wayground logo

Free Printable Worksheets

NEW

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Panata Acara

Total questions: 20

Worksheet time: 11mins

Name
Class
Date
1.

Kecap kantétan téh dina seuhseuhanana mah kecap anu…

a)

Diréndéngkeun

b)

Dirobah sorana

c)

dibalikan deui

d)

dirarangkenan

2.

Panata acara sok disebut ogé…

a)

Protokol

b)

Pangjejer

c)

narasumber

d)

panumbu catur

3.

Pancén panata acara téh di antarana…

a)

Méré pangbagéa kana lumangsungna acara

b)

Muka jeung nutup acara

c)

Nangtukeun nu ngeusi acara

d)

Ngawakilan panata calagara

4.

Anu pangheulana diucapkeun ku panata acara nya éta…

a)

Ngucapkeun panuhun ka panata calagara

b)

Ngucapkeun pangwilujeng ka nu hadir

c)

Ngucapkeun salam bubuka

d)

Ngucapkeun salam panutup

5.

Anu ditataan ku panata acara dina bubukana nya éta…

a)

Anu ngahadirkeun éta acara

b)

Réngréngan panata calagara

c)

Runtuyan kagiatan panata calagara

d)

Runtuyan acara ti mimiti nepi ka lekasan

6.

Pembawa acara atawa panata acara (bahasa

Inggris: master of ceremony disingkat MC) nyaéta jalma anu pancénna mingpin hiji acara. Misalna dina acara panggung pagelaran hiburan, pernikahan, jeung acara lianna boh formal atawa informal. https://id.wikipedia.org/wiki/Pembawa_acara

a)

Bener

b)

Salah

7.

Tugas pemandu acara: ngatur hiji acara sangkan lumangsung kalayan tartib tur lancar, sangkan acara lumangsung luyu jeung jadwal anu geus ditangtukeun.

a)

Bener

b)

Salah

8.

Aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun , sangkan dina prakna bisa lancar, di antarana:

1) Apal kana acara anu rék dilaksanakeun

2) Kudu nyaho saha baé nu baris hadir dina éta acara

3) Kudu apal saha nu baris biantara dina éta acara.

4) Kudu apal kana runtuyan acara sagemblengna.

5) Kudu apal saha waé nu baris mingpin atawa ngeusian acara anu geus ditangtukeun.

6) Kudu apal akan runtuyan acara, anu biasana geus disusun ku panata calagara.

a)

Bener

b)

Salah

9.

Dina rapat, gempungan, atawa ceramah susunan acarana téh biasana mah sok kieu:

1) Bubuka, biasana sok langsung dibuka ku panata acara.

2) Biantara poko (utama) pikeun ngadadarkeun pasualan nu baris dirapatkeun.

3) Tanya jawab

4) Ngasongkeun rumusan hasil rapat.

5) Panutup, biasana sok langsung ku panata acara.

a)

Bener

b)

Salah

10.

Dina prakna, aya sawatara hal anu kudu dipaliré upama urang jadi panata acara, di antarana:

1) Sorana kudu bedas jeung béntés

2) Létong jeung wirahmana merenah

3) Miboga panagweruh nu jembar kana éta acara.

4) Miboga kamampuh ngaréka basa pikeun bumbu pangirut.

5) Surti kana suasana jeung kahayang hadirin

6) Miboga sikep nu hade, anu ngawengku tatakrama, paroman, jeung réngkak paripolah liana.

7) Miboga kamampuh pikeun ngahirupkeun suasana.

a)

Bener

b)

Salah

11.

Kecap kantétan nya éta kecap anu diwangun ku cara ngantétkeun kecap jeung kecap, kecap jeung cakal, atawa cakal jeung cakal, sarta miboga harti mandiri anu béda jeung unsur pangwangunna.

a)

Bener

b)

Salah

12.

Ciri-ciri kecap kantétan di antarana:

1) Mibanda harti anu béda tina masing-masing unsur pangwangunna.

2) Runtuyan unsur-unsurna henteu bisa dirobah.

3) Upama dirarangkénan keuna kana sakabéh unsur kecapna.

4) Upama dirajék keuna kana sagemblengna unsur kecapna.

a)

Bener

b)

Salah

13.

Nilik kana unsur pangwangunna, kecap kantétan téh aya anu mangrupa:

1. Kantétan kecap jeung kecap, contona: lemah cai.

2. Kantétan kecap jeung cakal, contona: kurang ajar.

3. Kantétan cakal jeung cakal, contona: huleng jentul.

4. Kantétan kecap jeung morfém unik, contona: lulus banglus.

5. Kantétan anu unsur-unsur pangwangunna henteu sagemblengna produktif, contona: dulang tinandé.

a)

Bener

b)

Salah

14.

Hiji kecap bisa disebut kecap kantétan upama…

a)

Henteu ngarobah harti kecap unsur-unsur pangwangunna

b)

Ngarobah harti kecap unsur-unsur pangwangunna

c)

Bisa dirobah unsur-unsur pangwangunna

d)

Bisa diselapan ku kecap séjén anu hartina sarua

15.

Kecap kantétan anu diwangun ku kantétan kecap jeung kecap nya éta…

a)

Sabar darana

b)

Konéng umyang

c)

adug songkol

d)

héjo tihang

16.

Kecap kantétan anu diwangun ku kantétan kecap jeung cakal nya éta…

a)

Kagok asong

b)

Héjo carulang

c)

dulang tinandé

d)

ulang ngapak

17.

Kecap kantétan anu mangrupa gabungan kecap jeung morfém unik nya éta…

a)

Hésé béléké

b)

Anjang sono

c)

dulang tinandé

d)

julang ngapak

18.

Kecap kantétan anu mangrupa babasan nya éta…

a)

Bumi gedé

b)

Jalma gedé

c)

gedé hulu

d)

gedé sirah

19.

“Mugi-mugi baé sing lulus…hasil anu dimaksad”

Sangkan jadi kecap kantétan anu merenah, kecap lulus kudu dikantétkeun jeung kecap…

a)

Rahayu

b)

banglus

c)

ujian

d)

ulangan

20.

“Néng Amanda mah amis…., ka sasaha téh sok seuri baé”

Sangkan jadi kecap kantétan anu merenah, kecap amis kudu dikantétkeun jeung kecap…

a)

Haseum

b)

Tiis

c)

budi

d)

basa