Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Dongeng,kawih

Total questions: 10

Worksheet time: 30mins

Name
Class
Date
1.

Tengetan

sempalan kawih ieu di handap!

Mawar Bodas

Mapay jalan satapak

Ngajugjug ka hiji lembur

Teu karasa capena

Sabab aya nu ditéang

1.

Upama

padalisan ka-1 jeung ka 2 dina kawih di

luhur ditarjamahkeun kana basa Indonesia anu merenah

nyaéta …

a)

Berjalan

di jalan setapak, menuju ke satu kampung

b)

Berjalan

di jalan kecil menuju ke suatu kampung

c)

Menyusuri

jalan setapak, menuju ke suatu kampung

d)

Menyusuri

lorong kecil, menuju ke satu kampong

e)

Menyusuri jalan kecil, menuju ke suatu kampong

2.

Peke“rjaan tidak

akan pernah selesai dengan baik jika kita mengerjakannya terus menggerutu.”


Kecap menggerutu upama ditarjamahkeun kana basa Sunda, nyaéta

a)

males-malesan

b)

murukusunu

c)

getol

d)

horéam

e)

kukulutus

3.

Baca téks dongéng dihandap ieu

kalawan gemet!

BANGKONG SOMBONG

Kacaritakeun di hiji tempat nyaéta di sisi balong,

loba sato anu ngadon imah-imah, nyarieun liang di dinya. Anu matak lamun reup

peuting teh di dinya sok ramé. Bangkong “kang-kéng-kong”, gaang ngéar, ditéma

ku sora-sora sato séjénna saperti jangkrik jeung cihcir ti jauhna. Malah sora

bueuk ogé aya.

Komo peuting harita mah keur hade caang bulan.

Sakadang Bangkong anu matuh di sisi balong, teu eureun-eureun kang-kéng-kong,

patémbalan jeung sora sato séjénna, kawas anu patarik-tarik. Mangkaning

bangkong jalu jeung geus kolot deuih. Atuh sorana ogé tarik jeung agem.

Keur

ngeunah-ngeunah tetembangan bari diuk dina daun taraté, torojol Sakadang

Kadal, nyampeurkeun ka Sakadang Bangkong. Pok Sakadang Kadal ngomong,

"Pangapunten Sakadang Bangkong, tetembanganana ulah tarik-tarik

teuing!"

"Naha?

Sora-sora kuring, anu tembang-anu tembang kuring, naha maké ulah

tetembangan?" témbal Sakadang Bangkong.

"Lain

ulah tetembangan, ngan ulah tarik teuing wé, Malah mun bisa mahtetembanganana

ulah di dieu!" ceuk Sakadang Kadal deui.

"Naha?

Imah-imah kuring, rék kitu rék kieu, nya kumaha kuring wé atuh!" ceuk

Sakadang Bangkong teugeug.

"Lain

kitu, anak kuring keur gering, perlu istirahat. Tapi ayeuna teu bisa saré,

lantaran kagandéngan ku sora anjeun!" ceuk Sakadang Kadal.

"Éta

mah salah sorangan atuh. Naha maké hayang boga imah deukeut imah kuring? Apan

nyaho kuring mah unggal peuting ogé sok tetembangan!" témbal deui

Sakadang Bangkong.

Unsur pamohalan

nu aya dina sempalan carita dongéng di luhur nyaéta …

a)

Sakadang Kadal nyaaheun pisan ka anakna nu keur gering

b)

saban sato sok pada silih patémbalan peuting-peuting di sisi balong

c)

Sakadang Bangkong cicing dina daun taraté

d)

Sakadang Bangkong nu jalu jeung geus kolot boga sora

agem

e)

Sakadang bangkong bisa tetembangan

4.

Tengetan cuplikan

dongéng-dongéng dihandap ieu!

1)

Si

Kabayan ti barang gék diuk dina korsi geus lelenggutan waé nundutan. Saperti

biasa tukang cukur téh ari ceg kana gunting jeung sisir bari terus ngabuih.

2)

Waktu

Prabu Siliwangi jadi raja di tatar Sunda, nya éta Pajajaran Wétan jeung

Pajajaran Kulon, anjeuna kagungan istri anu jenenganana Nyi kentring Manik

Mayang Sunda anu nuju bobot.

3)

Baheula

Islam mimiti asup ka wewengkon Rancakalong, dibawana ku tilu jalma sepuh ti

Cirebon, nya éta nu katelah Éyang Purwa, Éyang Singalanto jeung Éyang Bagus

Pangéling.

4)

Dina

hiji dinten putri aya pamundut, tapi ku raja atanapi ramana teu tiasa

ditedunan. Atuh gantawang waé nyeuseulan séséépan. Inten berlian pamasihan

ramana diawur-awurpayuneun ramana.

5)

Kacaritakeun

sakadang monyét ngajak ngala cabé ka

sakadang kuya, ngalana teh di kebon

patani, waktu keur ngala cabé kapanggih ku patani sakadang monyét mah

bisaeun kabur ari sakadang kuya mah

katéwak ku patani sabab teu bisa lumpat.

Sempalan

dongéng di luhur nu kagolong kana wangun sagé nyaéta….

a)

1

b)

2

c)

3

d)

4

e)

5

5.

Amanat nu jadi picontoeun nu luyu jeung

dongéng "bangkong" nyaéta …

a)

jadi jalma kudu bisa ngahargaan batur

b)

jadi jalma teu meunang égois

c)

jadi jalma tong sombong

d)

ulah sok tetembangan tarik teuing


j

e)

jadi jalma kudu bisa tetembangan

6.

Dihandap ieu mangrupa hal-hal

nu aya dina struktur laporan kegiatan, kayaning :

(1)

Kasang Tukang

(2)

Wengkuan Kagiatan

(3) Maksud jeung Tujuan

(4) Dasar Hukum

Susunan bubuka laporan

kegiatan anu bener nya éta ….

a)

(1), (3), (4), (2)

b)

(2), (4), (3), (1)

c)

(1), (4), (3), (2)

d)

(4), (2), (1), (3)

e)

(3), (1), (2), (4)

7.

Titénan sempalan ieu sajak di handap!

Do’a

Karya : Apip Mustopa

Junjunan

Pangnangkeupkeun éta nyawa

Nu indit taya nu nanya

Taya tapakna di dunya

Angin

Pangusikkeun sapangeusi buana

Yén aya sinatria nu perlaya

Diwewengkon langit Sunda

Ungkara “angin,

pangusikkeun sapangeusi buana”, disawang tina gaya basana, ka asup gaya

basa …

a)

babandingan (métapora)

b)

rarahulan (hiperbola)

c)

ngasor (litotés)

d)

rautan (eupimismeu)

e)

mijalma (personifikasi)

8.

Titénan sempalan ieu sajak di handap!

Tanah Sunda

Karya: Ajip Rosidi

…..

Langit hibar lembur musnah

Walungan banjir ku getih

Sawah ruhay huma burahay

Angin ngahiuk peurahan pitnah

Héjo pagunungan paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan

Héjo pagunungan paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman

…..

Nalika maca sajak Tanah Sunda, nada/wirahma nu karasa nya éta…

a)

Bungah

b)

Keueung

c)

Dedepeun

d)

pikatajieun

e)

pikalucueun

9.

Titénan sempalan ieu sajak di handap!

Janté Arkidam

Karya: Ajip Rosidi

Panon beureum siki saga

Leungeunna seukeut lalancip gobang

Niplasan badan palapah gedang

Arkidam, Janté Arkidam

Di pangaduan di kalangan ronggéng

Ngan hiji jagoan

Arkidam, Janté Arkidam

Ti peuting angkeub ku mendung

Janté raja alam peteng

Matek aji panarawangan

Manjing ka liang sasoroting sinar

Jaruji beusi pak gadé milang ku ramona

…..

Disawang tina eusi anu nyangkaruk dina

sajak “Janté Arkidam” di luhur, éta sajak téh ngagambarkeun…

a)

Salasaurang tokoh jawara anu leungeuna seukeut

b)

Salasaurang tokoh anu miboga panon beureum

c)

salasaurang tokoh jawara anu asup ka jaruji beusi

d)

Salasaurang tokoh anu kawéntar ku kajagoanana

e)

Salasaurang tokoh anu kakara kaluar ti jaruji beusi

10.

Baca ieu teks

biantara di handap!

Cai dina Angen-angen Urang Sunda


(a) Assalamu’alaikum


(b) Sadaya puji kagungan Alloh Nu Murbéng

Alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang

sadaya, Nabi Muhammad SAW.

(c) Langkung tipayun simkuring ngahaturkeun

rewu nuhun, réhna simkuring dipasihan kasempetan kanggo ngadugikeun biantara

perkara “Cai dina Angen-angen urang Sunda”


(d) Cai téh dianggap kabutuhan anu utama. Ku

pentingna cai,nepi ka dina kahirupan urang Sunda teu weléh dipatalikeun jeung

alam pangpangna jeung cai, katitén tina ngaran patempatan anu aya patalina

jeung cai. Contona waé, Cinangka, Cicaheum, Cimahi, tiluanana gé dimimitian

ku kecap ci. Lain waé tempat, ku penting-pentingna cai dina kahirupan urang

Sunda, aya tradisi ngatur cai keur tatanén atawa ngebon. Di pilemburan jalma

nu ngatur cai téh disebutna ulu-ulu.


(e) Hadirin anu sami rawuh,Salajengna

perkara pentingna cai dina kahirupan urang Sunda, bisa kacrukcruk ogé tina

paribasa. Gening aya paribasa kieu “ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi

salebak”.

(f) Mung sakitu nu kapihatur, hapunten bilih

aya saur nu teu kaukur basa nu teu karéka. Hatur nuhun.

(g) Wassalamu’alaikum.

Ungkara anu luyu jeung eusi biantara di

luhur nyaéta.....

a)

Patempatan di tatar Sunda asalna lain

tina cai

b)

Kahirupan manusa tara dipatalikeun jeung

alam

c)

Kahirupan moal lumangsung lamun taya

cai.

d)

Cai téh dianggap kabutuhan nu teu pati penting

e)

Kahirupan urang Sunda dipatalikeun jeung

cai