NEW
Font size
WorksheetsPEKAN ULANGAN SEMESTER GANJIL
Total questions: 20
Worksheet time: 21mins
Dongéng anu nyaritakeun asal muasalna hiji tempat, kajadian, tutuwuhan jeung sasatoan kaasup kana dongéng....
Sasakala
Fabél
Babad
Parabél
Gambar di handap ka asup kana dongéng .....
Sasakala
Fabél
Farabél
Sagé
Salah sahiji ciri ciri dongéng nya éta aya kesan pamohalan. Naon nu di maksud pamohalan téh...
Asup akal
Logis
Sumebarna sacara lisan
Teu asup akal
Gambar dihandap kaasup kana dongéng ....
Mitos
Sasakala
Pamuk
Parabél
Carita dongéng téh mangrupa prosa nu di jerona aya unsur tokoh jeung paristiwa atawa kajadian nu kaalaman ku tokohna nepi ka ngawangun hiji...
Monolog
Runtuyan lalakon
Drama
Puisi
Salah sahiji sipat dongéng téh anu dipikaresepeun ku masarakat. Lian ti ngandung naséhat anu hadé ogé jadi...
Komunikasi
Silaturahmi
Pangajaran
Hiburan
Dongéng sok dipaké bahan pangajaran ku kolot ka budakna ku cara didongéngkeun saméméh budak saré. Lantaran dongéng téh...
Amanat moral nu hadé
Caritana babari kaharti
Caritana ramé
Lalakonna pikaseurieun
Si kabayan kaasup kana dongéng ....
Fabél
Parabél
Babad
Sasakala
Unsur-unsur intrinsik dongéng diwangun ku ....
3
6
5
4
Dongéng téh nyaéta ....
Wangun pupuh tur bisa dikawihkeun.
Carita nu pondok tur ramé.
Carita anu palakuna loba tur paripolahna dicaritakeun kawas jelema.
Carita hasil rékaan anu sumebarna sacara lisan ku cara tatalépa ti hiji jalma ka jalma séjénna.
Naon nu dimaksud tatakrama téh ….
Adat sopan santun dina kahirupan sapopoé
Runtuyan acara adat
Aturan basa nu kudu dipaké
Cara dahar nu bener
Lamun nyarita ka guru, urang kudu ngagunakeun basa ….
Loma
Kasar
Lemes
Gaul
Manfaat utama tina ngamumulé tatakrama nyaéta ….
Meunang pujian ti batur
Babari meunang rezeki
Sangkan loba nu mikaresep
Ngalancarkeun hubungan sosial
Mana nu lain ciri tina tatakrama ….
Sopan dina nyarita
Undak-usuk basa
Sopan dina paripolah
Ngomong kasar unggal cpoé
Contoh tatakrama ka kolot nu salah ….
Ngomong kasar
Nyarios kudu lemes
Nurut kana papatah
Ngahormat atawa ngahargaan
Kaasup henteu pantes dilakukeun upama urang keur paguneman téh aya nu .....
Nyarita dibarung ku rengkuh anu merenah
Nyarita dibarung ku lajag léjég jeung poporongos
Nyarita dibarung ku pasémon anu marahmay
Nyarita dibarung ku lentong anu merenah
“Mah, aya nu badé ditaroskeun,” ceuk Atia.
“Naroskeun naon?Ké, Mamahna capé kénéh,” jawab indungna. Geus biasa, lamun tas nyanyabaan, Atia mah sok tetelepék ngeunaan naon-naon anu katénjo atawa nu kaalaman, boh di perjalanan boh di tempat nu dituju. Harita ogé kakara jol pisan tas piknik ti Maribaya.
“Sok, badé naroskeun naon? Mani bangun daria,” ceuk indungna deui, bari neuteup… bréh budak téh mani ngembang céngék.“Kieu, Mah ....., naon margina ari naék mobil sok istri heula, ari lungsur sok pameget heula. Geuning tadi ogé, basa naék angkot, Bapamah tipengker naékna ..... lungsurna mah tipayun,” pokna.
Naon nu jadi téma dina éta paguneman téh?
Naék mobil jeung turun mobil
Indung jeung anak
Tatakrama naek jeung turun tina mobil
Piknik ti Maribaya
Jejer atawa téma dina paguneman téh nyaéta .....
Diatur ku nu nyarita
Bisa naon baé
Diatur ku nu diajak nyarita
Teu bisa sambarangan
Bandi : Nepangkeun nami abdi Bandi
Firas : Abdi Firas. Dupi Bandi kawit ti SD mana?
Bandi : mah ti SDN Margahayu 1. Ari Firas ti SD mana?
Firas : Firas mah ti SDN Tarogong Garut.
Bandi : Euleuh, geuning tebih!
Paguneman di luhur kaasup kana ….
Tatakrama
Biantara
Wawanohan
Kakawihan
Bandi : Nepangkeun nami abdi Bandi
Firas : Abdi Firas. Dupi Bandi kawit ti SD mana?
Bandi : mah ti SDN Margahayu 1. Ari Firas ti SD mana?
Firas : Firas mah ti SDN Tarogong Garut.
Bandi : Euleuh, geuning tebih!
Paguneman di luhur téh ngagunakeun basa ….
Lemes
Loma
Undak-usuk basa
Kasar
