NEW
Font size
WorksheetsUlhar B. Sunda Kelas XII Bab 1 & 2
Total questions: 20
Worksheet time: 9mins
Adat kabiasaan atawa tali paranti anu turun tumurun ti karuhun anu masih dilaksanakeun dina pakumbuhan masarakat, disebut…..
Tatakrama
Folklor
Budaya
Tradisi
Étika
Ieu di handap anu henteu kaasup upacara daur hirup, nyaéta
Adat ngariksa nu Ngajuru
Adat nu Nyiram
Adat Ngariksa nu Reuneuh
Adat Nyalin
Adat Mulasara Bali
Ieu di handap anu henteu kaasup kana téhnik nulis karangan pedaran, nyaéta téhnik…..
Pérsuasi
Idéntifikasi
Proses
Définisi
Ilustrasi
Anu henteu kaasup karakter dina Pangimbuhing Twah, nyaéta…..
Kandulan
Imeut
Emét
Rajeun
Leukeun
Anu henteu kaasup kana karakter goréng opat paharaman, nyaéta…..
Humandeuar
Babarian
Pundungan
Kukulutus
Langsitan
Ieu di handap henteu kaasup kana unsur Dasa pasanta (Panengtrem Haté), nyaéta…..
Cangcingan
Hook
Ramah
Asih
Nyecep
Pangimbuhing Twah anu hartina ‘mibanda jiwa pahlawan atawa sikep nasionalisme tur gedé rasa tulung tinulungan’, nyaéta…..
Gapitan
Karawaleya
Purusa ning sa
Marogol-rogol
Pakapradana
Dina sistim kapamingpinan Sunda “Tri Tangtu di Bumi”, Sang prabu kudu boga palasipah ngagurat batu, nyaéta…..
Kudu lumampah dumasar tékad, ucap, jeung lampah
Ngawujudkeun kulawarga jeung masarakat anu ayem tengtrem
Jeung bawahan boga watek silih asih, silih asah, silih asuh
Taat tur patuh dina ngajalankeun hukum, tanpa ayana rékayasa
Boga watek nengtremkeun dina kaadilan
Ngeunaan tipeu jeung gaya kapamingpinan Sunda bisa kapanggih dina naskah kuno…..
Darmajati
Séwaka Darma
Sanghiyang Siksa Kandang Karesian
Amanat Galunggung
Carita Ratu Pakuan
Aya rupa-rupa beulitan iket luyu jeung umur, jabatan, jeung waktu dipakéna. Ieu di handap anu henteu kaasup kana beulitan iket, nyaéta…..
Kuda balap
Kolé nyangsang
Koncér/paitén
Barangbang semplak
Parékos nangka
Carita anu sok dilalakonkeun dina pagelaran wayang disebut…..
Dongéng
Wawacan
Carita wayang
Hikayat
Carita pantun
Ieu di handap anu henteu kaasup kana warnaning wayang, nyaéta wayang…..
Prabu
Potéhi
Krucil
Golék
Purwa
Ieu di handap anu henteu kaasup kana kulawarga Semar dina carita pawayangan Sunda, nyaéta…..
Si garéng
Si cépot
Si dawala
Si pétruk
Si pétrik
Carita Bratayuda kaasup tina salasahiji bagian carita wayang…..
Jagal bilawa
Mahabarata
Arjuna sasrabahu
Ramayana
Déwa ruci
Ieu di handap mangrupa putri Prabu Janaka anu kasohor ku kageulisanana tur satia, ogé sopan santun dina ucapanana, nyaéta…..
Sinta Déwi
Déwi Santi
Déwi Sinta
Putri Déwi
Déwi Putri
Siloka bubuka pagelaran anu dikawihkeun ku dalangdina wiwitan caritana disebut…..
Nyandra
Janturan
Kakawén
Murwa
Antawacan
Anu disebut putra panengah Pandawa téh nyaéta…..
Sadéwa
Nakula
Arjuna
Bima
Yudistira
Tokoh Rahwana atawa Dasamuka aya dina carita wayang…..
Ramayana
Jabang Tutuka
Déwa Ruci
Mahabarata
Arjuna Sasrabahu
Ieu di handap kalimah anu teu ngandung kecap dirarangkénan hareup N-, nyaéta…..
Manéhna meuli buku ti Tuparév
Semar neundeun deui duit emas
Sigana mobil beus téh geus nepi ka nu dituju
Leungeunna numpang dina beuteung-burayutna
Ngan ka ema nu tara ngantep téh
Dina basa Sunda, rarangkén N- (Nasal) téh bisa ngararangkénan alomorf saperti ieu di handap, iwal…..
Nga
Nge
Ny
Ng
mn
