wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

ULANGAN SAJAK

Total questions: 20

Worksheet time: 14mins

Name
Class
Date
1.

Sajak mekar di tatar Sunda taun....

a)

1955

b)

1940

c)

1945

d)

1946

e)

1950

2.

Tokoh anu mimiti ngawanohkeun sajak dina média masa nyaéta....

a)

Yuyu Yuliati

b)

Wahyu Wibisana

c)

Kis WS

d)

Ki Sunda

e)

Sajudi

3.

Munculna polemik sajak di tatar Sunda dimimitian dina koran....

a)

Manglé

b)

Sunda Midang

c)

Sipatahoenan

d)

Giwangkara

e)

Langensari

4.

Munculna sajak nimbulkeun polemik di taun 1950. Ieu di handap mangrupa tokoh anu teu satuju kana asupna sajak di tatar Sunda, nyumput dina sandi asma....

a)

Kis WS

b)

Ki Sunda

c)

Kiswa Wirasasmita

d)

Yuyu Yuliati

e)

Wahyu Wibisana

5.

Dina kamekaranana, sajak nimbulkeun polemik, nyaéta pagedrugna pamadegan entragan kolot (nu teu satuju) jeung entragan ngora (nu satuju) kana mekarna sajak di Sunda. Ieu di handap mangrupa tokoh anu teu panuju asupna sajak ka tatar Sunda dina polemik 2 taun 1955, nyaéeta....

a)

Ki Sunda

b)

Kis WS

c)

Ajip Rosidi

d)

Wahyu Wibisana

e)

Yuyu Yuliati

6.

Ieu di handap mangrupa pangarang anu ngarang kumpulan sajak anu judulna "Lalaki di Tegal Pati" nyaéta....

a)

Ajip Rosidi

b)

Ari Ardiansyah

c)

Sajudi

d)

Godi Suwarna

e)

Apip Mustofa

7.

Ieu di handap mangrupa puisi buhun di tatar Sunda, iwal....

a)

dangding

b)

pupuh

c)

sisindiran

d)

sajak

e)

jangjawokan

8.

Ieu di handap mangrupa ciri-ciri sajak, nyaéta....

a)

ditulis dina wangun prosa

b)

ngandung unsur pamohalan

c)

kauger ku guru lagu jeung guru wilangan

d)

non fiksi

e)

fiksi

9.

Pék baca sempalan sajak ieu di handap!


jungjunan....

pang nangkepkeun eta nyawa

nu indit taya nu nanya

taya tapak na di dunya


angin...

pangngusikeun sapangeusi buana

yen,aya sinatria nuperlaya

di wewengkon langit sunda

....


Eta sajak di luhur kaasup kana sajak....

a)

Epik

b)

Lirik

c)

Naratif

d)

Prosaik

e)

Gimmick

10.

Pék baca sempalan sajak ieu di handap!


jungjunan....

pang nangkepkeun eta nyawa

nu indit taya nu nanya

taya tapak na di dunya


angin...

pangngusikeun sapangeusi buana

yen,aya sinatria nuperlaya

di wewengkon langit sunda

....


Dina baris ka-2 unggal padalisan, ngandung citraan....

a)

Visual

b)

Auditif

c)

Auditorium

d)

Audiovisual

e)

Taktil

11.

Pek baca ieu sajak di handap!

JANTE ARKIDAM


:AJIP ROSIDI


Panonna beureum siki saga

Lengeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Jante Arkidam


Di pangaduanndi kalangan ronggeng

Ngan hiji jagoan

Arkidam, Jante Arkidam


Ti peuting angkeb ku mendung

Jante raja alam petang

Matek aji panarawangan

Manjing ka liang sasoroting sinar

Jaruji beusi pakgade milang ku ramona


Ngagisik hayang sidik

Jante mencrong mantri pulisi:

"Ki Mantri, tindakan andika lelewa bikang

ngabokong jalma keur tibra!"

Arkidam ditalikung leungeun dua

Sorot matana ngentab seuneuan


Samemeh beak poe kahiji

Jante minggat nitih cahya

Kaluar ti panjara


Samemeh cuntuk peuting kahiji

Mantri pulisi nyungseb di dasar walungan

Teu nyawaan


Eta sajak di luhur kaasup kana sajak....

a)

Epik

b)

Lirik

c)

Deskriptif

d)

Dangding

e)

Kauger

12.

Pek baca sempalan sajak di handap!


Panonna beureum siki saga

Lengeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Jante Arkidam


Di pangaduanndi kalangan ronggeng

Ngan hiji jagoan

Arkidam, Jante Arkidam


Ti peuting angkeb ku mendung

Jante raja alam peteng

Matek aji panarawangan

Manjing ka liang sasoroting sinar

Jaruji beusi pakgade milang ku ramona

....


Dina ungkara "Jante raja alam peteng" padalisan ka-3, baris ka-2 ngagunakeun gaya basa....

a)

Hiperbola

b)

Sarkasme

c)

Personifikasi

d)

Metafora

e)

Litotes

13.

Hatena ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat, teu wasa narima kanyataan ngadenge beja bapana tilar dunya.


Dina kalimah di luhur digunakeun majas....

a)

Personifikasi

b)

Litotes

c)

Hiperbola

d)

Metonimia

e)

Metafora

14.

Ieu di handap anu mangrupa adegan batin dina sajak nyaeta....

a)

nada

b)

tipografi

c)

gaya basa

d)

citraan

e)

purwakanti

15.

Ieu di handap anu kaasup kana adegan lahir dina sajak nyaeta....

a)

Citraan

b)

jejer

c)

rasa

d)

wirahma

e)

amanah

16.

Pek baca sempalan sajak ieu di handap!


Kahirupan Mak Anah

Eddo Sy


Ma Anah tukang surabi

sore subuh satia nganti nu meuli

satuhu usaha ngadago rijki

ceuk paribasa najan ngan payu sasiki


Ma Anah dagang surabi

teuing geus ngaliwatan pirang rewu janari

aya rame aya sepi

kauntungan heunteu pasti

....


Purwakanti dina sajak di luhur nyaeta....

a)

a-a-a-a

b)

a-b-c-d

c)

a-o-a-e

d)

s-m-r-s

e)

m-s-s-c

17.

Pek baca sempalan sajak ieu di handap!


Kahirupan Mak Anah

Eddo Sy


Ma Anah tukang surabi

sore subuh satia nganti nu meuli

satuhu usaha ngadago rijki

ceuk paribasa najan ngan payu sasiki


Ma Anah dagang surabi

teuing geus ngaliwatan pirang rewu janari

aya rame aya sepi

kauntungan heunteu pasti

....


Amanah dina sajak di luhur nyaeta....

a)

Kudu dagang sorabi

b)

Diajar nyieun sorabi ka Ma Anah

c)

Usaha taya capena bari dibarengan ku du'a

d)

Dagang teh kudu nu halal

e)

Rijki kudu dianti-anti

18.

Pek baca sempalan sajak ieu di handap!


Kahirupan Mak Anah

Eddo Sy


Ma Anah tukang surabi

sore subuh satia nganti nu meuli

satuhu usaha ngadago rijki

ceuk paribasa najan ngan payu sasiki


Ma Anah dagang surabi

teuing geus ngaliwatan pirang rewu janari

aya rame aya sepi

kauntungan heunteu pasti

....


Diksi "nganti" dina padalisan ka-1 baris ka-2 ngandung harti....

a)

Usaha

b)

Nungguan

c)

Ikhtiar

d)

Leuseuh

e)

ngaladangan

19.

Dina badra Ambu nitipkeun caang

bisi Enung kapoekan

Dina surya Ambu nitipkeun daya

bisi Enung kalempohan

Dina geni Ambu nitipkeun panas

bisi Enung kabulusan

Dina angin Ambu nitipkeun hiliwir

bisi Enung bayeungyang

Dina cai Ambu nitipkeun keclak

bisi Enung hanaang

Dina lemah Ambu nitipkeun panceg

bisi Enung kalinduan

Dina hate Ambu nitipkeun yakin

Enung dina karahayuan

:Mugya


Diksi "Bayeungyang" dina baris ka-8 ngandung harti....

a)

Hareudang

b)

Hanaang

c)

Haus

d)

Lapar

e)

Tiris

20.

Dina badra Ambu nitipkeun caang

bisi Enung kapoekan

Dina surya Ambu nitipkeun daya

bisi Enung kalempohan

Dina geni Ambu nitipkeun panas

bisi Enung kabulusan

Dina angin Ambu nitipkeun hiliwir

bisi Enung bayeungyang

Dina cai Ambu nitipkeun keclak

bisi Enung hanaang

Dina lemah Ambu nitipkeun panceg

bisi Enung kalinduan

Dina hate Ambu nitipkeun yakin

Enung dina karahayuan

:Mugya


Diksi "Hanaang" dina baris ka-10 ngandung harti....

a)

Tiris

b)

Sieun

c)

Haus

d)

Hareudang

e)

Bayeungyang