Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Pupuh, Guguritan, jeung Tembang

Total questions: 21

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Kacatur Arman jeung Andi,

Budak sakola ti kota,

di kelas ngan heureuy bae,

diajar sakahayangna,

lamun dipapatahan,

tara ieuh daek nurut

dasar adatna wangkelang


Aya sabaraha padalisan pupuh di luhur?

a)

6

b)

7

c)

8

d)

9

2.

Hiji poe baradami,

eta budak nu duaan,

arek arulin ka warnet,

kajeun bolos ti sakola

teu mikir akibatna,

nurut laku nu teu puguh,

kaleungitan akal sehat,


Guru wilangan padalisan ka opat pupuh di luhur nya éta ….

a)

7

b)

8

c)

9

d)

10

3.

Caritana enggeus nepi,

ka warnet di deukeut pasar,

lumayan tempatna rame,

puguh da loba nu dagang,

Andi kadua Arman,

di warnet diukna nyumput,

meureun sieun kanyahoan.


Guru lagu padalisan ka genep pupuh di luhur nya éta ….

a)

a

b)

i

c)

u

d)

e

4.

Éling-éling masing éling,

rumingkang di bumi alam,

darma wawayangan baé,

raga taya pangawasa,

lamun kasasar lampah,

napsu nu matak kaduhung,

badan anu katempuhan.


Dumasar patokanana, pupuh di luhur teh pupuh asmarandana, éta pupuh mibanda watek….

a)

bungah

b)

diarep-arep

c)

silih asih

d)

pasea

5.

Bu guru naros taliti,

narosna teh lantip pisan,

barudak teh eleh deet,

balaka budak nu dua,

ngahaja internetan,

di pasar rada beh juru,

anu nyanghareup ka wetan


Dumasar patokanana, pupuh di luhur nya éta ….

a)

kinanti

b)

sinom

c)

asmarandana

d)

dangdanggula

6.

Jumlah pupuh anu dipaké pikeun dadasar nyusun guguritan, nya éta ….

a)

16

b)

17

c)

18

d)

19

7.

Anu kaasup pupuh sekar ageung, nya éta.…

a)

kinanti, sinom, asmarandana, dangdanggula

b)

kinanti, sinom, asmarandana, durma

c)

kinanti, sinom, balakbak, durma

d)

kinanti, maskumambang, balakbak, durma

8.

Jumlah pupuh sekar alit nya éta ….

a)

10

b)

11

c)

12

d)

13

9.

Pupuh teh karya sastra ugeran, patokanana, nya eta....

a)

watek, guru lagu, guru wilangan, padalisan dina tiap pada

b)

jumlah engang, cangkang, eusi, purwakanti

c)

wirahma jeung diksi

d)

jumlah engang, purwakanti, jumlah padalisan

10.

Guguritan téh karangan dina wangun pupuh anu pondok. Disebut pondok sotéh mun seug dibandingkeun jeung karangan dina wangun pupuh séjénna anu panjang, nya éta….

a)

sajak

b)

sisindiran

c)

pupujian

d)

wawacan

11.

Guguritan téh mangrupa karya sastra sampeuran, pangaruh tina sastra ….

a)

Belanda

b)

Melayu

c)

Jawa

d)

Bugis

12.

Istilah seni tembang téh asalna mah disebut seni mamaos, kabéhnieunakeun disebut tembang sotéh, nya éta dina taun ….

a)

1922

b)

1932

c)

1942

d)

1952

13.

Di masarakat kalobaan, istilah tembang téh sok disebut ogé cianjuran, ieu hal lantaran …

a)

lagam cianjuran mangrupa lagam anu panghadéna

b)

tembang téh lahirna di Cianjur

c)

loba juru mamaos anu dumuk di Cianjur

d)

para ahli tembang loba dumuk di Cianjur

14.

Waditra anu ilahar dipaké dina tembang nya éta ….

a)

kacapi indung, kacapi rincik, suling/rebab

b)

bonang jeung goong

c)

dogdog

d)

kendang, suling, goong

15.

Dina nganggit rumpaka tembang teu bisa sagawayah, kauger ku patokan nu tangtu, lantaran rumpaka tembang téh umumna dina wangun …

a)

pupuh

b)

sajak

c)

dongeng

d)

carpon

16.

Tembang téh mimiti sumebarna waktu pamaréntahan bupati Cianjur RAA. Kusumaningrat (1834 – 1864). Anjeunna katelah Kangjeng Pancaniti, disebut Kangjeng Pancaniti lantaran ….

a)

RAA. Kusumaningrat kalintang mikaresep Pancaniti

b)

Pancaniti jaman RAA. Kusumaningrat jadi puseur kagiatan pamarentahan

c)

RAA. Kusumaningrat anu ngawangun Pancaniti

d)

RAA. Kusumaningrat remen nyipta tembang di hiji wangunan anu ngaranna Pancaniti

17.

Bahan tembang, téh asalna tina sababaraha seni sora Sunda, nya éta …

a)

pantun, beluk, degung, macapat jawa

b)

kawih, pupujian

c)

sisindiran, kawih, degung

d)

pupuh, sisindiran, kawih

18.

Lian ti dijadikeun hiburan anu sifatna profit atawa kauntungan fungsi tembang kiwari bisa dijadikeun identitas jeung kareueus budaya Sunda. Sedengkeun dina awal kamekaranana fungsi tembang téh nya éta ….

a)

pikeun alat siluturahmi di kalangan ménak

b)

pikeun kapentingan sosial

c)

pikeun kapentingan panalungtikan

d)

jadi alat ngalawan penjajah

19.

Ieu di handap sababaraha lagam tembang, iwal ….

a)

Cianjuran

b)

Ciawian

c)

Garutan

d)

Cirebonan

20.

Dina awal kamekaranana, anu ngahaleuangkeun tembang téh ….

a)

kaum lalaki

b)

kaum istri

c)

lalaki jeung istri

d)

barudak

21.

Istilah atawa sesebutan pikeun anu ngahaleuangkeun tembang disebut ….

a)

sinden

b)

juru kawih

c)

juru mamaos

d)

juru waditra