NEW
Font size
WorksheetsDongeng Bagian ka-1
Total questions: 20
Worksheet time: 7mins
Jaman baheula, baheulaning baheula, di sabudeureun Jatiluhur Purwakarta ayeuna, masih kénéh loba leuweung geledegan. Leuweung ganggong simagonggong, leuweung si sumenem jati.
Bener
Salah
Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng. Bulu kumisna jeung janggotna sagedé-gedé tambang injuk. Buukna gimbal, kakara oyag lamun katebak angin baliung. Éstu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan.
Bener
Salah
Hiji mangsa, sang Jonggrang Kalapitung hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Sanggeus ngahuleng sakedapan, taya deui carana iwal ti kudu menta tulung ka urang lembur nu aya di sisi walungan Citarum, nya éta Lembur Cisarua.
Bener
Salah
Paménta Jonggrang Kalapitung ditedunan ku urang lembur. Terus baé atuh digarawéan babarengan, gotong royong rempug jukung nyieun useup raksasa. Sanggeus mangbulan-bulan, useup téh jadi. Gedéna sagedé jangkar kapal cai, tali useupna ku tambang dadung anu panjangna puluhan méter.
Bener
Salah
Nepi ka ayeuna tempat saréna Jonggrang Kalapitung téh masih aya, anu ku urang dinya mah disebut batu korsi. Malah ceuk sakola mah, éta téh tempat babadamian bangsa lelembut, kaasup basa Sangkuriang ngayakeun babadamian jeung siluman-siluman nu rék ngabendung Citarum pameredih Dayang Sumbi.
Bener
Salah
Gancangna carita, éta useup téh terus baé digotong ka birit lembur rék dipasrahkeun ka Jonggrang Kalapitung. Ari srog, kasampak anu ngéngkén useup téh keur saré kérék gagauran luhureun batu cadas anu lémpar tur nyusun saperti bangku jeung korsi, sisi Citarum.
Bener
Salah
Nenjo anu nyegrék gaguran, saurang ogé euweuh anu wani ngahudangkeun. Sanggeus sabulan didagoan, kakara Jonggrang Kalapitung nyaring. Hudang bari gigisik. Manéhna kagét loba jelema di sabudeureunana.
Bener
Salah
Hulu sapi dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup. Lung baé dialungkeung ka Walungan Citarum, lebah leuwi nu pangjerona. Talina diulur nepi ka manéhna kari nyekel tungtungna.
Bener
Salah
Jonggrang Kalapitung nguseup bari teu dilalajoan ku sakabéh pangeusi lembur. Diuk ngajégang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedéna.
Bener
Salah
Salila sabulan manéhna ngajega kitu; nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paéh anu ku urang dinya disebut “sarang”. Anu matak nepi ka ayeuna gunung téh nelah baé Gunung Bongkok, ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Désa Cisarua, Jatiluhur.
Bener
Salah
Dongéng téh carita rékaan (fiksi) anu ngandung hal-hal pamohalan. Upamana baé sasatoan jeung tatangkalan boga paripolah sarta bisa ngomong kawas jelema, parahu jadi gunung, atawa jelema jadi maung kajajadén. Dongéng kaasup kana karya balaréa, lantaran henteu kanyahoan anu ngarangna.
Bener
Salah
Unggal wewengkon miboga dongéng séwang-séwangan anu raket patalina jeung kaayaan tempat katut kapercayaan masarakatna. Éta sababna dongéng mangrupa bagian tina folklore (carita rayat).
Bener
Salah
Dongéng “Jonggrang Kalapitung” mangrupa dongéng anu asalna ti wewengkon Kabupatén Purwakarta, patali jeung asal-usul ngaran tempat jeung kaayaan nu aya di éta wewengkon.
Bener
Salah
Di wewengkon séjén ogé aya dongéng anu samodél kitu téh. Di antarana baé:
1. “Sasakala Gunung Geulis” ti Kabupatén Bandung.
2. “Sasakala Gunung Tangkubanparahu” ti Kabupatén Bandung Barat.
Bener
Salah
Upama ditilik tina wangunna, dongéng téh aya anu panjang, aya ogé anu pondok. Dongéng anu panjang contona “Jonggrang Kalapitung”. Ari dongéng anu pondok upamana baé “Si Kabayan Ngala Nangka”.
Bener
Salah
Dongéng sasatoan, nya éta dongéng anu palakuna sasatoan.
Contona:
(1) “Sakadang Kuya jeung Sakadang Monyét”
(2) “Peucang Keuna ku Leugeut”
Bener
Salah
Dongéng sasakala, nya éta dongéng anu aya patalina jeung asal-muasalna hiji tempat, barang, atawa hal séjénna.
Contona:
(1) “Sasakala Gunung Tangkubanparahu”
(2) “Sasakala Gagak Buluna Hideung”
Bener
Salah
Dongéng sajarah, nya éta dongéng anu aya patalina jeung tokoh-tokoh sajarah atawa patempatan anu ngandung sajarah.
(1) “Hanjuang di Kutamaya”
(2) “Arca Domas”
(3) “Syéh Maulana Akbar”
Bener
Salah
Dongéng jalma biasa, nya éta dongéng anu palakuna jalma biasa.
(1) “Si Kabayan Ngala Roay”
(2) “Cikaracak Ninggang Batu, Laun-laun Jadi Legok”
Bener
Salah
Ngadongéng téh mangrupa salasahiji kaparigelan nyarita. Ngadongéng henteu sarua jeung maca dongéng. Anu matak dina ngadongéng mah urang kudu bener-bener apal kana dongéng anu rék didongéngkeun.
Bener
Salah
