nu digaris handap kaasup kecap ...

a)

Barang

b)

Pagawean

c)

Sipat

d)

Bilangan

17.

Babasan kurung batok mibanda harti ...

a)

Jalma anu sok dagang batok kalapa

b)

Jalma anu pundah pindah wae imah

c)

Jalma anu teu bisa ngeureut neundeun

d)

Jalma kurang kanyaho lantaran tara daek indit-inditan

18.

Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina waktu nyaritakeun pangalaman teh ...

a)

Nutup caritaan sakahayang urang

b)

Ngagunakeun basa Sunda anu cohag

c)

Muka caritaan bisa nitah ka babaturan

d)

Ngagunakeun kalimah anu jelas tur sopan

19.

Manehna kungsi ... gering ripuh basa keur sakola di kelas VII SMP.

a)

Pangalaman

b)

Ngalaman

c)

Dialaman

d)

Alam

20.

Mun rek nyaritakeun pangalaman bisa make kalimah bubuka ieu di handap ...

a)

mun seueur nu ngaregepkeun, simkuring bade ngadugikeun

b)

dina danget ieu simkuring bade wawartos ngeunaan pangalaman nu pikalucueun

c)

dina danget ieu simkuring bade ngadugikeun pangalaman hirup anu kantos kaalaman

d)

dina danget ieu simkuring bade ngawartakeun pangalaman kalayan sasingget-singgetna

21.

Baca sempalan paguneman ieu di handap:


Ahmad: “Wan, urang lalajo PERSIB di imah urang, yu…!”

Irwan : “Hayu, ajak atuh nu séjén. Urang lalajo bareng.”

Ahmad: “Kumaha mun ngajak si Engkus jeung si Nanang?”

Irwan : “Enya atuh, di-sms wé.”


Ragam basa naon nu dipake dina paguneman di luhur téh?

a)

Lemes

b)

hormat

c)

kasar

d)

loma

22.

Ieu di handap ditataan tatakrama nélépon, iwal ….

a)

Cekel tuluy angkat gagang télépon lalaunan

b)

Mencét nomor tujuan, usahakeun ulah salah mencét

c)

Kedalkeun kecap “Halo!”, slam, atawa ucapan pangwilujeng

d)

Usahakeun sing loba ngarénghap salila nyarita

23.

Paguneman teh asalna tina kecap gunem,nu hartina nyarita ….

a)

Sorangan

b)

Kasar

c)

Silihtempas

d)

Lemes

24.

Karangan sajak téh …. dina majalah basa Sunda.

a)

Dipedalkeun

b)

Nelepon

c)

Dimuat

d)

Dimuatkeunana

25.

Wangun jeung harti kecap bébénténgan sarua jeung kecap ieu di handap, iwal ….

a)

Babangkongan

b)

Oray-orayan

c)

Peupeusingan

d)

Kukudaan

26.

Kaulinan anu prak-prakanana nitu-niru sasatoan, nyaéta….

a)

Galah Bandung

b)

Oray-orayan

c)

Turih oncom

d)

Ucing sumput

27.

Anu kaasup kaulinan has barudak awéwé, nyaéta …

a)

Pal-palan

b)

Ngadu karbit

c)

Ngadu muncang

d)

Congkak

28.

Ieu di handap nu sok ngalaksanakeun kaulinan langlayangan, iwal ….

a)

Barudak

b)

Rumaja

c)

Kolot

d)

Budak awewe

29.

Moro langlayangan nu pegat lantaran éléh diadu disebutna …

a)

Ngabandang

b)

Ngabandring

c)

Ngarucu

d)

Ngajemprung

30.

Langlayangan anu ngaléngléong pegat kenurna disebutna …

a)

Kapakan

b)

Ngoleab

c)

Gedeg

d)

Nyuruwuk

31.

Nu raresep kaulinan medar the nyaeta …

a)

Barudak

b)

Barudak awewe

c)

Bbarudak lalaki

d)

Barudak jeung kolot

32.

Gambar langlayangan disebutna ….

a)

Lukisan

b)

Gambar

c)

Wangkong

d)

Pulas

33.

Istilah blép ayana dina kaulinan ….

a)

Ngadu Kaleci

b)

Pecle

c)

Panggal

d)

Jajangkungan

34.

Salahsahiji kaulinan barudak awéwé nyaéta …

a)

Anyang-anyangan

b)

Ngadu kaleci

c)

Gatrik

d)

Medar

35.

Naon harti tina kecap katémbong ….

a)

Kaciri

b)

Labuh

c)

Nonton

d)

Lalajo

36.

Jumlah foném konsonan aya ….

a)

7

b)

23

c)

10

d)

5

37.

Jumlah foném vokal aya …

a)

5

b)

7

c)

23

d)

17

38.

Foném nyaeta …..

a)

Bunyi bahasa terkecil yang dapat membedakan arti

b)

Rangkaian kalimat yang tersusun untuk mengungkapkan rasa

c)

Omongan langsung dari suatu percakapan

d)

Suku kata

39.

Istilah minangkar jeung minangkub osok dipake dina kaulinan ....

a)

Beklen

b)

Sorodot gaplok

c)

Congklak

d)

Halma

40.

Medar teh aya usumna nyaeta waktuna ...

a)

Usum halodo

b)

Usum halodo keur alus angina

c)

Usum hujan

d)

Usum gede angin