NEW
Font size
WorksheetsPTS Basa Sunda kelas 8 D (susulan)
Total questions: 20
Worksheet time: 2hrs 40mins
Mawa kuda ka Cibabat,
Mawa kaldé ka Cigadung.
Mun urang jadi pajabat,
Kahadé ulah adigung.
Conto ungkara Sisindiran di luhur, nya éta...
Paparikan, eusi silih asih
Paparikan, eusi piwuruk
Rarakitan, eusi sésébréd
Rarakitan, eusi piwuruk
Anu lain wangun Sisindiran nya éta...
Paparikan
Rarakitan
Pupujian
Wawangsalan
Kembang bodas buah bunder,
Ngaheruk nya pipikiran.
Wangsal tina wawangsalan di luhur nya éta...
Jambu
Kacapi
Rambutan
Jeruk
Sisindiran anu diwangun ku dua padalisan, hiji cangkang jeung hiji eusi, anu kudu dijawab pikeun wangsalna disebut...
Sisindiran
Wawangsalan
Paparikan
Rarakitan
Kamana si kalong hideung,
teu kadeuleu-deuleu mandi.
Kamana si Jangkung hideung,
Teu deuleu néang abdi.
Conto sisindiran di luhur téh nya éta...
Paparikan, eusi silih asih
Paparikan , eusi sésébréd
Rarakitan, eusi silih asih
Rarakitan, eusi sésébréd
Anu ngabédakan rarakitan jeung paparikan nya éta...
Diwangun ku opat padalisan
Aya cangkang jeung eusi
Paparikan jeung rarakitan aya sora nu deukeut
Dina rarakitan kecap awal dibalikkan deui.
Kecap sisindiran ditilik tina adegan kecap, asalna sindir anu robah jadi...
Kecap rajékan dwi purwa + rarangkén tukang
Kecap rajékan dwi murni + rarangkén tukang
Kecap rajékan dwi réka + rarangkén hareup
Kecap rajékan dwi lingga + rarangkén hareup
Di handap mangrupa conto kecap rajékan dwi réka nya éta...
Umat-imut, kuda-kuda
Blag-blig-blug, dag-dig-dug
Tulas-tulis, tulang-taléng
Sasapu, papatong
Kalimah anu caritaanana anu diwangun ku kecap pagawéan disebut...
Kalimah Barang
Kalimah Pagawéan
kalimah Bilangan
Kalimah Sipat
Di handap mangrupa conto kalimah barang nya éta...
Pa Bupati ngaresmikeun Kebon Raya
Tabungan Doni geus aya dua juta
Néng Méli meni geulis.
Bapana téh pulisi di Rumpin.
Adegan kalimah teh gumantung kana...
Jejer
Caritaan
Objek
Katerangan
Lagu Mojang Priangan teh eusina nyaritakeun...
Kaendahan alam
Nyaah ka sasama
Nyaah ka lemah cai
Pasipatan jalma
Wangun sisindiran kapanggih dina rumpaka kawih Sunda kiwari, saperti nu aya dina lagu...
Bubuy Bulan
Mojang Priangan
Tanah Sunda
Budak Jalanan
Sajak-sajak anu dijadikeun rumpaka lagu disebut...
Papantunan
Musikalisasi puisi
Kakawihan
Rumpaka sajak
Katerangan atawa beja ngeunaan hiji kajadian atawa hiji hal anu ditepikeun ku balarea ngaliwatan media massa, disebut...
Pidato
Kawih
Warta
Paragraf
Dina warta aya unsur-unsur anu disebut...
W + H
5W + 1H
5H + 1W
5WH + 5 H
Eusi warta teh kudu netral, maksudna...
Teu meunang mihak ka pingpinan
Teu meunang mihak ka balarea
Teu meunang mihak ka salasahiji pihak
Teu meunang mihak ka nu boga media
Upama urang hayang nyaho poko-pokona warta, baca bae bagian...
Puhu wartana
Kateranganana
Eusi wartana
Judul warta
Hiji kajadian atawa hal bisa dijadikeun warta, upama eta hal teh dianggap...
penting pikeun dipikanyaho ku balarea
biasa teu nyumponan kapanasaran balarea
teu bisa nyumponan kapasaranan balarea
penting pikeun kulawarga urang
Dina seuhseuhanana mah warta teh dijieun dina wangun...
lisan
tinulis
kajadian
carita
