Wayground logo

Free Printable Worksheets

Font size

S
M
L
XL
Worksheets

Bahasa Sunda_ Carita Pondok

Total questions: 20

Worksheet time: 16mins

Name
Class
Date
1.

Nu dimaksud carita pondok téh nyaéta...

a)

carita anu panjangna saperti novel

b)

carita ngeunaan kajadian nyata dina kahirupan

c)

carita ngeunaan lalampahan hiji jalma

d)

carita rekaan pondok tur ngandung hiji masalah utama

2.

Kumpulan carita pondok dina basa Sunda mimiti medal dina taun

a)

1990

b)

1930

c)

1945

d)

1929

3.

Kumpulan Carita pondok dina bahasa Sunda nu munggaran nya éta ...

a)

Teman duduk

b)

Dogdog pangréwong

c)

Kembang petingan

d)

Jajatén ninggang papastén

4.

Unsur intrinsik dina carita pondok nyaéta...

a)

pangarang, judul, waktu medal

b)

amanat, latar, téma, galur

c)

resensi, sinopsis, konflik

d)

kasang tukang, téma, galur

5.

Nu dimaksud palaku dina carita pondok téh mangrupakeun...

a)

jalma nu nyieun carita

b)

jalma nu sok jadi musuh dina carita

c)

jalma nu sering muncul jeung nyanghareupan masalah

d)

jalma nu ukur muncul sakeudeung

6.

Pék baca ieu carita sempalan di handap pikeun ngajawab soal no 6 - 8!

Pancén matuh balik sakola ngangon téh. Lamun elat sok sering teu kaburu dahar-dahar acan da saeusi kandang tingbérélé. Ukur disalin, garudas-garidus nimbel tuluy ngencarkeun. Ngadon papaharé di pangangonan.

Ayeuna gé teu dahar heula. Jeung babaturan mupakat rék ngaliwet. Béas sagelas kurang, kastrol, jeung bawang beureum opat sihung dihijikeun tuluy dijingjing.

Nempo kuring turun tina golodog, Si Danten teu sirikna surak mun jelema mah. Panto kandang digadilan. Dua anakna anu keur meujeuhna kumincir ajrét-ajrétan. Embé téh kabéhanana lima. Si Danten kaasup turunan deres, mun anakan teu weléh dua-dua baé. Keur anakan dara kétang ngan hiji, bubuhan kakara diajar. (Agus Sugianto, carita sunda.com)

6. Tina sempalan carita di luhur puseur sawangan nu dipaké ku pangarang nya éta …


a)

jalma katilu

b)

jalma kadua

c)

jalma kahiji

d)

jalma réa

7.

Pangarang éta carita nya éta ...

a)

carita sunda.com

b)

Agus Sugianto

c)

Si Danten

d)

Kuring

8.

Nu jadi palaku utama tina éta carita

a)

Si Danten

b)

Kuring

c)

anakna

d)

babaturan

9.

Nu dimaksud amanat dina carita pondok nya éta ...

a)

jalana carita

b)

latar tempat jeung waktu kajadian

c)

masalah nu aya dina carita

d)

pesen nu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca

10.

Unsur - unsur intrinsik carita pondok nya éta ...

a)

latar, palaku, konflik

b)

latar, amanat, tema

c)

latar, diksi, amanat

d)

latar, penerbit, jumlah kecap

11.

Ide/pikiran utama tina carita pondok disebut ...

a)

judul

b)

amanat

c)

téma

d)

puseur sawangan

12.

Galur nu dimimitian ku nyaritakeun heula kajadian baheula disebut ...

a)

galur mérélé

b)

galur campuran

c)

galur maju

d)

galur mundur

13.

Pek baca ieu sempalan carita di handap  pikeun ngajawab soal no 13 -15!

Uing lumpat asa jingjet. Pas ditempo horéng full sapatu katuhu aya nu coplok sadua-dua. Mangkaning uing jeung Si Tarman posisina bék. Atuh basa musuh nyodorkeun bola balap téh teu kaudag. Penyerang Ciruluk langsung pahareup-hareup jeung kiper, digilekkeun saeutik gé gul!

Gul kadua gé teu béda. Bola dibalapkeun ka sayap. Si Tarman ngudag tipepereket. Pamaén lawan kaburu ngirim umpan silang. Uing nu kuduna luncat ngahalangan striker kalah ngagaléong. Gul!

"Ulah overlapping teuing! Gancang turun!" Kang Anang ngagorowok ka Si Tarman.

"Ari overlapping téh naon?" cénah ngaharéwos hah-héh hoh. Uing gideug bari jumarigjeug.

Si Sad nyampeurkeun. "Cilaka, euy! Urang nincak lombang nu aya caian," cénah.

Uing mencrong teu ngarti.

"Koran ganjel leyur kabaseuhan." Si Sadi ngaléos, leumpangna satengah diséréd. Sapatuna kokoplokan.

Kasabelasan uing meunang tendangan bébas. Aya saméter mah luareun kotak pinalti. Bagéan Si Sadi ieu mah. Manéhna nu bisa sépakan melengkung. Si Sadi rét deui rét deui ka uing. Siga nu ragu-ragu.

Galur nu dipaké dina carita di luhur nya éta ...


a)

galur mérélé

b)

galur campuran

c)

galur maju

d)

galur mundur

14.

Nu jadi téma tina sempalan carita nya éta ...

a)

pertandingan voli

b)

turnamén maén bal

c)

jawara tarkam

d)

jawara silat

15.

Palaku dina éta carita nya éta

a)

Uing, Si Tarman, Si Sadi, Kang Anang

b)

Uing

c)

Si Tarman

d)

Uing jeung Kang Anang

16.

Runtuyan kajadian dina carita pondok disebut ...

a)

puseur sawangan

b)

amanat

c)

galur

d)

tema

17.

Kecap nu nuduhkeun kalakuan/ pagawean disebut

a)

kecap barang

b)

kecap pagawean

c)

kecap sifat

d)

kecap kantetan

18.

Nu kaasup kalimah pagawean pasif nya eta ...

a)

Asep najong bal satarikna

b)

Bal ditajong ku Asep satarikna

c)

Bal katajong ku Asep

d)

Asep titajong kana Bal

19.

Kecap nu make rarangken ti- nu hartina teu dihaja nya eta

a)

ti sakola

b)

ti kamari

c)

ti ninina

d)

tigebrus

20.

Ayeuna mah presiden teh dipilih langsung ku rahayat. kecap dipilih asal kecapna nya eta ...

a)

milih

b)

pilih

c)

milihan

d)

pamilihan