Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Ulangan Carita Pantun

Total questions: 20

Worksheet time: 24mins

Name
Class
Date
1.

Carita rékaan anu ukuranana panjang, gelarna lisan, sarta ngandung hal-hal anu méré kesan pamohalan, anu di tepikeun ku juru pantun, di pirig ku kacapi, disebutna ....

a)

Dongéng

b)

Wawacan

c)

Carita wayang

d)

Carita pantun

e)

hikayat

2.

Tokoh-tokoh nu dilalakonkeun dina carita pantun téh umumna, nyaéta ....

a)

Satria atawa putri ti Karajaan Galuh jeung Pajajaran

b)

Rakyat biasa ti Tatar Sunda

c)

Raja-raja di Tatar Sunda

d)

Raja-raja ti luar Tatar Sunda

e)

Sing saha waé anu aya hubunganana jeung Tatar Sunda

3.

Ieu dihandap anu henteu kaasup kana galur carita pantun, nyaéta...

a)

Tokoh miang

b)

Tokoh meunang ujian

c)

Tokoh aya anu nulungan

d)

Rajah

e)

Tokoh mulang

4.

Ieu dihandap anu teu kaasup kana carita pantun nyaéta...

a)

Lutung kasarung

b)

Purnama alam

c)

Mundinglaya dikusumah

d)

Munding kawati

e)

Sulanjana

5.

Mantra anu dipapatkeun saméméh ngalalakonkeun carita pantun ku juru pantun disebutna...

a)

Jampé

b)

Ajian

c)

Jangjawokan

d)

Rajah

e)

Singlar

6.

Bagéan rumpaka anu kudu dihaleuangkeun dina carita pantun disebutna...

a)

Rajah

b)

Deskripsi

c)

Lalakon

d)

Rajah pamunah

e)

Papantunan

7.

Dina carita pantun Ciung Wanara, ciung wanara téh dilalakonkeun minangka anak...

a)

Déwi Pangrenyep

b)

Ki Léngsér

c)

Patih purwaresih

d)

Déwi naganingrum

e)

Batara Indra

8.

Déwi Sri téh sok disebut-sebut minangka Déwi Paré lantaran...

a)

Tina kuburananana jadi tutuwuhan, diantarana paré

b)

Anu mimiti midangkeun dahareun tina paré

c)

Anu nyiptakeun pepelakan paré di Pajajaran

d)

Anu mimiti nyebarkeun paré di Pajajaran

e)

Anu mimiti mawa binih paré

9.

Ieu dihandap kalimah-kalimah nu teu ngandung gaya basa ngumpamakeun, nyaéta...

a)

Budak kembar téh siga beubeulahan tétong

b)

Jeung dulur téh ulah paraséa waé kawas ucing jeung anjing

c)

Cai walungan caah umpal-umpalan tos hujan badag

d)

Ngalawan aparat mah moal kuat siga bonténg jeung kadu.

e)

Papatah teh kudu nerap ulah kawas cai dina daun taleus.

10.

Ieu dihandap anu lain sasaruaan carita pantun jeung dongéng, nyaéta....

a)

Pada-pada mangrupa carita rékaan (fiksi)

b)

Pada-pada teu puguh nu ngarangna (anonim)

c)

Pada-pada sumebar tur tatalépa ku cara lisan

d)

Pada-pada ngandung rajah

e)

Pada-pada ngandung unsur pamohalan.

11.

Kocap nagara Pakuan Pajajaran

Nagri dikikis ku beusi

Dikuta ku waja

Déredés bénténganana

Agemna kabina-bina

Agemna mah kabina-bina.


Nagara kalingkung ku gunung

Nagara talaga ngembeng

Déngdék ngétan bahé ngalér

Pangarunh impungan dunya,

Layeut nagara kariung ku gunung

Ngocor cai ngétan ngulon

Nyiuk cai ka taweuran

Pangaruh tampian nonggéng ka langit

Nya bogoh saumur-umur.


Cutatan diluhur kaasup kana bagéan.....

a)

Rajah

b)

Eusi

c)

Narasi

d)

Dialog

e)

Monolog

12.

“Emh, na kaula téh ngagaduhan duur téh henteu cara deungeun-deungen. Maké aya dua tilu opat-lima genep-tujuh. Ngagaduhan dulur saibu-sarama téh kaula mah éstuning écés, jéntré. Sadérék téh mung hiji-hijina kadua kaula.”


Cutatan diluhur kaasup kana bagéan....

a)

Narasi

b)

Dialog

c)

Monolog

d)

Deskripsi

e)

Eusi

13.

Carita pantun biasana di gelarkeun ku juru ..... bari di pirig ku .....

a)

Kajineman,go’ong

b)

Pantun, kacapi

c)

Alok, kacapi

d)

Pakacar, sintren

e)

Pamayang, kacapi

14.

Bagean tina carita pantun anu eusina sanduk-sanduk nu ditujukeun ka karuhun jeung para palaku tokoh nyaéta bagean....

a)

Rajah

b)

Eusi

c)

Narasi

d)

Dialog

e)

Monolog

15.

Dina sastra sunda carita pantun aya samemeh.... dina jaman karajaan....

a)

Abad Ka-14, Galuh

b)

Abad Ka-17, Pajajaran

c)

Abad Ka-15, Galuh

d)

Abad Ka-8, Kartanagara

e)

Abad Ka-3, Tarumanagara

16.

Juru pantun biasana mah lolong. jeung carita patun anu dicaritakeun ku juru pantun gé, sagemblengna sok ditalar.

Harti kecap anu di miringkeun nyaéta...

a)

Bolong, dilatar belakangi

b)

Bongé, ditularkeun

c)

Buta, diapalkeun

d)

Boga, diisukeun

e)

Bangga, dilataran

17.

Naon anu dimaksud jangjawokan ....

a)

Dipapatkeun (diucapkeun) pikeun menta kasalametan

b)

Dipapatkeun kalawan maksud pikeun meunang kakuatan

c)

Dipapatkeun kalawan maksud sangkan nu sejen mikaasih kadiri nu mapatkeunnana

d)

Dipapatkeun pikeun ngubaran

e)

Dipapatkeun pikeun nyinglarkeun hal anu teu dipikahayang

18.

Ieu dihandap anu teu kaasup kana galur carita pantun ...

a)

Miang

b)

Mulang

c)

Ujian

d)

Leunjeuran

e)

Lengkah

19.

ieu di handap anu henteu kaasup kana struktur carita pantun ...

a)

Rajah

b)

Eusi

c)

Deskripsi

d)

Dialog

e)

Singlar

20.

Titenan ieu pola carita pantun...

(1) Satria ngalalana

(2) Satria Pajajaran téh unggul perang

(3) Ngadahup ka putri

(4) Ngadeg raja

(5) Ngarandapan Ujian


Sacara ngaruntuy, pola carita pantun nya eta...

a)

1-5-2-3-4

b)

1-5-3-2-4

c)

1-2-4-5-3

d)

1-4-2-3-5

e)

1-2-3-4-5